Pasosore Bapa pada nepungan naranyakeun kaayaan kuring. Diterangkeun ku anjeuna yen kuring teh kuduna mah dibawa ka rumahsakit di Bandung, tapi di Bandungna keur Geumpeur loba Walanda, nya keur ngubaranna teh kudu di bawa ka rumahsakit nu aya di Klaten deukeut Solo. Nu narepungan lain kolot wae, barudak batur ulin ge aya daratang nepungan kuring. Maranehna muji-muji cenah kuring bakal loba pangalaman nyaba jauh tumpak kareta api,. Bubuhan waktu harita mah can aya barudak di lembur kuring nu ngalaman nyaba jauh bari tutumpakan deuih, mun nyaba paling jauh ka Garut eta oge bari badarat.
Sanggeus tilu poe ti tas kajadian kuring kudu dibawa deui ka rumahsakit di garut pikeun di pariksa, tapi moal balik deui ka lembur sabab kudu terus dibawa ka rumahsakit di Klaten. Ema jeung Nini tangtu wae sedih rek ditingalkeun teh tapi teu loba cacarita, ngan pasemona bae nu alum ngalimba. Harita jaman sagala hese, rek nyanyabaan teh Bapa ukur mawa bekel sakadarna. Nu dibawa teh pakean saraket awak jeung koja weh dieusi sarung hiji katut jeruk garut aya kan tilu kilo mah, da ngan eta nua aya.
Urut digegel anjing teh di rumah sakit dipariksa da geus cageur raheutna mah, tapi oge disuntik deui. Ti rumahsakit terus ka kantor pulisi, di dinya geus nyampak aya sababaraha urang anu sarua tas digegel anjing sarat rek diinditkeun ka Klaten. Diitung nu rek indit teh aya genepan, nu digegel anjing genepan jeung nu nganteur weh duaan. Nu digegel anjing teh kuring, Kang Mangsur urang Bentar, Nyi Oja urang Malangbong, jeung Ade ti Cioyod.
Ari nu nganteur nyaeta Bapa jeung indungna Ade. Nyi Oja teu dianteur, ku Bapana di pihapekeun ka Bapa, kitu deui kang Mangsur manehna teu dianteur da geus pamuda. Sararea ngumpul di kantor pulisi pikeun dicatet katerangan-katerangan keur bawaeun pulisi nu rek marengan isuk ka Klaten. Sanajan piinditeun teh isukan Bapa teu balik heula ka lembur sabab karunya ka kuring bisi cape. Mun balik heula teh hartina ti kantor pulisi harita muru ka stasion isukan teh kudu leumpang heula duapuluh kilometer. Nu balik mah ngan Kang Mangsur wungkul da Bentar mah deukut. Sararea ngarendong di kantor pulisi teh patinggaloler dina bangku.
Isukna, isuk keneh kuring digeuingkeun ku Bapa diajak sibeungeut di WC. Embung asup ka WC the tadina mah, daek soteh bakat dipaksa. Kuring asup bari jejengkean jeung bibirigidigan, atuh da saincak-incak teh kokotor nalalambru.
Sanggeus beberes sararea ngabring ka stasion dibarengan ku pulisi. Kareta api geus nyampak, sararea langsung unggah kana gerebong, nu uras-urus mah pikeun kaperluan perjalanan mah nya ku pulisi tea. Harita jaman susah, boh uang kitu oge barang sagala hese. Tapi perjalanan jeung tatamba di rumah sakit teu jadi pikiran keur sararea oge da eta mah geus ditanggung ku pamarentah.
Cunduk kana waktu indit, riyeg kareta nu ditumpakan ngariyeg, kuuiiiiiiii….kk sora hatong ngajerit, jegjeg-jegjeg, jegjeg-jegjeg sora gilinding beusi ngageleng kana sambungan erel beuki lila beuki gancang. Bari nyarande kuring ninggali kaluar. Tihang kawat, jelema, tatangkalan, sasatoan, jeung sakabeh nu katinggali di luareun gerebong lalumpatan, ku kuring harita weleh teu kaharti naha bet kitu, lin kuduna mah karetana nu maju? Kareta kebat maju ka wetankeun, awak karasa lungse, kuring nyarande gigireun Bapa. Sora gilinding nu jegjegan, sora haseuep anu bosbosan tina lokomotip sarta sakapeung dialokan ku kuuiiiiiiii….kk sora hatong asa mepende, teu karasa reup weh kuring sare.
Hawa tengah poe anu kacida panasna ngahudangkeun kuring, mani hayang sahinghingeun ceurik teu kuat ku hareudang. “Keun sing sabar”, saur Bapa, “Anggur mah tuh ka deukeut jandela ngarah tiis kaanginan”. Di luaren gerebong teh katinggali pasawahan nu kacida legana tangkal kai ancal-ancalan. Di handapan hiji tangkal kai anu anggang di tengah sawah katinggali aya saung gede. Di lembur oge aya saung jiga kitu teh sarua deih handapeun tangkal kai disebutna saung bah Wira. Sangkaan kuring bareto ngaran saung gede tengah sawah teh Abah Wira, teu nyaho eta teh ngaran nu bogana.
“Pa itu aya saung Abah Wira” ceuk kuring bari nunjuk.
“Lain” waler Bapa, “Abah Wira mah di lembur urang, ieu mah di banjar”.
Poe ngagayuh ka burit, kuring resep ngalong da jandela, nu katinggali di luar matak helok keur kuring mah, da puguh tara nyanyabaan komo ieu bari tumpak kareta sagala. Geus biasa pasosore teh barudak sanggeus mandi sarta salin pakean teh pating alabring sabatur-bataur. Aya warung di kelek jalan anu motong erel kareta. Barang kareta rek ngaliwat, nu boaga warung gancang nyokot bangku panjang sarta di teundeun ngujur jalan, itung-itung palang pintu ti dituna mah pikeun ngahalangan barudak nu ronghok mun kareta ngaliwat. Tangtu geus biasa kituna teh jigana mah. Harita oge hareupeun warung teh ngagimbung barudak laleutik. Rupa-rupa pamolahna basa kareta ngaliwat teh, aya nu nonggengan, nu ngajebengan, nu meureupan, geus puguh nu nyurakan mah.
Kareta terus maju, beurang geus ganti kupeuting reup kuring sare deui, hudang soteh digeuingkeun ku Bapa di stasion Jogja. Bapa nyarita yen gerebong nu ditumpakan teh tadi rek kahuruan sabab silalatu tina hawu kareta nyarangsang dina hateup gerebong nu dilapis ku aspal. Hadena kanyahoan basa keur eureun di stasion Kutoarjo. “Ngan kuring ripuh mapangku nu sare kawas bangke pindah ka gerebong sejen” saur Bapa ka kuring. (Hanca)
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook