PUPUH Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.
Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan. Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding.
Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.
Pupuh Wirangrong sapadana diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.
Padalisan ka – 1 --> 8 – i
Padalisan ka – 2 --> 8 – o
Padalisan ka – 3 --> 8 – u
Padalisan ka – 4 --> 8 – i
Padalisan ka – 5 --> 8 – a
Padalisan ka – 6 --> 8 – a
Conto rumpaka pupuh Wirangrong jeung Sekar Tandakna:
Barudak mangka ngalarti,
ulah rék kadalon-dalon,
enggon-enggon nungtut élmu,
mangka getol mangka tigin,
pibekeleun saréréa,
modal bakti ka nagara.
Nagara jeung lemah cai,
perlu pangjaring pangrojong,
pamumulé panyarungsum,
malar tetep jaya sakti,
nagara tetep merdika,
sampurna mukti wibawa.
Hé barudak mangka ngarti,
ulah rék kadalon-dalon,
nungtut élmu jeung pangarti,
masing rajin soson-soson,
pibeukeuleun hirup tanda,
modal bakti ka nagara.
Lemah cai anu urang,
perlu dijaga dibéla,
Indonésia nu merdéka,
perlu pangrojong pangjaring,
pamumulé nu sampurna,
pangraksa beurang jeung peuting.
Malar nagri jaya sakti,
pinareng unggal darajat,
kaunggulan lemah cai,
wajib dijaga dirumat.
Dicutat ti Pustaka Sunda
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook