Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Nyangu Ngangge Seeng

BAHEULA mah saacan aya kompor jeung langseng, atawa rice cooker, nyangu téh dina sééng.

Prak-prakanana mimiti béas diisikan dina boboko isikan, digesah sababaraha kali tuluy dilémbangkeun bari dipiceunan sérahna, nepi ka caina hérang.

Dina hawu anu parantos dihurungkeun seuneuna disadiakeun sééng dieusi cai sacukupna ditutup ku aseupan. Tah béas nu tadi téh diasupkeun kana aseupan dituruban ku boboko isikan téa nepi ka timus.

Saparantos timus lajeng dikarih dina dulang, nyaéta béas nu parantos timus tadi ditamplokeun kana dulang, ditinyuh ku cai asak tina sééng, digulah-galéh ku pangarih diratakeun, caina sina macak-macak, diantep heula nepi ka caina saat.

Lajeng gigih téh diseupankeun deui, dituruban ku daun cau teras ku boboko nepika sangu téh ngebul. Kanggo nawiskeun parantos asak, biasana ngabantun saréméh atawa dua réméh lajeng dipencét ku jempol sareng tungtung curuk, upami hipu éta tawis parantos asak.

Tos kitu mah dijait baé ditamplokkeun kana dulang, diakeul ku pangarih bari dihihidan dugika séép haseupna. Parantos kitu mah diwadahan baé kana boboko sangu lajeng ditetelkeun ku galo atanapi daun cau kenging ngaleumpeuh dugi ka buleneng. 

Sangu kenging ngakeul kitu mah dituang sareng uyah lembut gé ni’mat.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook