KALA Sunda nyaéta pananggalan nu geus aya di Tatar Sunda ti jaman baheula kénéh, kurang leuwih ti jaman Aki Tirem di Karajaan Salakanagara. Taunna dingaranan Caka Sunda.
Dina sababaraha pedaran aya anu nyaritakeun Kala Sunda dimimitian mangsa Taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi Putri Rarasati nu ditikah ku Dewa Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Taun harita pamianganana ngitung kala téh, ti mangsa Aki Tirem masrahkeun karajaan ka putrana, ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. Saméméhna, Aki Tirem téh ngasta kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, ninggang dina abad kadua (122 Masehi).
Panalungtikan
Kala Sunda salila mangabad-abad kakubur ku jaman. Panalungtikan deui ngeunaan Kala Sunda ieu kakara diayakeun deui ku Abah Ali kalayan rojongan ti Yayasan Candra Sangkala, nu sabenerna mah Abah Ali téh seja nyieun kalénder ieu ti taun 1983 mula, tapi ku lantaran loba halangan jeung harungan, kakara bisa medal tanggal 18 Januari 2005 di pendopo Rumah Dinas Walikota Bandung, Jalan Dalem Kaum, maké upacara adat Sunda anu tartib. Poé ieu marengan tanggal 1 Suklapaksa (parocaang) bulan Kartika taun 1941 Caka Sunda.
Taun dina Kala Sunda
Dina nangtukeun taun, aya dua wangun taun nyaéta Kala Saka anu dumasar kana Surya atawa panonpoé, jeung Kala Caka anu dumasar kana Candra (bulan). Masing-masing taun wanoh kana taun pondok (Surya 365 poe, Candra 354 poe) jeung taun panjang (Surya 366 poe, Candra 355 poe). Kala Surya Saka Sunda (Taun Surya) aturannana, tilu taun pondok, kaopatna panjang. Tapi unggal taun nu beak dibagi 128, bakal dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijriah mah taun pondok teh sok disebut Taun Kabisat. Ahir taun Surya nyaeta nalika panonpoé aya di titik pangkidulna.
Kala Candra Caka Sunda (Tahun Candra) aturannana yén dina sawindu (8 taun), taun ka-2, ka-5, jeung ka-8 nyaéta taun panjang, sesana taun pondok. Unggal taun ka-120 dijadikeun taun pondok. Unggal taun nu beak dibagi 2.400 dijadikeun taun panjang.
Bulan dina Kala Sunda
Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaéta :
Kasa (kahiji),
Karo (kadua),
Katiga (katilu),
Kapat (kaopat),
Kalima (kalima waé),
Kanem (kagenep),
Kapitu (katujuh),
Kawalu (kadalapan),
Kasanga (kasalapan),
Kadasa (kasapuluh),
Hapitlemah (kasawelas),
Hapitkayu (kaduawelas).
Caka Sunda
Cirina Caka Sunda nyaéta maké Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poék bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaéta :
Kartika, 30 poe,
Margatira (29),
Posya (30),
Maga (29),
Palguna (30),
Sétra (29),
Wésaka (30),
Yésta (29),
Asada (30),
Srawana (29),
Badra (30),
Asuji (29/30).
Poé dina Kala Sunda
Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaéta :
Saptawarna (tujuh poean)
Pancawarna (lima poean)
Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poé.
Saptawarna
Dité atawa Radité (Minggu),
Soma (Senén),
Anggara (Salasa),
Buda (Rebo),
Respati (Kemis),
Sukra (Jumaah),
Tumpek (Saptu).
Pancawarna
Manis
Pahing
Pon
Wagé
Kaliwon

Dicutat ti Kang Andi
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook