Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (5)

Dina taun 1805 aya surat aksara Sunda ti Dalem Adipati Soerianagara ka tuan Komisaris Pieter Engelhard nu kieu unina:

"Wonten wadana saking cutak Conggeang wastana pun Baen nging midanget warti, yen wonten kang dipun ngrangket ing Sumedang (Patinggi Cipicung), dados kaget manahipun, sarencange sami pradara, sadanten gungipun wonten 77 titiang milanipun klambeke pradara, sawah rumiyinipun tuan Lawik (Lawickvan Pabst Adjunct –Commisaris) – sampun angrangke dateng pun Baen punika. Dados kaget manahipun kongsi pra dara dateng siti Grage (Cirebon) ing deukeuh Sukawana, rencangipun ing deukeuh Pangumbahan”.

Pangna aya karusuhan sakuliah Cirebon, nu ngarembet ka Sumedang tea, sabab paparentahan nagara jaman harita bengis kabina-bina, nepi ka hiji wadana mabur milu ngaraman. Turug-turug tuan Komisaris Lawick van Pabst kakoncara pisan gangas katambah barangasan nu matak loba nu baha ka Nagara.

Ayeuna rek malikan deui carita nu pacantel jeung kaayaan Kabupaten Sumedang, nu nyabit-nyabit kana carita karusuhan, saperti anu ditulis dina bisluit tanggal 15 Februari 1805, yen Patinggi Cipicung bawahan Sumedang lantaran ngabaekeun kana taneman kopi Nagara sarta perkara jepit di Dayeuh Sumedang, dihukum rangket terus dibuang digawekeun kerja paksa pikeun 5 tahun ka Tanjungpura.

Bupati Parakanmuncang nampi pepeling sareng panyeukseukan sarta diancam bakal nampi hukuman lantaran parantos teu kersa tumut kana parentah Nagara, supados kersa melak kopi 300.000 tangkal di gunung Manting, bawahan Cutak Manabaya, nu jiwana 700 kuren jaba ti eta lantaran gasab. Disuhunkeun ku tuan Komisaris Pieter  Walbeeck, Pieter Herbertus  van Lawick van Pabst, dirujukan ku Carl Wilhelm Thalman - Voorzitter pamariksaan tanah Priangan, George Frederick Smit- Lid Commissie pamariksaan tanah Priangan, supaya Bupati Parakanmuncang Raden Tumenggung  Wira Tanoe Redja dilepas tina pangkat Regen Parakanmuncang sarta dikendangkeun ka Batawi, dicalonkeun pikeun gantina, putra Bupati Sumedang pangbarepna, Kapala Cutak Pamanukan Raden Adiwijaja (Adiwijaya) sareng Raden Wiradiredja (Wiradireja) Kapala Cutak Cilolohan di Kalumpang.

Ku bisluit tanggal 14 Januari 1806 ditetepkeun nu diangkat kana Bupati Parakanmuncang sarta nampi gelaran “Aria”, nya eta Raden Aria Adiwidjaja. Ari Tumenggung WiraTanoe Redja dikendangkeun ka Batawi sarta raja-kaya pusaka kabupatian Parakanmuncang dirampas ku Nagara. Satadina anu dipundut ku tuan Komisaris Lawick van Pabst mah Bupati Kampung-baru Tumenggung Soerialaga, pikeun Regen Parakanmuncang teh, ngan nanduk teu kersaeun.

Nurutkeun laporan Komisi pamariksaaan tanah Priangan, nu diluluguan ku tuan Thalman tea, dibantu ku tuan Smit sarta disekretarisan ku tuan Johan Joseph Aloysius Bauer tanggal 29 Januari 1808, upama dina basa Sunda mah kieu pikecapeunana:

"Bupati Sumedang nu ayeuna Adipati Soerianagara, geus teu hamham deui nyaritakeun, nu pangpercekana, pangpinterna sarta panggetolna ti sakabeh  para Bupati, tigin nohonan kawajiban satia-tuhu ka Kumpeni, nyaah ka bangsa Walanda, uninga pisan sarta seueur luangna tina hal taneman kopi, raka (saderek) Bupati Buitenzorg nu ayeuna, rama Bupati Parakanmuncang, sarta mertua Bupati Bandung, ku sadayana kabina-bina dihormatna sarta jadi panarosan, ku sabab lain ngan lantaran wijaksana bae, tapi tedak wargi para Bupati Priangan nu nomer hiji."

Mantenna di Bupati Cianjur anu ayeuna, kantos jadi jurutulis, teras jadi Kapala Cutak Cikalong-Ciblagung, nu ku marhum Komisaris Guitard diangkat kana Patih Sumedang, ku Gupernur Tanah Jawa ayeuna, nalika mantenna  jadi Komisaris Tanah Priangan (Preangersche bovenlanden) tuan Nicolaus Engelhard, diangkat kana Bupati Sumedang.

Sumedang teh hiji kabupaten nu ngawates ka Cirebon sarta lebah Pamanukan mah ka laut, nu waktu sakurilingna nuju sakitu gugujrudanana sarta karusuhanana, sasat dilingkung ku penjahat bae, tapi taya deui kabupaten nu aman cara di Sumedang.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook