URANG Sunda mah biasana nyebutna "Gatotgaca", anak Bima jeung Arimbi, versi aslina mah Bhima jeung Hidimbi. Ngaran aslina Ghatotkacha, anu hartina "sirahna siga kendi". Tina kecap India "ghaṭ(tt)am" nu hartina kendi, jeung "utkacha" anu hartina sirah.
Dina padalangan Sunda, Gatotkaca mibanda dasanama, nyaeta: Arimbiatmaja, Arimbiputra, Arimbisuta, Bimaputra, Bimasiwi, Bimasuta, Guritna, Gurubaya, Guruputra, Hidimbiatmaja, Jabang Tutuka, Kalananata, Kacanegara, Kancingjaya, Krincingwesi, Purabaya, Suryanarada, Satria Malajang Tengah, Satria Pringgandani.
Salian tina kasakten, Gatotkaca mibanda pusaka hadiah ti Batara Guru nyaeta Caping Basunanda, Baju Antakusumah, jeung tarumpah Padakacarma.
Gatotkaca dititisan ku Dewa jeung pamanna anu ngaraga sukma, nyaeta:

- Dewi Saptapangrungu, nyukma kana pangdanguna.
- Hyang Bajingakiring, dina peureup katuhu.
- Hyang Tapaknanggala, dina tapak katuhu.
- Pamanna Braja Lambatan, beuki hebat ngapungna
- Braja Musti, dina leungeun-peureup kenca, sakaligus aji Semugunting.
- Braja Wisesa, ngaraga sukma jadi kakuatana
- Braja Denta, ngaraga sukma dina tuur katuhu
- Braja Wikalpa, ngaraga sukma dina tuur kenca.
Gatotkaca ngajodo ka Dewi Pergiwa, anak pamanna Arjuna - nurunkeun Bangbangkaca (dina wayang kulit mah Sasikirana), patih Astina anu dirajaan ku Prabu Parikesit.
Carita lainna mah nyebutkeun dua garwa Gatotkaca salian ti Dewi Pergiwa nyaeta Dewi Suryawati jeung Dewi Sumpaniwati, anu masing-masing nurunkeun Suryakaca jeung Jayasumpena.
Versi Mahabharata, Gatotkaca garwaan ka Ahilawati, wanoja ti karajaan Naga , nurunkeun anak Barbarika.
Sumber: Pustaka Sunda
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook