Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sesebutan Keur Tempat Anu Aya Patula-patalina Jeung Cai


DI handap ieu kabeungharan basa Sunda ngeunaan sesebutan keur tempat anu aya patula-patalina jeung Cai.  Loba nu dipake jadi ngaran lembur/petempatan.  Sababaraha kecap bisa jadi geus arang langka kapanggih dina paguneman sapopoe. 

Balong         : tempat miara lauk, jieunan jelema, mangrupa cai ngemplang dina taneuh beunang ngali lewih gede batan kulah
Balungbang  : kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.
Bangawan    : walungan anu kacida gedéna.
Basisir     : sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.
Bendungan   : panahan cai wahangan anu gedé (lega), anu ngahaja dijieun ku jelema
Curug         : cai anu murag ti tempat anu luhur, anu jadi sorangan, biasana murag tina susukan di gunung
Émpang        : balong atawa kulah gedé (lega)
Galengan     : tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah
Girang         : tempat jol ngocorna caiaar
Hilir         : tempat nu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap
Hulu cai/Sirah cai/Séké : tempat kaluar cinyusu nu éngkena jadi walungan
Kamalir     : Jalan cai leutik
Karéés         : sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik; cadas
Kikisik     : sisi laut nu mayak sarta keusikan
Kobakan     : tempat nyulangkrungna cileuncang , urut hujan
Kulah         : balong leutik, tempat miara lauk, mangrupa cai ngemplang dina taneuh beunang ngali
Irigasi     : jalan cai anu dijieun ku jelema keur naian sawah
Legon         : bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
Leuwi         : babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.
Muhara         : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
Ranca         : taneuh lega anu salawasna kakeueum ku cai, biasana di tempat anu rata, jeung teu pati jero.
Rorah         : cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung
Sabang         : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
Sagara         : laut, bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung daratan
Sawah         : tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan
Sédong         : angkrong di sisi walungan di jero leuwi
Situ         : balong nu leuwih lega sarta rada héjo
Solokan     : jalan cai anu leutik
Sungapan     : tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong
Susukan     : jalan cai anu sedeng beunang nyieun jelema
Talaga         : situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema
Tambakan     : bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan
Teluk         : bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung
Wahangan     : jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan solokan
Walungan     : wahangan gedé. Disebut ogé bangawan
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook