Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kujang


Kaunggel dina SSK (Sanghiyang Siksakanda ng Karesian) jeung KS (Kidung Sunda): "Ganggaman sang wong tani ma: kujang, baliung, patik, kored, sadap. Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun" (pakarang pikeun tatani nyaeta kujang. baliung. patik, kored, peso sadap. Detya anu jadi dewa pangasuhna- ieu pakarang pikeun nyokot anu bisa didahar jeung anu diinum).

Kujang teh horeng pakarang seukeut anu dipake pakeun sapopoe - ngan lamun kapaksa jadi pakarang PERANG utama anu ampuh. Nu utama guna pakarang KUJANG mah kaasup pakarang PANGRAYEK dina eukeur ngayakeun upacara ritual keagamaan.

Tah ai anu dicaritakeun dina Pantun Bogor mah kieu:

"...Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit, wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara ngaraksa. Kujang teh dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur galur nu cacatur, kujang dua pangadekna..."

Kenging  Richadiana Kartakusuma‎ di Pustaka Sunda

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook