Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Seni Sunda nu Ngandung Unsur Magis

AYA sabaraha Musik Sunda nu kentel ngandung unsur magis di sababaraha daérah, diantara Tarawangsa ti Sumedang, Gembyung ti Subang jeung nu séjénna ti daérah di Tatar Sunda. Disebut ngandung unsur magis kusabab Tarawangsa, Gembyung lain saukur musik & ngibing, tapi aya kakaitan reujeung dunia Métafisika, saluyu jeung kapercayaan pamaén & nu ngibingna.

Seni Gembyung ti daerah Subang kiwari ampir langka, béda jeung Tarawangsa ti Sumedang, nu kiwari masih tetep éksis. Gembyung & Tarawangsa ilaharna peuting diayakeunana, sora gembyung nu monoton, sérésétna sora tarawangsa, ditambah suasana peuting, mawa émosi, pikiran nu ngibing palid ka alam bawah sadar.

Kitu deui jaipongan, ketuk tilu, kliningan, aya lagu-laguna anu dianggap ngandung unsur magis/métafisika keur anu percaya, saperti Lagu Siuh, Kembang Gadung, Buah Kawung, anu bisa mawa émosi & pikiran nu ngibing ka alam bawah sadar. Musik, lagu diluhur lamun ukuran logika nu dipaké tangtu moal asup, tapi lamun ningali réalita/kanyataan, tibaheula nepika kiwari tradisina masih aya.

Gembyung, Tarawangsa mangrupa kabeungharan Seni Sunda warisan karuhun, Seni warisan nu wajib dimumulé ku urang sundana sorangan, sangkan anak-incu jaga apal ayana lain saukur dongeng/literatur.

Dicutat ti Grup FB Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook