Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Daun Puring

Karék apal tina grup FB Pustaka Sunda yén daun Puring (Codiaeum variegatum) téh bisa dilalab.  Da saapal kuring mah daun puring mah sok dipaké tanaman hias atawa dipelak di makam. Teu kabayang bisa dikonsumsi.

Tapi cenah mah énak.  Ngan tong diatah, da pait.  Kudu dikulub heula sakeudeung atawa diseupan. Rasana semu-semu amis. Dicocolkeun kana sambel téh pedo!

Salian enak dilalab, Puring téh loba mangpaatna. Di antarana keur ngurangan polusi udara, Puring kaasup tutuwuhan antipolutan.  Utamana bisa nyerep timbal hitam tina haseup kendaraan . Jadi cocog pisan keur tanaman lansekap di kota.  Cenah, bisa nyerep timbal nepi ka 2,05mg/l, leuwih unggul tibatan caringin nu ngan nyerep timbal 1,025mg/l.

Salian ti éta, puring ogé ngandung khasiat pikeun obat. Di antarana cai pangulubanna bisa keur ngurangan demam ku cara dipaké mandi. Kulitna bisa keur ngurangan diare. Carana, kulitna dilemeskeun teras dibalurkeun kana beuteung.

Daunna mah tibalik, keur pencahar.  Sabab ngandung serat selulosa nu alus keur pencernaan. Puring ogé bisa keur ngubaran panyakit sipilis. Lamun geus ngadahar lalab daun puring, kiih bakal leuwih lancar.

Tangkal puring teh loba rupana.  Aya nu daunna siga belut (puring belut), aya nu daunna reregéan (puring hias), aya ogé nu disebut puring peda. Nu disebut puring peda teh meureun pedah bentukna siga peda.

Secara botani, puring teh dulur jauh ti sampeu jeung kastuba. Cirina, batangna ngahasilkeun geutah bodas kentel, nu ngarupakeun ciri khas suku Euphorbiaceae.

Bade nyobian?
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook