Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sesebutan keur tempat anu aya patula-patalina jeung Gunung & Leuweung


Di handap ieu kabeungharan basa Sunda ngeunaan sesebutan keur tempat anu aya patula-patalina jeung Gunung:

Gawir : sisi jurang, taneuh anu mudunna nyuksruk atawa sisi taneuh anu lungkawing
Gunung : taneuh anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna leuwih ti 600 méter
Jungkrang / Jurang : bagian taneuh anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawés
Lamping : bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana; bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna
Léngkob : tempat anu legok antara dua lamping
Momonggor /Monggor : pasir nu rada handap sarta leuwih leutik
Mumunggang, Geger : bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang
Pasir : gunung leutik tur teu sabaraha luhur
Ponclot / Poncot / Punclut : bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb
Puncak : bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot
Somang : jurang anu gurawés sarta jero
Tutugan : suku gunung, bagian gunung beulah handap

Mun ieu sababaraha sesebutan keur Leuweung:

Leuweung : tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah.
Leuweung geledegan : leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku manusa iwal sarupaning sasaton.
Leuweung gerot : leuweung geledegan, leuweung gedé.
Leuweung gonggong simagonggong : leuweung nu kaayaannana geueuman, pikasieuneun.
Leuweung larangan/tutupan : leuweung nu teu meunang diganggu boh sasatoannana boh tutuwuhanana.
Leuweung luwang-liwung : leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook