Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pupuh Ladrang & Sekar Tandak

PUPUH Ladrang kaasup pupuh Sekar Alit wanda laguna ngan sarupa, watekna ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Pupuh ladrang diwangun ku 4 padalisan, guru lagu jeung guru wilanganna:

Padalisan ka – 1 --> 10 – i
Padalisan ka – 2 --> 8 – a
Padalisan ka – 3 --> 8 – i
Padalisan ka – 4 --> 12 – a

Conto rumpaka Pupuh Ladrang jeung Sekar Tandak:

Coba teguh masing telek telik,
éta gambar, éta gambar,
sugan nyaho, Ujang nyai,
sato naon reujeung di mana ayana.

Nu kadua anéh aya ceuli,
nu gunana nu gunana,
béda jeung ceuli nu galib,
ceuli naon tuduhkeun lebah gambarna.

Nu ka tilu geura sidik-sidik,
digelungan digelungan,
ngarumbay lamun di cai,
musuh lauk di balong jeung di walungan.

Coba teguh masing telik,
éta gambar sidik-sidik,
sato naon kitu wanda,
reujeung di mana ayana.

Nu kadua aya ceuli,
ceuli naon sing taliti,
ceuli béda ti biasa,
tuduhkeun dina gambarna.

Nu katilu sing taliti,
dibébérés digelungan,
sok ngarumbay mun di cai,
di balong jeung di walungan.


Sumber: Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook