URANG Sunda jigana moal bireuk deui kana lalab nu hiji ieu. Marèmè (Clochidion Arborscens Blume).
Pucukna sok dipakè lalab atahan keur coèl sambel. Hususna sambel oncom. Tapi dicoèlkeun kana sambel hèjo ogè payus ketang. Matak ni'mat jeung ponyo dahar.
Rasana semu kesed. Tapi langsung ilang ku 'sensasi' sambel. Pucukna nu semu beureum, malah aya nu beureum ati, karasa hipu mun digayem.

Salian ti dipakè lalab, marèmè ogè kaci dirujak. Sambarana ogè basajan. Cukup ku uyah, cèngèk, tarasi, gula, jeung cikur. Rasana leuwih pèdo tibatan rujak sèlong. Sok digalokeun kana sangu nu ngebul, dibaturan ku kurupuk jeung beuleum peda. "Maknyos!" mun ceuk pa Bondan mah.
Marèmè ge tetela sok dipakè keur ngubaran nu diare, sabab ngandung Flavanoid. Malah ceuk kolot baheula mah, alus hasiatna pikeun para istri nu geus boga salaki.
Kiwari, nèangan marèmè teh sok rada hèsè. Di pasar tradisional ogè kalan-kalan ayana, sok dibeungkeutan, diharegakeun dua nepika tilu rèbu rupiaan.
Jigana kiwari kudu loba dibudidayakeun deui.

Sumber gambar jeung tulisan ti Teh Enung di Grup FB Pustaka Sunda
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook