PA JUANDA téh pituin urang Tasikmalaya, dibabarkeun kaping 14 Januari 1911. Ramana Radén Kartawijaya, ibuna Nyi Momot. Pa Kartawijaya téh guru HIS di Tasikmalaya, HIS (Hollands Inlandsche School) téh nyaéta sakola dasar tujuh taun pikeun putra ménak pribumi. Ari basa panganteurna ngagunakeun basa Walanda.
Basa yuswana tujuh taun, Pa Juanda lebet ka HIS di Tasikmalaya. Nanging ku margi ramana dialihkeun tugasna, janten Kapala (Mantri Guru) HIS Cicaléngka, Pa Juanda ogé ngalih sakolana ka Bandung. Henteu ka HIS deui ngalihna téh, tapi ka ELS (Europeesche Lagere School), nyaéta sakola dasar pikeun urang Éropa.
Henteu unggal jalma bisa sakola ka ELS téh, komo pikeun bangsa urang mah. Salian ti kudu anak ménak téh, kudu boga unteu anu pinter deuih. Pa Juanda mah kaasup murid anu pinter, malah di kelasna mah kaasup pangpinterna. Ku pinter-pinterna Pa Juanda, ti kelas 5 téh langsung naék ka kelas 7.
Satamatna ti ELS, Pa Juanda neraskeun ka HBS, nyaéta sakola menengah pikeun bangsa Éropah. Pa Juanda ditarima di HBS Bandung taun 1924. Pa Juanda bisa ditarima di éta sakola, lantaran niléy hasil ujianana alus pisan, babakuna pangajaran ngitung jeung basa Walanda, sarta meunang katerangan anu hadé ti guruna.
Satamatna ti HBS, Pa Juanda neruskeun kuliah ka THS (Technische Hogeschool Bandung), anu ayeuna jadi Institut Téknologi Bandung (ITB). Harita mah carang pisan bangsa urang anu bisa neruskeun sakola ka THS téh. Komo deui ieu, Pa Juanda mah aya onjoyna, meunang béa siswa ti pamaréntah. Beu, kacida banggana atuh alam harita mah.
Harita mah langka pisan bangsa urang, anu bisa neruskeun kuliah téh. Éta wé anu bareng kuliah jeung Pa Juanda, bangsa urangna mah ngan opatan. Lolobana urang Walanda. Pa Juanda tamat kuliahna taun 1933, sarta nyangking gelar insinyur (Ir). Harita yuswana nembé 22 taun.
Bérés kuliah, Pa Juanda mulih ka Cicaléngka. Teras nikah sareng Bu Yuliana, salasawios guru HIS Cicaléngka. Boh Pa Juanda boh Bu Yuliana, sami-sami putra mantri guru HIS. Rumah tanggana éstu runtut-raut. Nya kagungan putra lima: istri opat, pameget hiji.
Harita téh nu disebut jaman malaise téa, jaman ékonomi susah, pagawéan hésé. Tampolana mah hasil sakola téh, taya hubunganana pisan jeung pagawéan. Harita Pa Juanda ogé kitu, Padamelanana anu munggaran nyaéta jadi guru di AMS jeung Kweekschool Paguron Muhammadiyah di Jakarta.
Pa Juanda kénging padamelan di dinya téh, ku pangdeudeul Pa Oto Iskandar di Nata. Malah saterusna mah Pa Juanda téh diangkat jadi diréktur di éta dua sakola. Nya harita deuih Pa Oto mimiti mikawanoh kana topék Pa Juanda dina ngokolakeun administrasi. Malah saterusna mah Pa Juanda ku Pa Oto, sering dilibetkeun kana kagiatan anjeunna.
Nalika taun 1934, Pa Oto Iskandar di Nata kapeto jadi Ketua Umum Paguyuban Pasundan, Pa Oto nunjuk Pa Juanda jadi sékretarisna. Harita anggota Paguyuban Pasundan téh, leuwih ti tilu ribu urang sarta boga 52 cabang, anu sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Kagiatanana ngawengku widang atikan, ékonomi, pulitik, jeung sosial budaya.
Harita mah Paguyuban Pasundan (PP) téh mangrupa organisasi pergerakan nasional. PP mindeng gawé bareng jeung organisasi pergerakan nasional séjénna di nagara urang. Malah PP ogé milu kana pilihan umum pikeun nangtukeun wakil rahayat di Volksraad, déwan rayat anu dibentuk Pamaréntah Walanda. Ari anu harita kapilih jadi wakil rayat ti PP téh nyaéta Pa Oto Iskandar di Nata.
Sanggeus genep taun babakti di sakola, kakara Pa Juanda kénging padamelan anu luyu sareng kaahlianana sabagé insinyur. Taun 1939 Pa Juanda diangkat jadi tanaga ahli di Jawatan Pengairan Provinsi Jawa Barat. Sataun ti harita, Pa Juanda ngalih ka Bandung. Anjeunna kapapancénan ngawangun sasak anu meuntasan Walungan Citarum di Kedunggedé.
Taun 1942 tentara Jepang asup ka nagara urang. Pamaréntah Walanda kadéséh ku Tentara Jepang. Tapi saméméh ninggalkeun Bandung, tentara Walanda ngancurkeun heula sasak tohaga, anu diwangun ku Pa Juanda di lebah Kedunggedé. Sanajan kitu, ari padamelanana angger di Bandung, nyaéta di Jawatan Pekerjaan Umum Jawa Barat. Pancénna ngaroris jalan, jambatan, jeung irigasi.
Dina jaman révolusi kemerdékaan, ahir taun taun 1945, Bandung téh dibagi dua: Bandung Kalér jeung Bandung Kidul, watesna jalan karéta api anu aya di Kota Bandung. Bandung Kalér dicangking ku tentara NICA, ari Bandung Kalér dicangking ku Tentara Républik. Kapaksa Pa Juanda ogé ti Ijzer Park, anu kiwari katelah Taman Ganésha, ka Situsaeur di wewengkon Bandung Kidul.
Kaayaan Bandung beuki harénghéng baé, Pa Juanda ogé kapaksa ngungsi ka Tasikmalaya. Tadina mah badé teras ngalih ka Yogyakarta, sabab harita puseur pamaréntahan RI, dipindahkeun ti Jakarta ka Yogyakarta. Henteu cios ngalih ka Yogyakartana téh. Ku margi anjeunna diangkat janten Kepala Jawatan Karéta Api Nasional, anu kantor puseurna aya di Bandung. Nya Pa Juanda ogé ngalih deui ka Bandung.

Nyambung ka bagean II
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook