JAMAN harita mah kabinét téh tara aya nu bisa tahan lila. Paling lila tilu taun, malah nu tilu bulan gé aya. Ari nu jadi sababna, nyaéta pacéngkadan antara hiji partéy jeung partéy lianna. Puncakna dina taun lima puluhan. Loba golongan anu baruntak, lantaran teu sugema ku pamaréntah. Nepi ka Présidén Soekarno kudu ngémbarkeun yén nagara aya dina kaayaan bahaya perang.
Taun 1957, Pa Karno ngumumkeun susunan kabinet. Pa Juanda kapeto jadi Perdana Menteri. Tétéla, meunang pangbagéa ti sakabéh golongan. Ari sababna, kahiji Pa Juanda mah nonpartéy, jadi bisa ajeg di sakabéh golongan. Kaduana, Pa Juanda geus boga pangalaman, jadi menteri dina sawatara kabinét. Katiluna, teu kalibet dina pacéngkadan partéy pulitik. Kaopatna, boga sikep démokratis, jujur, sarta geus kauji kasatiaanana ka nagara.
Kabinétna disebut “Kabinet Karya”. Anggota kabinétna dipilih dumasar kana kaahlianana dina widangna. Jadi, henteu dipilih dumasar kana jatah partéy politik anu harita aya. Kabinét Karya anu dipingpin ku Pa Juanda, bisa disebut kabinét anu panjang umurna. Henteu runtag di tengah jalan saperti kabinét nu enggeus-enggeus.
Salian ti éta, Pa Juanda ogé dipercaya ngarangkep jadi Menteri Pertahanan deuih. Mangkaning kaayaan nagara urang harita téh keur meujeuhna riweuh. Ampir dina sagala widang éta téh. Dina widang ékonomi keur meujeuhna werit. Dina widang politik teu weléh riributan. Malah aya pihak-pihak ti sawatara daérah, anu hayang misahkeun diri ti Nagara RI.
Di satawara daerah timbul babaruntakan, Pemberon¬takan PRRI/Permesta di Sumatra mareng jeung pemberontakan di Sulawesi Utara. Atuh di urang di wewengkon Jawa Barat, gorombolan DI/TII pingpinan Kartosuwiryo, terus ngaganggu kaamanan di mana-mana. Gorombolan keur meujeuhna ngagalaksak, ngaranjah jeung ngahuru imah-imah rayat. Pilemburan jadi henteu aman, loba rahayat anu katalangsara.
Di luar Jawa ogé teu kurang-kurang, anu baruntak hayang nyieun nagara sorangan. Kahar Muzakkar di Sulawesi Selatan, Daud Beureuh di Acéh, Ibnu Hajar di Kalimantan, sarta sésa-sésa RMS di Seram, Maluku. Kalawan tegas Pa Juanda ngungkulan éta masalah. Babarengan jeung Kepala Staf Angkatan Darat harita, Mayjén Abdul Haris Nasution, Pa Juanda ngayakeun “Operasi Merdéka”. Hiji-hiji gorombolan karaman téh ditumpes.
Can gé réngsé numpes karaman, geus datang deui masalah séjén, masalah nu teu éléh banggana. Masalah anu nangtukeun paéh hirupna Nagara Kesatuan Républik Indonésia. Pa Juanda kudu nyanghareupan pacéngkadan pulitik jeung idéologi di Konstituante. Éta pacéngkadan téh sumarambah ka masarakat anu ngalantarankeun kaayaan jadi harénghéng.
Éta masalah téh kudu diungkulan. Sanggeus ngimeutan kaayaan sarta konsép-konsép anu aya, Pa Juanda nepi kana kacindekan, pikeun ngaréngsékeun éta masalah, kudu balik deui kana UUD '45. Idé Pa Juanda disaluyuan ku Presidén. Diasongkeun ka sidang Déwan Mentri jeung paraanggota kabinét lianna, kabéh euweuh anu henteu satuju.
Tah, idé Pa Juanda éta anu engkéna jadi 'Dekrit Présidén tanggal 5 Juli 1959' téa. Malah Pa Juandana ogé milu nyusun éta dekrit. Dekrit eusina anu nétélakeun, yén undang-undang nagara urang balik deui ka UUD'45 ti UUD-Sementara. Sabada kaluarna éta dekrit, pacéngkadan pulitik jeung idéologi, pikeun sawatara lilana bisa kaungkulan.
Isukna, Kabinét Karya dibubarkeun. Dibentuk deui kabinét anyar, anu disebut “Kabinét Kerja I”. Dina éta kabinét anyar téh, Pa Juanda kapeto jadi Mentri Pertama ngarangkep jeung Mentri Keuangan. Kalungguhan Mentri Pertama téh, aya di saluhureun Perdana Mentri. Éta téh minangka jabatan mentri pamungkas anu dicangking ku Pa Juanda.
Nalika Pa Juanda jadi Mentri Pertama, anjeunna anu kagungan gagasan ngeunaan tapel wates nagara di laut, anu kiwari katelah Wawasan Nusantara. Éta gagasan téh muncul dumasar kana kasang tukang papaséaan soal Irian Barat. Kabinét Juanda palay ngarobih undang-undang anu ngatur laut Indonésia warisan Walanda. Nya hasilna ngawujuf jadi Déklarasi Juanda, anu diaku ku hukum internasional.
Tayohna ku margi capé teuing, ku margi seueur teuing pancén garapanana, katambih-tambih sering pabéntar paham, boh sareng papada mentri deui, boh sareng pajabat nagara lianna, kalebet sareng Présidén Soekarno, Pa Juanda katarajang kasawat jantung. Nya ahirna mah, dinten Kemis wengi, tabuh 01.00, kaping 7 Nopémber 1963, Pa Juanda Kartawijaya ngantunkeun.
Pikeun ngahormat kana jasa-jasana, dina tanggal 23 Nopémber 1963, Ir. H. Juanda Kartawijaya diangkat ku pamaréntah, jadi Pahlawan Kemerdekaan Nasional. Tapi upama nilik kana ketak jeung hasilna mah, Pa Juanda ogé pantes meunang sawatara pangajén, anu patali jeung widang garapanana di pamaréntah. Pa Juanda pantes upama disebut Bapa Karéta Api, pantes deuih upama disebut Bapa Pangwangunan.

Rengse
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook