Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Lampuyang


USUM hujan datang, bongborosan sok tumuwuh kalawan subur. Boh anu tadina teu dipelak, komo deui nu tadina meunang melak mah, najan keur halodo kungsi paraeh, musim hujan mah sok jaradi deui ku sorangan.

Salah sahiji bongborosan nu sok tumuwuh subur di musim hujan nyaeta Lampuyang (Zingiber zerumbet). Tangkal Lampuyang meh sarua jeung tangkal koneng.  Ari borosna mah meh sarua jeung jahe, mung rasana semu pait. Keur anu teu biasa mah, moal senengeun ngadahar lampuyang teh, padahal beuti lampuyang kacida gede mangfaatna, utamana keur nu boga kasakit maag.

Beuti lampuyang nu ngora, sok dipake lalab atah. Lampuyang nu meunang ngumbah bersih, dicoelkeun langsung kana sambel,

Lampuyang loba mangpaatna.  Malah ku urang wetan mah sok dipake jadi bahan jajamu. Khasiatna diantarana:
Nambah napsu makan:Lampuyang 150 g dicuci nepi ka beresih. Terus diparud nepi ka lembut, dikulub ku cai 2500 cc nepi ka caina tinggal satengah. Meh teu pait bisa ditambah gula beureum sacukupna. Memeh diinum disaring heula.  Dikonsumsi sapoe 3 kali sehari sasendok makan.
Batuk rejan atawa kinghus:Lampuyang dicampur kayu manis cina jeung bawang beureum nu geus dipanggang. Eta campuran ditumbuk terus diperes. Cai hasil peresana diinumkeun.

Alergi hurang atawa lauk laut: Lampuyang dikeuruet ipis-ipis.  Seduh jiga teh. Diinum unggal poe nepi ka cageur.

Encok:Lampuyang dibebek, campur jeung minyak kelapa katut lebu dapur. Ramuan ieu oge bisa jang ngobatan bareuh. Tinggal dioleskeun.

Rematik: Lampuyang dipesek laju dicampur cabe jawa.  Direndos nepi ka bubuk. Terus ditambah sangu garing. Ramuan ieu ditempelkeun ka nu nyeri.

Nambah darah:
Lampuyang diparud, dicampur jeung gula terus dikulub ku cai sacukupna. Ramuan diinum sapoe 3 kali sasendok makan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook