Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Disunatan Jaman Baheula


(tina buku "Di Lembur Kuring" - kénging Sjarif Amin)

Jaman baheula mah, mun budak rék disunatan teh sok kudu dikeueum heula, dina birit leuwi nu rada tarik. Didogdogan, diarak, iring-iringan, bari jeung obor-oboran, da sok poék kénéh ngeueuem téh. Kawas nu ngamandian ucing baé!.

Atuh sabot budak dikeueum, ramé anu silih simbeuh babaseuhan, silih jibregan, awéwé lalaki sarukan-sukan. Malah sok ngahajakeun milu, ka nu rék ngeueum budak téh, nu nyaho kikindeuwanana milu mah.

Jubleg ditangkubkeun, ditilaman samak weuteuh, keur diuk anu arék disunatan téh. Disina nyanghareup ka wétan.

Sempringna ngeureut budak, bareng jeung raména nu nyebut : “Kasép!”, cét nu meuncit béla. Hayam jago keur bakakak dahareun budak sunatan jeung panggang ketan.  Ari banrang sebrél mah budak téh sok disina nyabak susu rayud!.

Der nu kaul, nu penca, nu debus, nu silih téplok ku leutak, sukan-sukan cara silih simbeuh keur ngeueum.  Budak pada nyecep.  Wadah duitna bokor atawa kobokan.

Geus bisa hudang, sok disina leuleumpangan di buruan. Ngan bisi dipacok hayam, sok disarungan. Ku sarung madras nu leuleus biasana mah, dibeubeuran, ti jerona diselapan jugang. Tapas wates dua ramo mah rubakna. Disina kabeubeuran tungtungna jeroeun sarung, tungtungna nu sabeulah deui ngajugang sarung ka hareup, ngarah sarungna teu antel ka nu bohak, henteu ngagasrukan ari leumpang.

Rada égang budak téh, leuleumpangan di pipir, bari dibéré awi meunang nyeukeutan tungtungna, minangka iteuk, disina nyocogan kalakay. Lumayan tamba barala teuing, teu ngahaja sasapu ogé!.

Geus rada jagjag mah malah sok disina mandi di balong. Ngahaja dipangnyieunkeun rarakitan ku gebog cau, ngarah resepeun ngeueum, itung-itung ngumbah, ngarah luduh getih garing nu napel dina bohakna. Da nyerieun ngahaja-haja diberesihan mah.

Da tara lila budak téh, ilaharna saminggu ogé geus pulih.

Sok rajeun aya nu lila rék cageur téh biasana mah nya kitu baé, teu kaur balas dipacok hayam.!
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook