Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Diajar Motret ku DSLR

Fotografi (Photography) teh asalna tina kecap Foto (cahaya) jeung Graphia (ngagambar/nulis). Upama dihartikeun sabalakana, fotograpi hartina hiji téhnik ngagambar nu ngagunakeun cahaya. Dumasar tina harti éta, dina ngagambar atawa moto, cahaya tangtu jadi sumber nu utama.

Demi kaméra SLR (Single Lens Reflex) atawa D-SLR ( Digital ) nyaéta kaméra nu ngagunakeun jandela panoong (viewfinder) nu ngagambarkeun objek foto luyu jeung sudut pandang lénsa nu dipantulkeun tina eunteung nu aya tukangeun lénsa.

Dina kaméra DSLR, nepi ka kiwari tangtu aya fitur otomatis nu kudu dipiwanoh saacan nyoba fitur manual. Cenah, fitur otomatis téh ngébréhkeun si nu maké kaméra masih kénéh amatiran. Sab, lamun téa mah geus profésional, tangtu maké fitur manual. Sanajan teu kitu salawasna.

Fitur otomatis utamana digunakeun pikeun motret momen husus. Upamana aya kajadian nu ngan sajorélat, penting pisan, atawa momen nu teu bisa ditinggalkeun. Tapi aya nu leuwih mangpaat dina moto ku fitur otomatis, nya éta keur ngabandingkeun hasilna jeung hasil moto ku fitur manual.

Auto Mode
Atawa mode otomatis, di dieu kaméra bakal néangan “exposure” sorangan luyu jeung kaayaan nu ditarima ku sensor “light meter” (metering) kamera. Kamera bakal nangtukeun “exposure”, nyaéta “ISO”,” Apertur” jeung “shutter speed”, supaya hasilna maksimal cék kaméra. Biasana “auto mode” tara dipaké ku fotograper profésional mah.

Portrait Mode
Dina mode ieu, kaméra nu bakal mikir jeung nangtukeun objék nu pangdeukeutna kana kaméra, nangtukeun objék jalma nu maksimal dina fokus  sedengkeun kasang tukangna objék di-“blur”-keun. Upamana si objék foto kurang cahya atawa poék teuing, flash atawa blitz otomatis hurung. Flash ogé bakal otomatis hurung sanajan kaayaan caang, upama objék aya dina posisi tukangeun sumber cahaya. Misalna, dipoto bari nukangan matapoé. “Mode portrait” biasana jadi mode pangalusna keur moto  nu objékna jalma.

Macro Mode
Ngaranna gé makro, tangtu kateguh ti anggalna yén ieu mode téh gunana keur moto hal-hal nu laleutik. Nu ukuranana leutik. Hanjakal, mode ieu téh moal maksimal jeung leutik mangpaatna, kajaba upama urang ngagunakeun lénsa makro. Gawéna makro leuwih alus mun dinu caang. Sabalikna, moto ngagunakeun mode makro dina kaayaan poék, leuwih alus maké “tripod”. Sab titik fokus makro mah heureut, jadi kudu sing iatna dina milih titik fokus subjék.

Landscape Mode
Dina mode ieu, kaméra bakal ngagunakeun “aperture” leutik (f/nomer gedé) supaya bisa nyiptakeun fokus nu maksimal boh objékna ogé kasang tukangna (“background”).  Leuwih alus deui mode landscape mah upama ngagunakeun lénsa Wide.

Sport Mode
Olah raga kaasup kana kagiatan nu cepet. Hartina mode olah raga ieu ngagunakeun rana nu luhur atawa paling henteu diantara 1/500 – 1/1000 per detik. Maksudna ngagunakeun rana nu luhur ieu taya lian sangkan si objék ngagibleg. Beku. Teu usik. Padahal pan nu jadi objékna ge ngan sakolébatan asup kana daérah bidikan kaméra. Jadi, dina mode ieu mah ulah ngagunakeun flash. Hartina, mode ieu disarankeun dina kaayaan cuaca nu caang. Mode olah raga bisa ngahasilkeun foto nu maksimal ogé upama maké mode nu teu eureun-eureun (continous shooting), nyaéta gambar nu terus-terusan dijeprét salobana,  sapanjang tombol teu eureun moto.

Night Portrait Mode
Sab mode ieu mah digunakeunana di waktu peuting atawa dina kaayaan nu poék mongkléng, jadi dina hal ieu kaméra bakal otomatis nyaimbangkeun kaayaan nu poék tadi jeung kabutuhan cahaya, sangkan si subjék nu aya dina jarak foto kacumponan. Téorina kieu, “Aperture” dibuka sarubakna sangkan cahaya asup salobana keur ngagambar kaayaan kasang tukang (back ground), ogé ngajaga supaya subjék aya dina fokus.

Supaya hasilna henteu nge”blur” tangtu bisa ngagunakeun flash. Biasana dina modus ieu nonghol sababaraha kali, maksudna méh bisa nyiptakeun “ekposur” ganda nu teu bisa katempo.

Advance Camera Modes
Aya sababaraha mode sejen nu lumrah dina kamera DSLR mah, diantarana –M (Manual), AV (Aperture-Priority), TV atau S (Shutter-Priority) jeung P (Programmed Auto).
Manual, potograper dimungkinkeun ngarempag aturan-aturan tunggal nu dipedar di luhur.
Aperture-Priority mere kalaluasaan keur fotograper bisa nangtukeun niley apertur, sab kamera nu otomatis bakal ngatur rana nu pas jeung kaayaan.

Manual
Hartina, si fotogaper  dimungkinkeun keur ngarempag sagala aturan nu dipedardi luhur.  Nya éta nu mangrupa aturan tunggal.

Apertur-Priority
Si potograper bisa nangtukeun nilai “apertur”, sedengkeun rana diatur otomatis ku kaméra. 

Advanced Camera Modes
TV, bisa jadi pilihan potograper dina ngatur tingkat rana munggaran. Contona, motrét kagiatan olah raga. Kaméra bakal otomatis ngatur “apertur” nu pas.

P-Program sabenerna méh sarua jeung mode Auto, nya éta “shutter” jeung “aperture” diatur,  jeung ditangtukeun ku kaméra. Potograper nyaluyukeun arah jeung fungsi gambar rékaman atawa batas maksimal “Auto mode”-na wungkul.

Kenging Kang Deni
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook