LUAS wewengkon Kabupaten Garut ayeuna gabungan wewengkon nu tadina kabawa ka kabupatén séjén. Sawaréh urut Kabupatén Balubur Limbangan ngawengku Limbangan, Wanakerta (Cibatu), Wanaraja, Suci (Garut), Panémbong (Bayongbong). Sawaréh Kabupatén Sukapura/ Tasik-malaya ngawengku Batuwangi (Singajaya), Kandangwesi (Bungbulang), Nagara (Pameungpeuk). Sawaréh deui Kabupatén Parakanmuncang (Cicaléngka) anu ngawengku Cikembulan (Lélés) jeung Timbangantén (Tarogong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sumedang, nyaéta Malangbong, jeung sawaréh urut Kabupatén Cianjur, nyaéta Cisewu.
Saabad lilana (1813–1913) wewengkon Garut disebut Kabupatén Limbangan, puseurna Balubur Limbangan. Béh dituna deui, Balubur Limbangan téh disebutna Galuh Pakuan anu diadegkeun ku Prabu Limansenjaya Kusumah (Sunan Cipancar).
Taun 1811, ku Gubernur Jéndral Daendels, Kabupatén Limbangan dibagi-bagi sarta digabungkeun jeung Kabupatén Sumedang, Bandung, Cianjur jeung Parakanmuncang pikeun reorganisatie (reorganisasi) jeung hervorming (cnah mah basa ti dituna mah pajah ngabebenah wilayah).
Laju, pikeun ningkatkeun hasil tatanén, pangpangna kopi, Abah Daendels ngaluarkeun sistem tanam paksa (cultuurstelsel ) pikeun nutupan hutang VOC ka pamaréntah Walanda. Atuh satuluyna Limbangan dihirupkeun deui taun 1813 ku Thomas Stanford Raffles (Gubernur Inggris nu harita ngawasa Nusa Jawa). Bupati Limbangan harita Radén Adipati Adiwijaya, putra cikal Pangéran Kornél Sumedang.
Taun 1913 resmi diaran Kabupatén Garut, harita Aria Wiratanudatar VII munggaran ditetepkeun Bupati Garut. Perkara ngaran Garut aya sasakalana. Mangsa ngabaladah tempat keur pidayeuheun béjana aya nu kakarut. Kecap Garut téh robahna tina kecap 'kakarut' ku Walanda mah kadéngéna Gagarut.
Wewengkon Garut ngalaman kamajuan anu hadé pisan dina paro kadua abad ka- 19. Pangpangna mah lantaran jasa dua jalma anu harita jadi dwitunggal di Garut, RH. Muhamad Musa (Panghulu Kabupatén Limbangan - Garut) jeung Karel Frederic Holle (juragan kebon entéh Waspada, Cikajang). Ketakna dua jalma, sistem tatanén di Garut kacida majuna, malah Garut jadi daérah anu kaitung subur dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Priangan.
Dina abad ka-20, Garut kawentar pangpangna jadi puseur kabupatén réa dijugjug ku turis malah katelah Swiss van Java lantaran kaéndahan alamna. Lian ti hawana anu tiis, dilingkung ku gunung (Gunung Cikuray, Papandayan, Guntur, Karacak, Talaga-bodas, Haruman).
Garut gé jadi puseur perjuangan pergerakan merdékakeun Indonésia anu aktif dina SI (Sarékat Islam anu tuluyna jadi PSII/Partai Sarikat Islam Indonesia: Kiyai Harmaén, KH.Yusuf Tauziri, Kartosuwiryo, KH.Mustafa Kamil, Haji Hasan, Aruji Kartawinata). Nepi ka jaman revolusi, para inohong perjuangan tetep makalangan boh di tingkat lokal boh di tingkat nasional.
Taun 1960 diluluguan Bupati Garut Radén Gahara Wijaya Surya satékah polah mulang kana 'Mooi Garut' = kota diberesihan nepi ka jalan-jalan lalening. Malah mah ceunah kabejakeun Bupati turun ka jalan mun ningali runtah atawa tai kuda ngotoran jalan.
Nya atuh rahayat Garut lingsem ningal paripolah bupatina antukna surti milu ngajaga kaberesihan di lingkunganana séwang-séwangan. Nepi keun ka Présidén Sukarno ngalélér anugrah Garut Kota Intan (1962). Ngan hanjakal sesebutan GARUT KOTA INTAN teh kiwari ukur panineungan.

Kenging: Richadiana Kartakusuma tina Grup FB Pustaka Sunda
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook