Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (4)

Kumpeni digantina ku Pamarentah Nagara (Staat), nu saterusna nangkes sagala kaayaan rayat jeung tanah Hindia, nya eta dina tanggal 31 December 1799 atawa dina 1 Januari 1800. Hal ganti Pamarentah teh ku urang Pribumi katut kapala-kapalana teu pati karasa jeung kanyahoan, numatak tetep bae nepi ka ayeuna aya keneh urang Sunda nu nyebut Pamarentah te h“Kumpeni”.

Ku bisluit 11 April 1801 Papatih kadua Sumedang Raden rangga Soerialaga, nu ngagentos patih Aria satjapati, ku lantaran geus nguruskeun gudang beas di tanah Pamanukan, waktu kota batawi di pakung, ditutup palabuanana ku armada Inggris, kapapancenan ngirim beas-tedaeun ka Batawi; nya ku lantaran jasana ieu raden Rangga Soerialaga, diangkat kana Bupati Kampungbaru (Buitenzorg) kalawan nampi gelaran “Aria”, jujuluk Raden Aria Soerialaga.

Bupati Parakanmuncang Raden Adipati Soeria Nata Koesoema (Suria Nata Kusuma) II, ti Pamarentah nampi sesendu pohara pisan nepi ka tina Regen Parakanmuncang dicopot terus dikendangkeun ka Batawi, linggih di kampung Krukut dugi ka wapatna, nu matak nelahna kiwari “Dalem Krukut”. Ari Kabupaten Parakanmuncang ditarik dihijikeun jeung Sumedang, di bawah ku Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara, ngan henteu diburak bae, tetep jadi kabupaten, malah ku bisluit tangggal 16 April 1809, Patih Parakanmuncang Raden Poeranagara (Puranagara), putra Dalem Patuakan, nya dahuan Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara, diangkat kana Bupati Parakanmuncang, gentos jenengan Raden Tumenggung Wira Tanoe Redja (Wira Tanu Reja).

Dina taun 1802, mimiti timbul karusuhan-karusuhan di tanah Cirebon jeung karawang, malah ti wewengkon kabupaten Sumedang oge,loba rahayat Sumedang nu kabaud milu ngaraman. Repehna ieu kaributan dina taun 1818, sanggeusna rusuh di Palimanan nu diluluguan ku Bagus Serit nu dihukum gantung dina 17 November 1817 sarta Bupati Bengawan-Wetan Raden Adipati Nitidiningrat, nu yuswana langkung ti 70 taun kasambut di medan perang. Nya ti harita tug nepi ka ayeuna di wewengkon Sumedang euweuh rusuh nu gede.

Anu jadi sabab pangna ngadeg ieu karaman nu jadi babaku lantaran tanah-tanah di Cirebon disewa-sewakeun ka urang Tionghoa: ku hal ieu rahayat kacida ngarasa digencetna katambah abdi-abdi dalem milu sedih. Lantaran Pangeran Raja Kanoman, Pangeran Pabupaten jeung Pangeran Lautan dikendangkeun ka Ambon. Ari rahayata nu milu ngaraman kira-kira aya 40000 jiwa, pakarangna bedil nepi ka mariem oge dipake merangan prajurit para Bupati jeung soldadu Gupernemen. Kapala rampog pangkahotna dina taun 1806, nyaeta:

1.  Bagus Sidoeng (Sidung) asal tiSumber.
2.  Bagus Arisem  asal ti Bojong
3.  Bagus Soeara (Suara) ti Bantarjati
4.  Bagus Sanda ti Palimanan
5.  Bagus Narim ti Lelea
6.  Bagus Jamani (Yamani) ti Depok
7.  Demang Benangan ti Kandanghaur
8.  Demang Wargagoepita (Wargagupita) tiKuningan.
9.  Demang Wargamanggala ti Cikao
10. Wirasraja(Wirasraya) ti Manis
11. Djoelangprawira(??-Julangprawira)ti Linggajati
12. Djajasasmita(Jayasasmita) ti Ciminding
13. Djangbaja(jJangbaya) ti Luragung
14. Harmanisti Cikao
15. Anggasraja(Anggasraya) ti Timbang
16. DemangDjajaprawata (Jayaprawata) ti Nagarawangi
17. DemangAngonklangon ti Waru
18. Ngabei  Martamanggala ti Pagebangan
19. Demang Djajapratala (Jayapratala) ti Sukasari, sjst

Mimiti kajadian aya barandal nu ngarusuhkeun dina tanggal 22 Februari 1806 di kampung Panongan, wates Sumedang jeung Cirebon (Majalengka).  Ari Bupati Sumedang perangna teh di Nagara, di Talaga, di Lumbung, di Karangsambung, di Pamanukan, di Kandanghaur: dina Babad Sumedang mah ieu teh katelahna “Perang Bantarjati” atawa “Perang Jatitujuh”.

Lajengkeuneun
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook