Pasar Baru Bandung 1920 |
Dina postingan Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (Bagean 20) disabit-sabit perkara kajadian geunjleung Munada 1845 di Bandung. Kuma cenah kajadian nu jadi catur nepi ka satengah abad saenggeusna téh?
Ieu aya tulisan kenging kang Tatang Sumarsono ngeunaan eta. Diserat janten 4 bagean. Mangga...

Aya kana satengah abadna jadi bahan caturna gé. Jadi kaomongan balaréa, duméh peristiwana dianggap ahéng. Henteu ngan sawates di kalangan ménak Bandung wungkul, tapi deuih tembus ka Nagri Walanda. Enya, peristiwa rajapati anu tumiba ka Asistén Residén Priangan—Carl Wilhelm August Nagel, taun 1845. Ari anu boga gawéna, Cina mualap ngaran Munada. Éta pangna ku urang Bandung harita sok disebut carios Munada; nyokot ngaran tina anu boga gawéna.
Pangna disebut ahéng téh lantaran teu ngan saukur dianggap peristiwa kriminal wungkul, tapi ngabaud ka ditu, ka dieu. Peristiwa Munada aya rambat kamaléna jeung intrik pulitik di lingkungan para ménak kabupatén, kaasup deuih hubungan antara gegedén anu nyekel kakawasaan jeung bangsa Cina anu geus kuat naluri bisnisna ti baheula kénéh, katurug-turug ditambah ku faktor marebutkeun awéwé.
Teu rék dianggap ahéng kumaha, dina kahirupan masarakat tradisional (Sunda) saabad satengah ka tukang aya kajadian anu sakitu pajurawetna. Katambah-tambah deuih anu jadi sasaranana gegedén bangsa Walanda. Beu, pangkat asistén residén téh lain joré-joré; kira-kira satata jeung kangjeng dalem (bupati). Dina susunan birokrasi jaman kolonial Walanda, bangsa urang mah pangluhurna téh ukur nempatan posisi bupati; ka handapna aya kapala distrik (wadana), onderdistrik (camat), jeung lurah. Ari jabatan gupernur jénderal (sok disebut kangjeng gupernemén), terus turun ka residén, asistén residén, jeung kontrolir salawasna dicekel ku bangsa Walanda.
Sanajan anu jadi sasaran rajapati téh bangsa Walanda, tur cék kacamata nasionalismeu, bangsa Walanda dina jaman harita téh disebutna ogé penjajah, tapi tepi ka ayeuna tacan aya anu nganggap yén Munada téh pahlawan. Bisa jadi sabab kasang tukang peristiwana dianggap taya hubunganana jeung sumanget ngalawan penjajah.
Lantaran dianggap peristiwa kriminal gedé, rajapati anu tumiba ka Asistén Residén Priangan téh tepi ka diarsipkeun di Algemeen Rijksarchief, Den Haag. Kitu anu kungsi katalungtik ku Dr. Edi S. Ekadjati (almarhum) dina taun 1986, waktu keur mapaykeun naskah jeung dokumén di perpustakaan Koninklijk Instituut voor Taal-, Land-, end Volkenkunde, Nagri Walanda.
Dina kapustakaan Sunda heubeul, kitu cék panalungtikan Dr. Edi S. Ekadjati jeung Drs. Aam Masduki, peristiwa Munada anu ngageunjleungkeun téh didokuméntasikeun dina opat naskah, nyaéta Wawacan Carios Munada (WCM, ditulis taun 1910), Sajarah Timbanganten (ST, ditulis ahir abad ka-19), Kitab Pancakaki (KP, ditulis pertengahan abad ka-19), jeung Babad Radén Aria Adipati Martanagara (BRAAM, disusun taun 1923). Inténsitas materi anu dibahasna teu sarua; aya anu mangrupa carita mandiri, aya anu posisina ukur jadi bagian tina carita anu leuwih lega. Carita nu panglengkepna aya dina WCM, sabab éta mah ditulisna husus pikeun medar lalakon poko, saluyu reujeung judul naskahna. Mémang antara waktuna peristiwa jeung ditulisna naskah téh aya jarak 65 taun. Jadi teu mustahil aya katerangan anu géjlog.
Salian ti dina WCM, peristiwa Munada ditulis rada panjang dina ST jeung BRAAM. Ari dina KP mah ukur disabit saeutik, henteu mangrupa carita husus. Najan peristiwana éta-éta kénéh, tapi materi anu aya dina tilu naskah téh (WCM, ST, jeung BRAAM) henteu sarua persis, kaasup dina nataan palaku, titimangsa kajadian, jumlah komplotan, jeung kasang tukang kajadianana. Pangna kitu téh bisa jadi ku sabab aya jarak anu jauhna puluhan taun, antara lumangsungna peristiwa jeung mimiti ditulisna. Lian ti éta, bisa jadi ku sabab sumberna béda-béda, tur katarimana ogé ukur sacara lisan. Katambah deuih titik tilikan saban nu nulisna teu sarua; gumantung ti lebah mana nyawangna, tur teu mustahil aya kapentingan séjén, boph nu nyamuni boh nu brukbrak. Tapi najan kitu, ari galur carita anu poko mah sarua, kitu deui tokoh-tokoh utamana.
Ayeuna urang cutat lalakon Munada tina BRAAM. Najan materina ditulis, tapi wanda tulisanana mah jiga basa lisan. Bisa jadi tadina tina katerangan lisan anu langsung dicatet kitu waé, henteu diédit deui. Kieu geura.
(hanca)

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook