Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (3)

Dina bulan Maart 1782 jadi juru tulis kabupaten Cianjur, ngarangkep jadi “tukang mariksa buah kopi” (kumetir); Bulan Mei 1786 nyepeng Gudang Kopi di Bogor; bulan Juli 1793 mulih ka Sumedang diangkat kana Patih sarta nampi gelaran “Rangga”. Taksiran bae, mantenna ngagentos Patih Aria Satjapati nu diturunkeun tea. Mantenna  garwaan ka putra Pangeran Kornel nu ti Raden Ayu Tjandranagara, jenenganana Raden Ayu Radjanagara (Rajanagara).

Ari titimangsa serat angkatan Raden Tumenggung Soerianagara kana Bupati Sumedang (acte van aansteling) tanggal 15 Maart 1792. Sumedang mimiti dibupatian ku mantenna kacida pisan ruksakna; hutang kabupaten aya 83283 real, parap riyayi taya nu getol, malah kaum santri mah kabina-bina kedulna teh, nepi ka masigit rerencepan dipiwarang dihuru supaya kaum santri kapaksa kudu digawe, ngadegkeun deui masigit. Nya kitu deui kebon kopi Nagara nu tadina henteu kapiara teh, ku jasa raden Tumenggung Soerianagara jadi beres kapiara, leungit bala bubudna.

Barang ku Tuan Komisaris Nicolaus Engelhard dironda deui bulan Augustus 1793, kabuktian maju, kaciri hadena Kabupaten Sumedang teh, nepi ka tuan Komisaris unjukan ka tuan Besar Gupernur-Jendral  Mr.Willem Arnold Alting dina seratanana ping 25 Augustus 1793, anu dina basa Sunda kieu pikecapeunana:

“Kabupaten Sumedang nu sakitu dimomorekeunana, sasat dibongkorkeun ku Bupati anu parantos dilepas sarta dikendangkeun ka Batawi, Adipati Tanoebaja tea, nu teras digentos ku nu nembe diturunkeun kana patih Raden Aria Satjapati, ayeuna saparantos diparentah ku Bupati Sumedang Raden Tumenggung Soerianagara, kalintang majengna dugi kakenging dipapandekeun, asal leuweung jadi sawarga, ku jisim abdi parantosdibuktikeun kalawan gemet pisan.”

Dina tutup taun 1793, hutang nagara Sumedang turun jadi 76103 real sarta ku bisluit Kumpeni tanggal 17 December 1793, diputus yen kapala-kapala jeung priyayi-priyayi  lemah Sumedang moal diganti, ngan ku Bupatina kudu diperih sina leuwih getol digarawena.

Kusurat tanggal 4 Juli 1795, tuan Komisaris Nicolaus Engelhard unjukan deui kaTuan Besar: “Ngan Bupati Sumedang, ti antara para Bupati Priangan, anu tarasungkan ngaprak ka pilemburan nitenan tatali hurip rahayat sareng ngamajengkeun pisan kana kebon-kebon kopi Nagara”.

Raden Latip, putra Bupati Pamanukan jeung Pagaden: Ngabei Wangsatanoe (Wangsatanu) (nu dikendangkeun ka Batawi ku putusan Pamarentah, resolutie tanggal 10 Februari 1792), geus digadangkeun ku Kumpeni pikeun ganti ramana, tapi lantaran tacan sawawa diwakilan ku Bupatii Ciasem Aria Kartajoeda (Kartayuda).  Ku sabab teu beunang diurus pangapingna, Raden Latip ku Pamarentah dipindahkeun ka Bupati Sumedang Tumenggung Soerianagara jeung kakawasaan Aria Ciasem bakal dicabut nguruskeun kabupaten Pamanukan katut Pagaden, nu rek dijieun bawahan Sumedang ku resolutie 31 Mei 1796.

Ku putusan tanggal 20 November 1798 Raden Latip hakna kana digadangkeun Bupati Pamanukan-Pagaden, ku Kumpeni ditarik deui sarta eta kabupaten diburak, dijieun cutak bawahan Sumedang. Ku bisluit ieu keneh Bupati Sumedang dileler gelaran “Adipati” sarta ditetepkeun dina akteu tanggal 20 November 1798.

Ku surat putusan Pamarentah 9 April 1799, Bupati Sumedang Adipati Soerianagara kapapancenan nampi sakabeh sambetan nagara ti Adipati Tanoebaja (Dalem Patuakan) seueurna aya 27720 real.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook