Balik deu kana lalakon. kareta panumpang mah harita cenah dikurangan sabab lolobana dapake ngakutan tentara. Wanci lohor kareta panumpang karek datang, sararea gagancangan naek atuh da geus kesel ngalelentuk ngadagoan. Ieu kareta teh teu kebat deui wae ngan tepi ka Kroya, atuh turun deui eukeur mah geus burit deuih. Di Kroya mah teu 6 apal duka Bapa lapor ka kantor pulisi duka henteu, ngan wae tempat sare teh saperti kudang nu ngupuk. Tapi najan sare di tempat nu kitu bari teu diharudum, da tibra we sare teh.
Isuk-isuk sararea ngabring ka stasion, ieu ge cara kamari kudu ngadagoan kareta deui. Basa kamari mah di Jogja kuring kabita teh ku jambu batu di Kroya mah kabita ku tahu meunang ngagoreng. Aya nu ngadagoan kareta api sarua jiga kuring, salaki pamajikan. Salakina tangtuna tos dagang tahu da nyanghareupan nyiru nu dieusi tahu kari saeutik, aya kana sapuluh siki deui mah, cengek weh jeung uyah mayak na nyiru teh. Jigana mah cape jeung lapar ngahiji, bari cingogop nyanghareupan nyiru teh ngadon celemut weh ngadaharan tahu. Digegel sabeulah-sabeulah bari dicocolkeun heula kana uyah nu mayak, di selangan ku cengek sapotong-sapotong. Kuring kabita tapi teu nyarita ka Bapa mah.
Teu lila kareta api datang, atuh gancang sararea naek. Teu kacatur di jalanna geus nepi weh ka Garut, palolohor. Sanggeus turun tina kareta Bapa silih hampuraan jeung Ema Jang Ade jeung kang Mangsur, urut babarengan ayeuna papisah. Sararea silih du’akeun muga bisa papanggih deui; tapi teu bisa papanggih deui da teu lila ti harita kasambung ku jaman geumpeur. Garut diserang ku Walanda, agresi militer ka hiji.
Nyi Oja mah teu papisah di stasion da basa rek indit teh Bapana panuhun ka Bapa supaya di pangjajapkeun ka bibina nu aya di Kondangrege deukeut talun. Ti stasion teh leumpang we tiluan ngajugjug ka bibina Nyi Oja. Di talun, panggih jeung nu rek ka Kandangrege bari wawuh jeung Nyi Oja, sakalian dipihapekeun waeh Nyi Oja teh, henteu terus dijajapkeun ka Bibina. “Jig wae Nyi sing salamet. Emang mah teu bisa ngajajapkeun ka ditu da Emang mah jauh keneh, kaburu burit”, ceuk Bapa.
Sajeroning leumpang teh kuring luak lieuk, ongkoh ieu teh di Garut tapi teu aya tempat atawa wangunan nu apal, jeung leumpang teh ka keler teu mengkal-mengkol.
“Bapa rek ka mana ieu teh, apan rek balik?” kuring nanya ka Bapa.
“Enya rek balik” waler Bapa.
Bari Leumpang nuturkeun Bapa hate mah teu weleh heran, “Naha rek ka mana ieu teh?”. Keur kitu kadenge sada aya nu bebelentrangan, ari direret sihoreng di panday keur narakolan beusi. Tempat nu geus apal, malah kungsi dibawa kadinya ku Bapa waktu meuli pacul. Geus kitu mah kakara leungit ling-lung teh.
Nepi ka lembur meureun kira-kira jam lima sore mah. Ti Batuluhur katinggali jelema ngariung di astana. “Bapa tinggali itu aya nu maot” ceuk kuring ka Bapa.
“Enya we, saha nya” waler Bapa.
“Meureun Mang Pe’i mah, da basa urang indit teh keur gering ripuh”.
“Enya meureun” saur Bapa.
Barudak nu keur rame ngadu langlayangan di Sawah Garing salah saurang ninggalieun kuring datang, “Euleuh itu Halim datang”, pokna bari nyampeurkeun. Nu sejen ge nyalampeurkeun ngabageakeun.
“Saha nu maot teh barudak?” saur Bapa.
“Ceu Ijah budak Ambu Nenti, Mang” ceuk barudak mani reang.
“Euh, enya”.
Di imah kasampak Ema jeung Nini. Barang ninggali kuring jeung Bapa datang sakedapan mah hareugeueun, geus kitu mah gabrug nini ngarangkul, sono! Sapeupeuting tatangga daratang ngabageakeun.
Pa guru nu ngajajapkeun ka rumahsakit isukna sumping ngalayad kuring, wanci lohor sanggeus bubaran sakola.
“Alhamdulillah, geuning budak teh geus sehat nya, Kang” saur Pa Guru ka Bapa.
“Sumuhun Jang Guru, mudah-mudahan we sing sehat saterasna” waler Bapa.
“Ieuh, kade engke mah ari ka sakola teh ulah bengbatan. Bisi aya anjing edan deui,” saur Pa Guru ka kuring bari gumujeng.
“Muhun,” jawab kuring bari tungkul.
“Basa wangsul ti rumahsakit tea, Kang. Pan abdi teh neundeun sapatu di Reungas, ari disampeur teu aya, ku nu ngabantun. Jigana mah ku tukang ngarit”.
“Atuh kumaha Jang Guru?” Saur Bapa.
“Ah, sawios Kang da tos butut ieuh” saur Pa Guru.
Dina poe nu kaduana kuring geus asup ka sakola deui. Barudak sakola malah kolot ge nu papanggih jadi arapaleun ka kuring, da ari kuring ngaliwat teh sok nyarita ka baturna “Tuh itu budak nu digegel anjing teh”.
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook