Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Istilah Patukangan dina Basa Sunda

Patukangan teh nyaeta anu boga pagawean atawa anu purah migawe hiji pagawean.  Istilah dina bahasa sunda diantarana :

Anjun: tukang nyieun parabot tina taneuh
Amil, lebe: Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
Badaya: Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
Bujangga: tukang nyieun/ nulis carita
Barangmaen: Tukang jajaluk
Bengkong: Tukang nyunatan
Candoli: tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Dalang: Tukang ngalakonkeun carita wayang
Gending: tukang nyieun parabot tina kuningan
Indung beurang: paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
Kabayan: tukang dititah ka ditu ka dieu
Kajineman: 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan: tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng: tukang ngagusur padati
Kulaer: kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen: tukang ngurus kuburan
Legig: tukang ngasruk dina pamoroan
Lopor: Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
Malim: tukang nalukkeun sasatoan
Masinis: Tukang ngajalankeun lokomotip
Maranggi: tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot: tukang nakol bedug
Nayaga: Tukang nabeuh gamelan
Nyarawedi: tukang ngagosok permata
O’ah: Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
Pakacar: bujang, juru laden
Palatuk: iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang: tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika: tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang: tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang: tukang ngala lauk di laut
Panday: tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan: tukang nyadap
Paninggaran: tukang moro
Panyumpit: Tukang nyumpit
Sarati: tukang ngusir gajah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook