Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (8)

Dina taun 1811 nagara Walanda dijieun bawahan Frankrijk (Parasman), jeung tanah Hindia jadi jajahan tanah Parasman, sarta dina tanggal 16 Mei 1811 tuan Besar Gupernur Jendral Maarschalk Mr. Herman Willem Daendels papasrahan mulih ka Eropa, lantaran disaur ku Keizer Napoleon, Raja Parasman. Samemeh tuan Besar  Daendels nu katelah tuan Besar Guntur (bawaning ku barangasan), nilar pulo Jawa ku bisluit tanggal 2 Maart 1811, ngadamel heula aturan anyar, nya eta kabupaten Limbangan jeung Sukapura diburak, wewengkonna dibagikeun jeung ditambahkeun ka 4 kabupaten: Cianjur, Sumedang, Bandung, Parakanmuncang.

Bupati Limbangan harita Raden Tumenggung Wangsakoesoemah (Wangsakusumah), nu diangkat ku Surat Pamarentah tanggal 9 April 1805, kakasih keur murangkalih Raden Arwa, diangkat kana Bupati Limbangan tacan sawawa diaping sarta bakal ngagentos eyangna Raden Adipati Wangsaredja (Wangsareja), jujuluk Raden Tumenggung Wangsaredja, ngan dina tanggal 23 November 1808 mundut dilandi Raden Tumenggung Wangsakoeseoemah (Wangsakusumah), ngalap jenengan rama nu ngasta Kabupaten Limbangan mung 8 sasih.

Bupati Sukapura nu dipansiun 400 real sataun, sarta kaidinan linggih di Sukapura, ngan teu kenging damel naon-naon tina hal aturan Nagara, nya nu jenengan Raden Tumenggung Wiradadaha, angkatan kana Bupati Sukapura tina Raden Demang Anggadipa, teu lami dina waktu ramana Raden Adipati Wiratanoebaja (Wiratanubaya) I pupus dina tanggal 30 December 1807. Nu saban taun kapapancenan mayaran pansiun nu dua bupati tea, nya eta Bupati Cianjur 40 real, Bupati Sumedang 330 real, Bupati Bandung 250 real Bupati Parakanmuncang 180 real, jumlah keur pansiun duaan teh 800 real.

Sanajan Sumedang leungit wewengkon basisir oge, nyaeta Krawang, tapi nu jadi Bupati Krawang harita Bupati Bogor Raden Adipati Soerialaga dialihkeun ka Krawang sarta bakal dipiwarang nyusuk walungan Citarum nepi ka Cikao jeung padaleman kabupaten Krawang teh harita pernahna di Kandanghaur, nurutkeun bisluit tanggal 8 Maart 1811.  Demi pangna wewengkon Krawang diatur kieu, lantaran Sumedang lega teuing bawahanana, teu kasiwer, jadi tempat panyumputan kapala barandal nu ngaran Bagus Rangin.

Ieu aturan tuan Gupernur Jendral Daendels teu lila, sabab dina tanggal 18 September 1811 keneh, pulo Jawa dijabel ku Inggris nu ngalindih Pamarentah Parasman di dieu. Nu jadi Gupernur Jendralna harita, gaganti tuan Daendels nya eta tuan Besar Jan Willem Janssens. Jendral perang  Keizer Napoleon, dibarengan ti Eropa ku Jendral Jumel, nu dicalonkeun pikeun jadi Kapala Balatantara tanah Hindia (Legercommandant).

Dina tanggal 4 Augustus 1811 ka palabuan Batawi, kiwari mah lebah Pasar-ikan, datang armada Inggris anu rek ngarurug, aya kira-kira 100 kapal perang, nu diluluguan ku Gupernur Jendral Hindustan (Hindia Inggris) di Banggala, disarengan ku Jendral Auchmity, nu jadi senapati jeung ku Kolonel Gillespie, diiring ku hiji amtenar Inggris nu jenengan Thomas Stamford Raffles. Nya anjeunna pisan nu sasatna meredih ka tuan Besar Lord Minto oge, supaya pulo Jawa ku Inggris dijabel teh. Ku sabab eta anjeunna pisana nu diangkat jadi tuan Besar di pulo Jawa, jadi patakana pamarentah Inggris didieu, kalawan dibantu ku hiji rengrengan (Raadvan Indie) Hindia, nu elid-elidna: 1. Kolonell Gillespie jeung 2 urang Walanda nyaeta tuan Cranssen jeung tuan Muntinghe. Pangkatna tuan Besar Raffles teh disebut Lieutenant Gouverneur: urang sebut Leknan Gupernur tanah Jawa.

Sakumaha nu ditulis dina serat undang-undang Gupernemen Inggris, nu disebut “Proceedings” tanggal 23 November 1811 di karaton Bogor ku tuan Besar Raffles diayakeun pasamoan para Bupatii tanah Jakarta-PreangerRegentschappen dina poe Salasa tanggal 13 November 1811, nampi sumpah kasatiaan para Bupati ka raja kalawan Gupernemen Inggris, sarta maparinkeun surat pangangken papurba kukakawasaan Inggris. Ieu pasamoan dipestakeun dipestakeunmake nyeungeut mariemsagala, disebutna “openbare receptie”.

Para Bupati harita nu ngaluuhan, nya eta :
1.  Bupati Cianjur Kyai Adipati Wiratanoedatar
2.  Bupati Bandung Adipati Wira Nata Koesoema
3.  Bupati Parakanmuncang Tumenggung Adiwidjaja
4.  Bupati Limbangan Tumenggung Wangsakoesoemah
5.  Bupati Sukapura Tumenggung Wiradadaha
6.  Bupati Sumedang Adipati Soerianagara

Ari pangageng bangsa Eropa ku Pamarentah Inggris diatur kieu di Bogor Landdrost (Residen) tuan Hartsinck; di Cianjur Commissaris tuan Couperus, di Bandung Commissaris tuan Tency.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook