Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Digegel Anjing Edan (Bagean 1)


Mendak file kintunan kang Subagja Haliem tina grup Indonesia Tempo Dulu nu nyaritakeun pangalaman bapana keur leutik di Cilawu Garut dina taun 1947, nu kungsi digegel anjing.  Waas macana geura.

Harita teh di Desa Kersaanyar Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut awal taun 1947. Ngaran kuring Halim, karek asup sakola di kelas hiji Sakola Ra’yat. Geus biasa unggal isuk memeh asup ka sakola murid-murid sok dibariskeun di lapang hareupeun bale desa; kelas lima jeung kelas genep mah barisna teh bari marawa tongkat tina awi meunang nyeukeutan. Bapa guru sok nepikeun pangumuman atawa panerangan-panerangan, geus kitu mah kakara murid-murid sina asup ka kelas. Mun ayeuna mah jigana baris kitu teh sarua jeung apel siaga.

Dina hiji isuk basa rek baris di lapang, babaturan nu ngarana Amir nembongkeun duit sasen tambaga nu geus petot, meureun katakol mah. Bari nembongkeun duit manehna nyarita “Urang meuli yu ka Ma Eyoh”. Teu nembalan kuring katut babaturan hiji deui nu ngarana Sapdia ngan nuturkeun Amir ka warung Ma Eyoh. Nu dibeuli teh buah pisitan sasiki. Ku manehna dipasian dibagi tilu.

Bari ngaheunghum pisitan balik deui ka rek muru baris di lapang ngaliwat ka tukangeun masjid, ari gok teh pasarandog jeung anjing nu ngaherengan bari rek ngarontok. Sararea birat muru ka jalan gede ngaliwatan buruan Nini Ijah. Di buruan Nini Ijah teh unggal isuk sok loba tai entog jeung huut sesa parab nalambru.

Gedebut teh kuring labuh tisoledat nincak tai entog, atuh gerewek anjing teh ngegel kana cangkeng. Geus ngegel mah anjing teh lumpat deui we mangprung ongkoh mah pada ngudag deuih. Kuring cengat, cangkeng urut digegel anjing karasa peurih, kitu deui bujur jeung tuur. Bujur urut kuku anjing sabab ngegel cangkeng teh bari ngekedkeun kukuna kana bujur, ari tuur mah urut tisungkruk kana batu.

Teu terus ka lapang kuring teh tapi balik diiringkeun ku Sapdia.

Bapa kuring nu rek indit pisan ka sawah mawa parang keur nyacar galeng ninggali
kuring balik bari ceurik, anjeuna nanya “kunaon make ceurik?” Di pangjawabkeun ku Sapdia “ Digegel anjing edan, Mang”.

“Ieuh, pek weh rek digarawe mah, Emang mah itu geuning budak cilaka”, saur Bapa kanu ngarumpul nu rek bareng digawe jeung anjeunna.

“Muhun mangga Mang. Muga-muga Halim sing enggal sehat”.

“Pa Marja Kokolot lembur sumping, kuring di jampe, rahuet tapak digegel anjing ku anjeuna diburaan ku panglay, saurna “Keun moal lila ge cageur” cenah.

Jigana mah kaemut ku Bapa yen digegel anjing mah ulah di lalaworakeun, kulantaran eta anjeuna tuluy ka sakola bari ngakeup kuring rek ngumaha ka Bapa Guru.

“Jang Guru tangtos pun anak teh kedah dibantun ka rumahsaki nya?” ceuk Bapa ka Pa Guru.

“Kantenan wae Kang, mangga ka rumahsakitna mah sareng abdi”.

Bari ngakeup kuring Bapa ngiringkeun Pa Guru arindit ka rumahsakit nu aya di kota Garut. Ngajugjug ka rumah sakit teh badarat we, jauhna aya kana sapuluh kilometer. Jalanna ngaliwat Ngamplang. Waktu keur mudun di Reungas Pa Guru ngarandeg, bari gumujeng nyarios ka Bapa “Sapatu teh geus butut Kang, ah rek di tunda we da era dipake oge”.

“Teu langkung Jang Guru” ceuk Bapa.

Pa Guru muka sapatuna tuluy disumputkeun dina dapuran awi di sisi jalan. Lancinganna nu ngajiripit meunang ngistrika sarta heuras meunang nganji disingklikeun nengah bitis, anjeuna angkat teu di sapatu. Geus puguh Bapa mah da sapopoe ge tara.

Di rumah sakit kuring teh disuntik. Ti rumahsakit terus ka kantor pulisi. Geus nepi ka kantor pulisi mah Pa Guru mulih tiheula, Bapa mah henteu da aya keneh nu kudu di uras-urus. Waktu balik, di jalan panggih jeung pamuda nu ngajingjing hulu anjing diwadahan kana rinjing cenah kudu disetorkeun ka kantor pulisi. Eta teh hulu anjing nu ngegel kuring tea, beunangna cenah digebug ku barera. (Hanca)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook