Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (6)

Sajabana kudu nguruskeun militer nu lalarliwat ti Batawi ka Cirebon, nya tedana soldadu, nya keur kudana. Jagaan ditapel wates kabina-bina tohagana, sanajan loba mata-mata panjahat nu bisa asupoge ka wewengkon Sumedang, meh kabeh bisa katewak.¬(Buktikeun bundel 3/7JacatraPriangan).

Naon pamundutna ka Pamarentah, nu jalan ka Komisi tuan Thalman, geura ieu, ku basa Malayu ditulis saceplesna :
  1. perkara, minta kopi turun di Karangsambung.
  2. perkara, minta brenti dua atawa tiga taun tanem kopi.
  3. perkara, minta Cinengah, Sagalaherang masok di Sumedang, sabab dulu masih ada di tangan tuan Sultan Kanoman, kalu orang bawa kopi di Gintung dari Sumedang atawa Parakanmuncang dia punya binatang yang tarik kopi, di situ sering dicuri atawa dirampog, sekarang hamba pegang orang jahat suda ilang. Kalu sudah abis dia punya perjangjian, tuan Sultan Kanoman dapet kombali itu tanah.
  4. perkara, hamba minta dagang kerbo di Batavia.
  5. perkara, hamba minta Tumenggung Wira Tanoe Redja yang dari Parakanmuncang biar pulang dariBatavia, hamba kapengen kumpul sama sudara, mau dipiara di Sumedang sajah; jikalau Tuan Orang Besar trada percaya, barangkali kerja istori, hamba pikul.
  6. perkara,  hamba minta order, jangan dilarang. Kalu opziender ada jual barang-barang sama diapunya Regent dan Kapala-kapala, karena susah kalu trada barang-barang buat prabot tatamu, salamanya misti opziender yang tulung bli apa-apa di Batavia sabab Kapala-kapala trada milir sendiri
  7. perkara, hamba minta opziender Sassee angkat nama Boekhouder;
  8. perkara, hamba minta akte Papatih bernama Mangkoepradja (Mangkupraja), yang hamba angkat di taun 1803 sampe sekarang blon dapet akte dan cap, dia punya pakerjaan sampe baek.
Tertulis hari Jumaat 23 hari bulan Rajab taun 1222/1807. Ieu serat ditawis “Soerianagara”.

Kapaksa malikan deui carita, sakumaha anu geus dicaritakeun di luhur, supaya tetela, nalika di Cikalong, Dalem Adipati Soerianagara garwaan ka putra kawalon Bupati Bogor Aria Rangga Gede ti garwa Raden Lenggangnagara, puta Bupati Bogor Tumenggung Wiranatanagara, putu Bupati Cianjur Aria Wira Tanoe Datar dicondre.Dalem istri Lenggangkosoemah (Lenggangkusumah) ti Dalem Adipati Soerianagara kagunagan putra tilu: Cikalna kakasih murangkalih “Asep Abdoel (Abdul)” nu di taun 1797-1801 jadi Kapala Cutak di Conggeang, ti taun 1801 nepi ka taun 1806 di Pamanukan.

Nya di taun 1808 ngasta kabupaten Parakanmuncang, jujuluk Raden Aria Adiwidjaja (Adiwijaya). Ari putra nu panengah istri, jenengan murangkalih Nyi Raden Adjeng (Ajeng), waktu taun 1808 carogean ka Bupati Bandung Dalem Adipati Wira Nata Koesoema (Dalem Kaum nelahna kiwari). Nu panganomna putra ti Dalem istri Lenggangkoesoemah teh, kakasihna Asep Ewok, ana dilandi Raden Somanagara, di taun 1804-1806 jeneng Hupkumetir kopi di Sumedang, taun 1806-1807 jadi Kapala Cutak Pamanukan, nu waktu di Pamanukan katerka nelasan urang Tionghoa, nu matak dialihkeun ka Cipicung sarta di taun 1808 tetep jadi Kapala Cutak Cipicung.

Tuan besar Maarschalk Mr. Herman Willem Daendels dina 14 Januari 1808 jumeneng Gupernur Jendral, Pamarentah tanah Hindia, nya kitu demi pulo Jawa gede kapangaruhanana ku urang Parasman, malah jaman harita disebut jaman kapurba ku Bangsa Parasman.

Talapakan tuan Besar Maarschalk Daendels, nu nepi ka kiwari jadi catur, nya eta tina hal nyieun jalan gede ti Anyar ka Banyuwangi. Ari anu rek didongengkeun di dieu mah, ngantina perkara meresan jeung ngalegaan jalan ti lebah Parakanmuncang, Tanjungsari atawa Ujungberung nepi ka Karangsambung bae, ari anu saestuna mah, Tuan Besar Maarschalk Daendels lain miwarang naratas nyieun jalan anyar, tapi ngahadean jalan heubeul, supaya gampang dipake liwat ku rupa-rupa tutumpakan, saperti kareta j.s.t.

Nurutkeun bisluit nu marentah mah nyieun jalan, diserat ke tuan Besar Maarschalk Daendels teh titimangsana tanggal 15 Mei 1808, sasumpingna ka Cirebon atawa Tegal, saparantos ngalangkung ti Sumedang. Bawaning jalan Parakanmuncang – Sumedang sakitu tarahalna jeung gorengna, nepi ka Maarschalk tea, ti Parakanmuncang ka Sumedang kapaksa nitihan tandu atawa kadera. Dina bisluit anu kasebut bieu, ngahadean jalan anu tarahal teh nyaeta ti lebah Cisarua nepi ka Cianjur jeung ti lebah Parakanmuncang nepika karangsambung dipigawena kalawan panalingaan genieofficier (opsir tina balatantara nu purah nyieun jalan katempat pangperangan, purah nyieun benteng jeung rupa-rupa adegan militer, tegesna mah soldadu patukangan) jeung dua onderofficier.  Tuan Komisaris kapapancenan memeres jalan gede antara ieu anu dua tempat tea, ari anu jadi bupati-bupati dibantu ku tuan-tuan opsinder kopi, kudu ngamandoran pagawean ngurus jalan anu biasa bae. Ana kitu atuh jalan gede antara Parakanmuncang jeung karangsambung teh beunang militer, nu matak osok disebut jalan militer.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook