Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kabuyutan Ciburuy

CIBURUY teh ngaran kabuyutan di suku Gunung Cikuray. Perenahna di Désa Pamalayan, Kacamatan Cigedug, 23 kilometer anggangna ti Kota Garut. Éta tempat kacida pentingna. Lantaran di inya kasimpen rupa-rupa kakantun sajarah tur kapiara nepi ka kiwari. Kabuyutan Ciburuy ku pamarétah ditetepkeun jadi situs sajarah.

Di Kabuyutan Ciburuy aya keneh IMAH ADAT CIBURUY hanteupna injuk, ngadeg dina lahan nu legana kurang leuwih 380 tumbak. Wangunanana nenggang ti imah-imah sejen. Lian ti leuwih jangkung tur gedé oge meh sarupa jeung imah gadang nu réa kapanggih di Minangkabau, Sumatra Barat.

Wangunanana aya dua: Nu kahiji disebut Bumi Kaum (paragi neundeun pusaka:keris, péso pangot, kujang, trisula, jeung sajabana); Nu kadua disebutna Bumi Padaleman kacida dikaramatkeun (di inya eusina naskah2 buhun anu digurat kana RON TAL jeung NIPAH teu kurang ti 750 lempir. Ngan teu weuteuh kabeh, aya kana 438 lempir anu buruk).

Kabuyutan Ciburuy téh baheulana mandala, pusat kaagamaan anu ditangtayungan ku Raja. Puseur na kagiatan intelektual jaman harita téh dibuktikeun ku ayana naskah-naskah Sunda buhun nu penting kapanggih di Ciburuy (Diantarana naskah Piwejang Galunggung jeung Sewaka Darma) mana nepi ka kiwari, kabuyutan Ciburuy masih keneh jadi pangjugjugan nu ngaradon jarah.

Ka Bumi mah nu jarah téh bisa lar bus iraha baé, ngan lamun hayang ningali pusaka kudu sataun sakali, dina acara séba anu dilaksanakeun bulan Muharam. Sabab eta Bumi Padaleman jadina hanteu sagawayah, semah karék bisa asup ngan dina mangsa upacara séba.

Urang Lembur Ciburuy mah kacida tukuhna ngajaga éta aturan dina upacara seba, kabéh warga Ciburuy masamoan boh nu araya di dinya boh nu keur ngalumbara. Sikep urang Ciburuy kitu téh katelahna TUKUH CIBURUY!

CIBURUY ayana di wewengkon Garut salah sahiji kabupatén Provinsi Jawa Barat anu ngabogaan sajarah panjang. Wewengkon GARUT tadina mah kabawa ka Kabupatén Limbangan nya jadi Limbangan– Garut, kiwari mulang deui jadi Kabupatén Garut.

Kenging Richadiana Kartakusuma di group fb Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook