Pa Juanda téh anu munggaran jadi Kapala Jawatan Kareta Api Nasional, sabada nagara urang merdéka. Harita mah karéta api téh mangrupa angkutan umum anu popilér, tur dianggap kacida pentingna Lain baé dipaké ku rahayat biasa, tapi ogé dipaké pikeun kapentingan militer jeung parapamingpin bangsa.
Tapi kaayaan karéta api jalan harita, geus ramijud ti Jaman Jepang mula. Gerbong-ger¬bongna kalotor jeung raruksak. Lokomotipna réa anu mogok. Erélna ogé réa anu bajréd, loba sasakna anu runtag deuig, pangpangna mah akibat tina perang. Geus puguh lebah administrasina mah, jajauheun kana bisa disebut tartib téh.
Acan polah panumpangna deuih. Mun tumpak karéta api téh sangeunahna. Pajejel, pinuh nepi ka hulu-huluna. Loba anu dariuk di luhureun ger¬bongna. Copét, bangsat, sarta anu baramaén pagaliwota jeung panumpang. Tah, Pa Juanda téh kapapancénan kudu ngabebenah éta kabéh. Kalawan wijaksana Pa Juanda mémérés pasualan sabudeureun perkerétaapian harita.
Sikepna anu tenang, kalem, tapi tegas; tétéla matih pikeun ngungkulan éta pasualan. Karéta api eungkeut-eungkeut kana reugeujeug. Atuh administrasina ogé mimiti tartib deuih. Pa Juanda geus bisa ngahijikeun unit éksploitasi Jawa Barat, Jawa Tengah, jeung Jawa Timur. Saméméhna mah éta tilu unit utama téh, miboga aturan séwang-séwangan, anu sakapeung mah patojaiah pisan.
Ku lantaran dianggap suksés mingpin Jawatan Karéta Api Nasional, Pa Juanda diangkat jadi Menteri Muda Perhubungan, anu garapan pokona ngabawah urusan karéta api. Teu mangkuk sataun ti harita, naék deui jabatanana jadi Menteri Perhu¬bungan. Ayeuna mah teu ngurus kareta api wungkul, tapi ngabebenah sakumna masalah perhubungan. Jelas henteu gampang, jauh jeung ayeuna mah. Jalan jeung jambatan loba nu ancur alatan perang.
Di dinya Pa Juanda ogé dianggap suksés, terus diangkat jadi Menteri Pekerjaan Umum. Pa Juanda ogé kungsi jadi Menteri Negara,ditéma ku jadi Menteri Kemakmuran; taun 1950 balik deui kana urusan perhubungan, Pa Juanda diangkat deui Menteri Perhubungan, Tah, harita muncul¬na istilah “Goyang Juanda” téh.
Caritana kieu: Pikeun ngaronjatkeun ajen kareta api di urang, Kementrian Perhubungan meuli lokomotip anyar, lokomotip diesel éléktris, ti Jérman Barat. Meuli erél anyar jeung gerbong-ger¬bong weuteuh. Pokona mah tumpak karéta api alam harita, leuwih geunah batan tumpak kandaraan séjénna. Ku nu tum¬pakna, karasana téh asa diayun-ambing. Nya muncul wé istilah “Goyang Juanda”.
Aya sawatara hasil padamelan Pa Juanda, anu tapakna natrat nepi ka kiwari, nalika anjeunna jadi Menteri Perhubungan. Anjeunna naratas jalan sarta ngalaksanakeun nasionalisasi sababaraha badan atawa pausahaan nagara widang perhubungan. Di antarana baé Jawatan Karéta Api, Damri, Jawatan Pelayaran, PT Pelni, PT Jakarta Lloyd. Pa Juanda ogé ngawangun sawatara palabuan.
Jasa Pa Juanda lianna anu teu laas ku mangsa nyaéta ngadegkeun pausahaan penerbangan Garuda Indonesian Airways (GIA), mémérés jeung ngawangun lapangan terbang, saperti Bandara Juanda di Surabaya. Anjeunna ogé muka sakola pikeun penerbang, Akademi Penerbangan Indonésia (API), anu perenahna di Curug, Tangerang.
Tah, aya deui istilah “Gunting Juanda”. Éta mah munculna téh waktu Pa Juanda nyekel kalungguhan jadi Menteri Keuangan. Duit téh, duit kertas, digunting jadi dua, duit galabag harita mah disebutna téh, maksudna pikeun ngungkulan inflasi, lantaran kaayaan ékonomi nagara urang, keur meujeuhna ripuh alatan inflasi. Inflasi téh, duit anu ngurangan pangajina.
Pa Juanda meunang jujuluk Menteri Maraton. Ari sababna, ti taun 1946 nepi ka wapatna taun 1963, Pa Juanda méh terus-terusan jadi menteri. Sakali jadi Menteri Muda, opat belas kali jadi Menteri. Éta téh lain jadi menteri dina widang anu sarua. Upamana baé Menteri Perhubungan, Menteri PU, Menteri Negara, Menteri Kemakmuran, Menteri Negara Urusan Perencanaan, Menteri Keuangan, jeung Perdana Menteri ngarangkep Menteri Pertahanan. Pa Juanda henteu jadi mentrina téh dina Kabinet Ali, taun 1953-1956. Harita Pa Juanda mingpin Biro Perancang Negara. Anu ayeuna jadi Bappenas di tingkat nasional, Bappeda di tingkat provinsi jeung kabupatén. Pikeun jadi stafna, Pa Juanda milih nu ngarora, di antarana Émil Salim jeung Wijoyo Nitisastro, anu harita masih kénéh mahasiswa.
Di éta biro, Pa Juanda jeung stafna nyusun Rancangan Undang-Undang ngeunaan “Rencana Pembangunan Lima Taun” jeung “Garis-garis Besar Rencana Pembangunan Lima Taun”, anu kungsi populér disebut Repelita téa. Pangwangunan téh dirarancang lima taun-lima taun, anu terus nyambung nepi ka tujuanana kahontal, henteu kapegat ku bagantina pamaréntahan.
Aya deui leuwihna Pa Juanda ti nu séjén téh, nyaéta Pa Juanda mah menteri nonpartéy. Hartina, jadina menteri téh henteu karana ngawakilan salasahiji partéy pulitik atawa salasahiji golongan pulitik. Padahal, harita umumna nu jadi menteri téh mangrupa wawakil atawa utusan salasahiji partéy pulitik atawa golongan. Mémang harita di urang téh loba partéy. Nepi ka aya puluhna atuh, cara ayeuna wé.

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook