Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Digegel Anjing Edan (Bagean 4)


Sararieup baheula mah moyan teh sok bari ngalaan tuma, cetrek-cetrek ditindesan mun kapanggih tumana. Puguh mun ceuk ukuran ayeuna mah matak gila tapi teu kitu harita mah da sararea ge sarua kitu, teu gila jeung teu aneh. Malah mun na pakean hiji jelema euweuh tumaan sok dipikahelok ku nu nyahoeun mah. Tuma teh sabangsa kutu ngan rupana bodas jeung leuwih gede ukuranna, cicingna sok dina nu nyumput saperti dina keliman pakean. Sarana kasehatan harita mah kacida kurangna nu matak loba kutu, tuma, jeung tumbila ge. Ari tumbila nyumputna teh lain dina pangsarean wungkul dina korsi oge betaheun, rek korsi di imah, rek dina beus, rek dina kareta api sarua betaheun. Dasar korsi baheula mah pangdiukan jeung panyarandeanana lolobana tina anyaman hoe puguh tumaninah pikeun panyumputan tumbila mah.

Jaman sagala darurat harita mah, papakean langka nu baroga rangkepan, batur ulin ge loba nu sapopoena ditaranjang. Bakat euweuh lamak, goni ge dikaput dijieun baju atawa calana. Sabun langka jeung mahal, keur nyeuseuh papakean sok make cai sapu meunang ngaduruk. Keur mandi ngarah luduh daki teh sok make daun peuteuy selong meunang ngagelang atawa daun jayanti sarua deuih digelang heula memeh dipake teh. Kasakit nu larap ampir ka unggal jelema nyaeta budug atawa rodek.

Aya duaan budak nu digegel anjing sapantar jeung kuring sarta unggal poe sok babarengan, tapi ngobrol mah tara da pada-pada teu ngarti. Dina hiji poe kuring jeung babaturan ulin lalajo pandu nu keur latihan. Diatur jadi sababaraha barisan, nusawareh hanjat kana taktak nu sejena nepi ka jadi sababaraha umpak,nu pangluhurna saurang nangtung. Duka naon ngaran kaulinan teh kuring teu nyaho tapi aya nunyebut nu kitu teh standen cenah. Keur anteng lalajo aya anjing gede jeung hideung lumpat nyampeurkeun.

Atuh kuring buru-buru nyingkir nyingkahan anjing, ari pek anjing teh kalah terus ngudag, kuring beuki sieun, ceurik weh ditarikan bari lumpat. Anjing diudag jeung digeroan kunu bogana, tuluy ditewak. Kuring pada ngupahan sanajan bari teu pati kaharti oge. Cenah mah anjing teh muru bungkusan nu dialungkeun, tapi barang nenjo kuring lumpat jadi cul kana bungkusan ngadon hayoh ngudag kuring. Lain rek ngegel cenah tapi anjing keur resep ocon.

Disuntik gigireun bujal teh aya kana duapuluhkalina geus kitu mah dianggap sehat, jaram anjing edan geus paeh moal ngabahayakeun deui. Lamun nu digegel anjing edan teu buru-buru dibawa ka rumahsakit matak bahaya. Apan cenah aya kajadian, di daerah banyumas aya budak digegel anjing edan teu dibawa karumahsakit tapi diubar-aber di lembur. Heuleut sababaraha poe budak teh jadi panas awakna, ngamuk jeung sosontrol kawas anjing, gep ngegel ka lanceukna. Cara adina, lanceukna teh teu dibawa karumah 5 sakit, atuh teu beda jeung adina ieu lanceukna jadi panas, ngamuk sarta sosontrol sarta ngegel ka lancek nu panggedena. Budak nu tilu geringna beuki parna, pada ngajaga bisi ngabahayakeun batur, ahirna maraot kabehanana. Ieu kajadian teh jadi obrolan di rumahsakit, duka enya henteuna mah.

Sanggeus disuntik duapuluh kali kuring sabatur-batur teh geus bisa mulang ka Garut. Nutupken disuntik teh harita poe kemis. Teu bisa langsung balik poe eta keneh dan can aya keur ongkos jalanna oge, kudu nungguan nepi ka poe senen cenah. Balik ti rumah sakit mah teu dianteur ku pulisi deui nya Bapa nu ditugaskeun jadi pamingpin rombngan teh.

Poe senen isuk-isuk kuring sararea amitan kanu aya di rumah sakit. Ngabring genepan nuturkeun Bapa nu nyandak surat ti rumah sakit ngajugjug ka kantor pulisi, laleumpang leuwih ti sakilometerna mah. Bapa di kantor pulisina teh rada lila, kuring sararea ngadagoan we bari ulin. Ti kantor pulisi tuluy ka kantor jawatan sosial. Bapa lebet ka kantor nyetorkeun surat, tidinya mah kalur deui nungguan dipanggil da harita teh geus ngagimbung jelema nu nungguan panggilan teh. Kulantaran Bapa mah kaasup nu pandeuri ka kantor teh, atuh giliranna dipanggil teh pandeuri pisan.

Aya papan digantungakeun dina tembok pinuh ditapelan poto rupa-rupa. Kuring sararea resep ninggalian poto teh. Aya hiji poto mun nu ninggali ret ka dinya sok matak seuri. Potona teh nagambarkeun jelema keur nagog na pacilingan mani bangun anteng ngararasakeun beuteung nu ngusial. Pacilinganna cukang awi luhureun balong dipindingan ku bilik dibunderkeun. ”Nu keur modmod” ceuk indung jang Ade bari seuri.

Wanci lohor kakara Bapa dipanggil. Sup Bapa ka kantor teu lila kaluar deui bari nyandak duit di keupeul. Bapa nembongkeun ka Indungna jang Ade bari nyarios “Tuh keur bekel” cenah. Ti kantor jawatan sosial sararea nagjugjug ka setasion, Kareta api geus nyampak sararea langsung naek. Ngan duka Bapa teh duka ngagaleuh karcis duka henteu, nyebut duka teh pedah we pan mekel surat jalan ti kantor pulisi tea. Perjalanan sore teh ngan nepi ka Jogja, da geus burit mah taya kareta nu ka kulonkeun. Ku Bapa sararea dibawa ka kantor pulisi, sanggeus nembongkeun surat jalan sararea diaku jeung dipernahkeun di bangunan bagian tukang. Kuring ulin dipakarangan tukang, aya guha dua ngarendeng, jalan kajero guha ditangga-tangga, luhureun guha diamparan keusik kandel kurang leuwih satengah meter, dihandapeun keusik diamparan ku papan jati nu pohara kandelna. Saur Bapa nu matak diamparan keusik teh sabab keusik mah teu tembus ku pelor atawa bom.

Isuk-isuk keneh geus pamitan ka pulisi nu jaga rek muru ka stasion. Rada jauh oge ka stasion teh tapi teu cape da leumpangna teu rurusuhan jeung resep loba titinggalian nu araraneh. Nya harita di Jogja kuring mimiti ninggali beca da di garut mah can tutumpakan nu jiga kitu teh. Datang ka stasion kareta nu ka kulonkeun can aya, atuh ngadon nungguan heula. Aya nu dagang jambu batu, bareureum jeung galede naker. “Pa, hayang jambu” ceuk kuring ka Bapa. “Engke”, waler Bapa “di lembur ge loba jambu mah”. Jeung enya na di lembur mah loba jambu teh, kuring teu keukeuh deuih hayang meuli jambu, da meureun najan Bapa nyepeng duit ti kantor jawatan sosial eta mah keur bekel sararea. Bapa mun tepi kana mangsana dahar sok ngagaleuh sangu dipincuk keur sararea.

Harita teh duit hese pisan diarahna, sanajan barang beulieun langka tapi teu mahal jiga ayeuna, harga beas ukur dua ketip saleterna, mun boga duit sarupia teh bisa dibeulikeun kana beas lima letereun, saratus rupia meunang liaratus letereun. Tapi baroga duit teh tara rratusan komo rebu, ukur sarupia dua rupia weh. Ema kuring keur barang dahar sapopoe ngan henteu we barang beuli teh, cukup ku hasil tatanen wae saperti hui, sampeu, kacang, bawang, jeung sajabana. Hayang tempe sok nyieun sorangan, hayang oncom pon kitu deui, hayang endog nya kudu ngadagoan hayam ngendog heula. Mun popolah tara di goreng da minyak mah kudu di beuli, kitu we bangsa dibeuleum, diangeun, dipais, atawa dikulub. Eta teh lantaran hesena ngarah duit numatak boh Bapa boh Ema tara mere duit keur jajan. (Hanca)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook