Turun di stasion Jogja teh geus peuting, sararea ngabring nuturkeun Pa Pulisi nu maturan ti Garut mula ngajugjug ka kantor pulisi. Barang nepi, sup ka kantor, Pa Pulisi ngangkat panangan bari ngucapken merdeka ka nu aya di kantor. Sanggeus di bales kakara nepikeun laporanna nyaeta maksud datang kadinya sarta nembongkeun surat-suratna. Sanajan geus peuting ge pribumi jeung semah nu anyar datang ngadon terus ngalobrol di rohangan kantor pulisi teh. Ari barudak mah terus we galogoleran neruskeun hanca sare nu katunda.
Isukna ti kantor pulisi ngabring deui bae ka stasion muru kareta nu ka Klatenkeun. Kareta nyampak, atuh sararea naek milih pangdiukan sewang sewangan da kosong keneh harita teh. Teu kacatur di jalanna geus nepi we, turun di stasion Klaten terus ngajugjug ka rumahsakit. Najan rada jauh rumah sakit aya kana skilometerna mah, teu kana tutumpakan tapi ngabring we. Anjog ka rumah sakit Pa pulisi teh nepikeun laporanna sarta mikeun susuratan ngenaan pasen nu karek datang. Samemeh laporan jeung sanggeusna teu kalangkung Pa Pulisi ngangkat panangan bari ngucapkeun salam “Merdeka” cenah. Patugas nu narimana oge kitu sarua. Pa Pulisi wawartos ka Bapa jeung sabatur-batur yen tugasna geus beres, ayeuna najeuna kari mulih ka Garut. Bapa nganuhunkeun ka Pa Pulisi sartya ngadu’akeun supaya salemet sarta lancar di jalanna.
Pasen nu karek datang teh dipernahkeun di sal anu masih keneh lowong, kuring sasal jeung Kang Mangsur malah pangsarean ge ngarendeng. Nu gering di jero sal teh ruparupa kasakitna, kacida barauna di jero rohangan teh. Kuring kacida teu betahna, jelema nu sakitu lobana kabeh garering jaba nyarita na te kahalarti deuih, ngan Kang Mangsur wungkul nu bisa di bawa nyarita teh. Bapa teu meunang maturan sare di jero sal, tapi kuring embung ditinggalkeun atuh ngan hing weh kuring ceurik. Kapaksa ku Bapa ditungguan, geus kuring sare mah meureun Bapa teh angkat duka dimana kulemna.
Adegan sal teh teu ku tembok nepi ka luhur tapi duduk jandela, ranjang tempat nu gering ampir pageye-geye da nu geringna loba pisan. Di rohangan hareup aya meja sarta korsi paranti patugas, bangku panjangweh sababaraha hiji pikeun diuk nua aya kaperluan ka patugas.
Nu gering di gegel anjing edan mah awakna jaragjag, kulantaran eta sapopoe teh arulin we di luar. Asup ka jero sal teh mun pasosore rek sare atawa aya kaperluan sejenna. Diubaranana ku obat suntik dina sakuriling bujal. Mun poe ieu disuntik luhureun bujal, isukan kencaeunna, pageto handapeunna, tuluy katuhueunna, terus luhureun deui, kencaeunna kitu we nguriling salila dirawat teh. Jam sapuluh isuk-isuk disuntik teh, dina tapakna gigireun bujal sok ngajendul sagede padudan kacida peureus jeung nyerina nepika nu tos disuntik teh langka nu teu terus ceurik, kajeun kolot oge. Rereana mah sosongkolan bari humaregung ngararasakeun bujal nu tas disuntik.
Pa Aang mah urang Banjar, kolot eta teh, bakat ku sieun, memeh disuntik geus lewa lewe bari dodongkoan ngarampaan beuteung, barang manehna kagilirian barang jos barang gaur weh ceurikna narikan. Kabeh nu aya di dinya teu aya nu teu seuri, nyeungseurikeun Pa Aang malah nu keu keur aduh alah humarurung ge sok nyelang heula seuri heula atawa paling henteu nyenghel mah kudu. Lamun Pa Aang datang ka tempat di suntik teh sok rame pada ngagonjak. “Kajeun teuing da nyeri mah moal karasa ku batur!” jawabna ngabela diri.
Di bagi ompreng atawa dahar teh ti rumahsakit ngan sakali kalina jero sapoe teh nyaeta kira-kira jam duaan. Malum jaman darurat, sangu diwadahan kana piring seng nu geus barocok. Sapiring sangu teh teu pinuh, ari deungeunna mimindengna tempe meunang ngungkeb anu dikalapaan tea sakeureut. Sakapeung mah deungeun sangu teh tauco meunang ngagodogkeun tuluy meureun disiuk dikucurkeun kan sisi sangu. Tara di dahar 4 kuring mah mun deungeun sangu tauco teh da gila ninggalina, jiga taeun nu muncrut nyeri beuteung. Kang Mangsur mah sabalikna mun deungeuna tauco teh sok ataoheun, “Kadieukeun ari gila mah keur akang” pokna teh bari nyokot piring kuring dikeruk tauco na.
Bapa isuk keneh sok geus sumping nyandak pincuk, eusina teh surundeng jeung kere weh sakeureut, tara ngirim sangu da langka nu ngajualna jaba mahal deuih. Barangdahar sapopoe the kitu wae, isuk-isuk surundeng minangka sasarap pasosore sangu satengah piring. Jajauheun kana jajan mah kajaba eta oge mun Bapa aya nu miwarang didamel heug diburuhan, Bapa sok masihan lima sen mah ka kuring.lamun jajan kuring mah ngan sok weh mikeun duit terus nunjuk kan barang anu rek dibeuli, atuh diladangang kunu dagangna. Sakapeung mah ngaladanganna teh sok bari ngaheureuyan, kuring oge seuri we atuh bari teu ngarti naon maksudna.
Mantri tukang suntik teh urang Bandung nu ngungsi ka Klaten, barang terangeun Bapa ti Garut atuh diangken kudu kulem di bumina. Sapopoe Bapa sok sadamel-damel di bumina. Kurad-kored di buruan atanapi beberes lianna. Gareuha Pa Mantri sok dagang lotek di taweuranna, keur dagangna ku Bapa dipangdamelkeun sasaungan di sisi jalan.
Bapa jeung kuring mekel pakean teh saraket awak wungkul, ngan katambahan mekel sarung Bapa mah. Lamu pakean geus kotor pisan heug diseuseuh Bapa mah sok disasarung we ari kuring nya ditaranjang, kamana-mendi uulutudan. Teu, teu era teu sing, da batur ge kitu sarua. Ditaranjang teh lain mun pakean keur diseuseuh wungkul tapi oge mun Bapa ninggali kuring kalahka gegetret. Ceuk Bapa “Buka sok urang alaan tumana” atuh porosot weh ku kuring di buka baju atawa calana teh.
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook