Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Guguritan Paragi Nyawer


ASMARANDANA

1.
Sim koering njuhunkeun widi,
ka sadaja noe majunan,
badé njelang heula njawér,
saméméh ngersakeun toeang,
metakeun karasmian,
galib talari karoehoen,
toeroenan Nabi Adam.

2.
Metik galibna noe alim,
noelad pitoeah pandita,
didamel soendana baé
poegoeh poeloenganeunana,
mangga kanggo loemajan,
aja nu resep ngadangoe,
tah kieu ieu oengena.

KINANTI

3.
Poen sampoen ka Sang Roemoehoen,
ka Batara ka Batari
ka Batara Naga Radja,
kasadaja para pohatji,
ka Goeroe Ratoe sadaja,
noe tjalik djadi tjandoli.

4.
Kaoelanoen amit ampoen,
ka anioe kagoengan boemi,
tobat kapara djoeragan,
anoe sami pada soemping,
noe lenggah di papadjangan,
toea anom djaler istri

5.
Répéh sadaja noe koempoel,
noe njawér kaloeli-loeli,
njawér moerangkalih soenat,
noeroetan djaman bihari,
lampah sepoeh baheula,
njoehoenkeun salamet diri.

6.
Mentas ngaloeloeskeun lakoe,
parantos ngabrangbrangkeun galih,
moenjoeng ka iboe ka rama,
ka nini sareng ka aki,
ka bibi sareng ka paman,
koe doeméh menbéan soemping.

7.
Tjoendoek badjoena ti timoer,
dongkap atmana ti hilir,
kengingna lantang ti pasar,
beunang ngadjak samamargi,
nja kénging ngandung iboena,
ti kang rama awit nittis.

8.
Kawitan ti asal enoer,
moelana asal ngadjadi,
saboelan sang koempa herang,
doea boelan koempa hening,
tiloe boelan goeloeng rasa,
opat sasih toeroen rohid.

9.
Lima sasih emboet-emboet,
genep sasih bisa malik,
toedjoeh sasih roh ka doea,
dalapan sasih wahdati,
ka salapan oedjang medal,
nya soemping ka alam lahir.

10.
Loengsoer ti marga rahajoe,
nja soemping ka margi boemi,
soeméar di alam padang,
soeka rama iboe nini,
deudeuh djaja karantenan,
pameget di kolong langit.

11.
Nangtoeng dina koewoeng-koewoeng,
mipir-mipir katoembiri,
njoekang dina tédja mentrang,
njélékét di kilat tatit,
pangawak hédjo tjaroelang,
watek kaimpoengan wargi.

12.
Njekel di palias djoekoet,
masing titih soegih moekti,
mangka loeas beurat beunghar,
loba doeit boentjir leuit,
soegih keton réa ketan,
salira djadian siwi.

13.
Seuweu ratoe kedah toemoet,
putra mantri kedah tilik,
nu agoeng linggih di radja,
noe éndah lebah di goesti,
dilingkoeng para djoewita,
dibanding pra widadari.


14.
Goeroe ratoe koedoe toemoet,
para wali noe ti gigir,
iboe ramana ti tengah,
ti poengkoereun sanak wargi,
ti loehoer pra malaikat,
noe ngabagikeun redjeki.

15.
Poeter koeroeng ti pangamboeng,
boeloe bitis kawas pitjis,
tapak djalak dina létah,
radja kalang dina pipi,
radjah wahana didada,
satria djalantir koening.

16.
Noe nilik sakabéh woedjoeng,
noe ningal sadaja asih,
ngembeng pandjang boeboedina,
noe loenggoeh mindag ti peuting,
oelat manis ngembang méntjrang,
midang siang anom sigit.

SINOM

17.
Sekar bingbin langarian,
sekar kalapa tjinoegi,
sekar pinang di majangna,
soekoer kamanjangan teuing,
disawér koe béas koening,
béas beureum anoe hoeroeng,
koeningna kawas tédja,
ditingalna langkoeng resmi,
ngagoerilap hérang mani siga emas.

18.
Nabi Joesoep noe madjengan,
disanding koe nabi Idris,
digenggem koe Rosoeloellah,
moeroeb sakoeriling diri,
Nabi kabéh noe ngaraping,
loenggoehna dina rahaju,
djajana kamanoesaan,
tjalik di sanggiang sakti,
malaikat sadajana noe ngadjaga.

19.
Koe Djabrail disandingan,
djeung malaikat Minkail,
Isropil nja kitoe pisan,
ngaraksa sakoejoer djisim,
nitipkeun beurang peuting,
ka sadaja noe kadeboet,
kabéh para olia,
sinareng ka para wali,
moega nganti sampoerna doenja achérat.

KINANTI

20.
Pajoeng tiloe noengkoe-noengkoe,
pajoeng toejoeh noe ngoeriling,
pajoeng dalapan ngadjadjar,
pajoeng salapan ngabanding,
oelah katoengkoel ramana,
sareng oelah boeret galih.

21.
Koedoe nganggit-nganggit kalmoe,
kadah ngaraoskeun galih,
noe njawér kedah sampoerna,
supanten toembalna matih,
panadjem oelah ditilar,
bati dagang kedah bidjil.

22.
Oetjoetkeun popondén radjoet,
pikeun toelak sial diri,
malar tebih balaina,
masingna parek redjeki,
salamet pandjang joeswana,
doegi ka alam noe lahir.

23.
Neda ma'loem tjoekoep loemoer,
ka sadaya noe lalinggih,
ieu anu njawér tamat,
geura lebet moerangkalih,
tjalikkeun di papadjangan,
ondangan soemangga linggih.
***

Dokumentasi Pustaka Sunda, 16/2/2014
Transkripsi: Usep Acx, Eni Setiani
Editor: Ki Hasan
Sumber Asal: Poesaka Soenda, "Goegoeritan paranti njawer", No.2 Augustus 1922, Taun ka 1, kaca 26-28.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook