Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kyai Tapa, Pahlawan ti Banten (I)

Karaton Banten
KYAI Tapa téh urang Banten. Harita, kira-kira abad kadalapan welas, Banten téh geus aya dina genggeman Kumpeni. Ari nu jadi sultanna nyaéta Sultan Muhamad Zainul Arifin. Banten anu tadina nagara bébas merdéka, ayeuna mah kudu nurut kana sagala kahayang Kumpeni. Lain dina urusan dagang baé kituna téh. Kaasup dina widang pamaréntahan.

Saenyana mah Kyai Tapa agé masih kénéh teureuh ménak, terah kusumah Banten. Masih kénéh sadérék Sultan, ngan béda ibu. Jenengan aslina, Pangéran Nagajaya. Ti keur murangkalihna kénéh Pangéran Nagajaya téh resep ngulik élmu agama. Resep tatapa jeung tirakat. Tah, nu matak barang tos sepuh, anjeunna tos jadi ajengan, nelah baé Kyai Tapa.

Kyai Tapa muka pasantrén di sawatara tempat. Upama pasantrénna geus maju, terus dipasrahkeun ka babaturanana atawa ka muridna. Anjeunna muka deui pasantrén anyar di tempat séjén. Panungtung, muka pasantrén di Kampung Karamat. Ayeuna mah kaasup ka Jakarta, sarta nepi ka kiwari disarebutna téh Kam¬pung Kramat.

Pasantrénna kacida majuna. Santri-santrina datang ti mana-mendi, ti sakuliah Nusantara. Malah teu saeutik bangsa deungeun ogé anu ngadon masantrén di dinya. Bisa disebutkeun, mangsa harita mah éta pasantrén téh mangrupa puseur kagiatan pikeun nyebarkeun agama Islam di Batawi jeung sabudeureunana.

Barang tos maju ka sepuh, anjeunna tatapa di Gunung Munara. Malah saterusna mah, Gunung Munara téh dijadikeun markas gerakan Kyai Tapa enggoning ngalawan Kumpeni. Gunung Munara téh perenahna di Jasinga, Kabupatén Bogor. Nya di dinya anjeunna ngumpulkeun pasukanana téh. Dilatih kana rupa-rupa kaparigelan kaprajuritan.

Harita kaayaan Banten téh keur kacida riceuwna. Ari sababna, Sultan Banten kakokop ku praméswarina anu ngaran Fatimah. Fatimah téh saenyana mah anték Kumpeni. Manéhna anak sudagar Arab anu raket jeung Kumpeni. Geulis jeung perténtang deuih. Anu matak pantes upama Sultan Haji nepi ka kapincut téh.

Ku Kumpeni Fatimah ngahaja sina némpél Sultan. Maksudna taya ti lian pikeun ngahihileudan di jero karaton. Ngalap élmu rinyuh. Karaton Banten dikorowotan di jerona, ambéh koropok. Mun geus koropok jeung ropoh, tangtu babari ngaruntuhkeunana.

Fatimah dijadikeunana praméswari téh ngaléngkahan tilu geureuha Sultan anu séjénna. Fatimah ngangkat dirina sorangan jadi wanita nomer hiji di Kasultanan Banten. Maké gelar resmi Ratu Syarifah Fatimah. Dulur-dulurna ogé kabéh dibéré gelar Pangéran Syarif, sarta dibéré kalungguhan anu luhur.

Pikeun mageuhan kalungguhanana, Fatimah ogé geuwat nyieun klik atawa komplotan. Ngumpulkeun sawatara ménak Banten anu biluk ka manéhna. Malah teu kireum-¬kireum ngaku turunan Sayidina Huséin anu kalima. Jadi, ngaku-ngaku turunan Kangjeng Nabi Muhammad.

Adat kabiasaan karaton anu henteu dipikaresep ku manéhna, diromak atawa diganti. Sakur pagawé anu henteu tunduk ka manéhna, gancang dipocot. Terus diganti ku pagawé anu satia ka manéhna. Fatimah jadi ngaraja déwék pisan di Kasultanan Banten téh. Ari Sultan henteu bisa nanaon, da kakokop téa.

Fatimah henteu sugema ku jadi praméswari baé. Cita-¬citana leuwih luhur ti kitu, nyaéta hayang ngarebut kakawasaan Sultan Banten. Tangtu baé ku cara anu lantip. Mimitina paraménak Banten anu teu sapagodos jeung manéhna, diusir ti Kasultanan Banten. Kaasup Pangéran Gusti, anu dicalonkeun baris jadi Sultan Banten. Carana dipitenah. Pangéran Gusti dipitenah majar geus nyieun komplotan pikeun ngarebut kakawasaan Sultan jeung merangan Kumpeni. Pangéran Gusti ditangkep ku Kumpeni sarta dihukum buang ka Sélong (Srilangka ayeuna mah).

Malah ahirna mah Sultanna ogé disingkahkeun. Sultan Zainul Arifin didakwakeun ka Kumpeni, majar owah, sok ngangsonan rahayat sangkan baruntak ka Kumpeni. Sultan ogé ditangkep ku Kumpeni. Mimiti ditawan di Pulo Édam anu aya di Teluk Jakarta. Terus dipindahkeun deui ka Ambon. Nepi ka wapatna di dinya.

Cita-cita Fatimah geus laksana. Tangtu baé ku lantaran disokong ku Kumpeni. Ahirna mah Fatimah téh ngangkat dirina sorangan jadi Sultan Banten. Dina ngajalankeun pamaréntahanana, salawasna gumantung ka Kumpeni. Ceuk Kumpeni kitu, ceuk Kumpeni kieu, kabéh diturut ku Fatimah.

Anu untung mah jelas Kumpeni. Minangka buruhanana nyokong gerakan Fatimah, Kumpeni ménta buruh. Kumpeni ménta satengahna tina hasil emas di Tulangbawang, satengahna tina hasil pedes di Lampung, jeung ménta tanah anu kacida legana di peuntaseun Kota Tangerang. Ku Fatimah ditedunan.

Nyambung ka bagean II
 
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook