Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Tips: Cara Ngetik E Taling Dina Tablét, Smartphone Atawa Hapé

 
Dina Basa Sunda, hurup e dibacana bisa dua macem.  Aya e pepet. Contona dia kecap "ngetik".  Nulisna "e" biasa.  Aya oge e taling.  Contona dina kecap "tablet".  Nulisna beda.  Di luhur hurup e dibere garis miring leutik "é".

Hal ieu moal pati masalah mun ngetik maké laptop.  Tapi kuma mun dina hapé atawa tablét? Nya mun nu teu apal mah pasti bingung.  Jiga kuring. Héhé...

Tapi tong katutuluyan bingungna.  Di handap aya sababaraha hiji cara nu bisa dipaké jang ngakalanna. 
 
Kieu:

OS: Android
Mérek: Samsung Galaxy Note

Carana: instal aplikasi "MultiLing keyboard", aplikasina gratis di play store. Sanggeus diinstal urang tinggal neken tut "e" di keyboard rada lila. Engké bakal kaluar opat pilihan huruf e. Tinggal pilih é wé...

Handphone
Mérek: Nokia Qwerty X2

Carana: Teken tombol syim sareng tombol E babarengan. Keueum. Bakal muncul èëéê

Mérek: Nokia Asha

Carana: Dina settingan, pilih pengetikan ngagunakeun basa Inggris, teras pencét e dua detik, baris muncul pilihan é

Mérek: Samsung Champ (Eropa)

Carana: Ganti bahasa tulisan ku bahasa "Deutsch". Terus pencét rada lila tombol angka 3 nepi ka kaluar simbol: d,e,f,é,è,3.
 
Mangga bisi aya nu bade nambihan...
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook