Golongan darah (getih) manusa dibagi jadi sabahara golongan. Hal ieu bisa ditingal tina aglutinogen (antigen) dan aglutinin (antibodi) nu aya dina getih jelema.
Nu awal ngabagi getih kana "golongan darah" nyaeta Dr. Landsteiner jeung Dr. Donath. Dina getih jelema ngandung aglutinogen (antigen) dina eritrosit (sel darah merah) dan aglutinin (antibodi) nu aya dina "serum" cacai plasma getih-darah. Dumasar ku ayana aglutinogen jeung aglutinin, golongan darah manusa dibagi jadi sistem AB0. Ku sistem ABO, golongan darah di bagi jadi opat golongan:
- Golongan darah A, nyaeta jelema anu ngandung aglutinogen A, jeung dina serumna ngandung aglutinin β, dirumuskeun jadi (A, β ).
- Golongan darah B, nyaeta jelema anu ngandung aglutinogen B, jeung dina serumna ngandung aglutinin α, dirumuskeun jadi (B, α ).
- Golongan darah AB, nyaeta jelema anu ngandung aglutinogen A jeung B, dina serumna henteu ngandung aglutinin dirumuskeun jadi (AB, --).
- Golongan darah O (sakuduna na mah disebut golongan darah 0=enol) nyaeta jelema anu henteu ngandung aglutinogen (lantaran enol aglutinogen), dina serumna ngandung aglutinin α dan β , dirumuskeun (-, αβ ).
Golongan darah-getih teh turun tumurun nurut ka indung atawa ka bapana. Panalungtikan ngeunaan sipat getih, terus dijalankeun dugi ka kiwari, lain panalungtikan ahir.
Panalungtikan Karl Landsteiner taun 1901, ngahasilkeun 4 golongan darah, Golongan A, golngan B, golongan AB jeung golongan 0 (enol) – lain O, ngan urang biasa nyenut golongan “O”, dugi ka ayeuna masih tetep di paké : Sistemna disebut sistem Landsteiner atawa sistem AB-0.
Ku kamajuan jaman ayeuna mah, teu bisa jeung teu meunang pisan!!, yén golongan 0 bisa di transfusikeun ka golongan mana waé (donor univérsal), atawa golongan AB nampa ti golongan AB jeung 0. (resipién univérsal) Ayeuna mah kudu sarua wae sajinisna masing-masing.
Panalungtikan terus dilaksanakeun nepi ka kiwari, diantarana:
• sistem Rhesus (Rh) – sistem D, golongan Rh positif (+) jeung Rh negatif (-),
Dina panalungtikanana, Leindsteiner manggih aglutinogen nu aya dina getih monyet, Maccacus rhesus, dingaranan "aglutinogen rhesus". Tina fakta ieu, golongan darah dibedakeun deui jadi dua golongan, nyaeta:
1. Golongan darah Rh+(Rhesus positif), nyaeta jelema anu ngandung aglutinogen rhesus.
2. Golongan darah Rh–(Rhesus negatif), nyaeta jelema anu henteu ngandung aglutinogen rhesus.
Dina ngalaksanakeun transfusi sistem rhesus kudu omat. Upaman golongan darah Rh + , teu bisa jadii donor pikeun golongan darah Rh-, lantaran bisa ngabalukarkeun aglutinasi (penggumpalan).
Kasus lianna : lamun aya indung nu miboga golongan darah Rh– , terus ngandeg - ngandung orok anu golongan darah Rh+, bisa kajadian sel darah bayi bakal ruksak, ngajadikeun kasakit anu dibawa ku orok nyaeta "eritroblastosis fetalis", anu bisa ngancam kahirupan orok.
• sistem MNS, golongan MN jeung Ss
• sistem Kelly, Duffy jeung Kidd
• Sistem Lewis, golongan Lea jeung Leb
• Sistem I
• Sistem P
• Malah golongan darah 0, loba deui sub golongan atawa jinisna, Golongan darah: 0 bombay, 0 parabombay.
Kenging: Sam Askari Soemadipradja di Grup FB Pustaka Sunda

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook