Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (1)

Karangan Raden Asik Natanegera dina “VOLKSALMANAK SOENDA” Tahun 1938

Bubuka

Samemeh prak medar sajarah Sumedang, nu nulis karangan ieu, hayang menerkeun heula kakaliruan dina VaS 1937 kaca 272, lebah putra Pangeran Karoehoen (Karuhun) nu pangsepuhna pameget ti garwa padmi, kakasihna lain “Raden Tawang”, saenyana “Raden Poespanata”(Puspanata); da ari Raden Tawang mah putra panganomna ti antara putra pawarang nu tilu tea. Nya kitu deui dina kaca 281 dina lebah “Raden Demang Martanagara nampi gelaran Adipati, mistina ditulis “nampi gelaran Tumenggung” jeung gentos  jenengan jadi Raden Tumenggung Patrakoesoemah (Patrakusumah). Tina kasalahan ieu, nu ngarang ieu sadjarah Sumedang neda tawakup.

***
                          
AYEUNA nu mimiti dipedar sajarah nu kamashur “PANGERAN KORNEL”, nu saestuna jenenganana sarta gelaranana teh PANGERAN KOESOEMAH ADINATA (Kusumah Adinata), Bupati Sumedang taun 1791-1828.

Mantenna kakasihna keur murangkalih: “Asep Djamoe (Jamu)”, putra Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara (Surianagara), ditilar ku rama dina yuswa 3 taun sarta sanggeus sawawa dilandi jenengan “Raden Soerianagara”.

Dina buku-buku Babad Sumedang loba pisan kacaturkeunana, malah kacaritakeun dina waktu keur nonoman kungsi lolos ti Sumedang ngantunkeun garwa nu keut bobot, putra Bupati Sumedang waktu eta (taun 1775-1789) Raden Adipati Tanoebaja (Tanubaya) II, nu dina Babad Sumedang mah katelahna Raden Tumenggung Tanoebaja II atawa Dalem Tumenggung Patrakusumah – Patuakan, sabab dikendangkeun ka Batawi, linggih di kampung Patuakan, dugi ka pupusna, sarta nelahna “Dalem Patuakan” bae. Nurutkeun carita dina Babad Sumedang mah anjeunna teh nu hasud ka para putra Sumedang tea, babakuna ka Raden Soerianagara, nepi ka kersa nandasa ka anu jadi mantu.

Ceuk sakaol mah, Raden Soerianagara ka Dalem Patuakan teh kapernah dahuan, saderek garwana. Ari katerangan nu nulis ieu karangan mah, dongengna Raden Soerianagara (Asep Djamoe) teh beda pisan jeung dongeng dina Babad Sumedang sarta nurutkeun surat-surat asli nu kapanggih, kieu tuturanana:

Raden Adipati Soerianagara, sasurudna dina taun 1765, nilarkeun putra  - istri tilu, nyaeta:
1.  Nyi Raden Jogjanagara (Yogyanagara)
2.  Nyi Raden Sarianagara
3.  Nyi Raden Bandianagara

Jeung hiji putra pameget murangkalih keneh pisan yuswa 3 taun, nu nelah kakasih Asep Djamoe.

Lajengkeuneun
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook