Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sekar Rukun: Ketakna Nonoman Sunda

UNGGAL tanggal 28 Oktober urang sok miéling gumelarna Sumpah Pemuda. Nu disebut sumpah téh mirupa naskah anu eusina nandeskeun tékad nonoman di sakuliah Indonésia pikeun ngabeungkeut manéh minangka hiji bangsa, nu nyicingan hiji lemah cai tur miboga hiji basa pameungkeut: Indonésia.

Eta naskah téh hasil tina Kongrés Pemuda Indonésia II, di Jakarta, 27-28 Oktober 1928. Ari nu ngarojong jeung nungkulan kongrésna nyaéta sababaraha organisasi pamuda, minangka wawakil ti wewengkon atawa séké sélér nu aya di Indonésia.

Dina naskahna, salah sahiji organisasi pamuda anu kacatet téh nya éta Sekar Roekoen (macana: Sekar Rukun). Hartina, Sekar Rukun milu ngarojong tur nungkulan éta kongrés.

Rada ahéng puguh gé ngaranna téh. Kapan jaman harita mah umumna organisasi nonoman téh maraké ngaran jong, kekecapan Walanda anu hartina “pamuda” alias “nonoman”. Ari kecap sekar aya dina basa Sunda katut basa Jawa anu hartina kembang. Kecap rukun gé, boh dina basa Sunda boh dina basa Jawa, sarua dipikawanoh ku balaréa, anu hartina akur. Jadi, upama ditilik tina ngaranna mah Sekar Rukun téh teu pamohalan nimbulkeun kabingung: naha organisasi Sunda atawa Jawa?

Harita di Bandung aya hiji gedong pajemuhan anu dingaranan Societeit Paroekoenan (macana: Sositét Parukunan). Parukunan jangkar kecapna rukun, saméméh dirarangkénan ku pa- jeung -an. Hartina, éta gedong téh tempat cacampuran pikeun hirup rukun atawa akur jeung sasama. Tah, mun balaréa inget ka dinya mah, pasti bisa neguh yén Sekar Rukun téh jolna ti Tatar Sunda, lain ti Jawa. Ongkoh organisasi pamuda anu ngawakilan urang Jawa harita mah kapan geus tétéla Jong Java téa.

Ngan anéhna, dina média citak kayaning surat kabar atawa majalah harita, boh anu dikokolakeun ku urang Sunda boh anu dikokolakeun ku batur, teu ngawartakeun kalawan écés tina perkara organisasi pamuda anu ngaranna Sekar Rukun ti Tatar Sunda. Kitu deui di perpustakaan Museum Nasional (ayeuna mah Perpustakaan Nasional, di Jakarta), taya koleksi media citak anu kalawan husus ngawartakeun Sekar Rukun. Ku kituna pedaran ngeunaan Sekar Rukun boh sacara husus boh sacara umum éstu teu kapanggih dina buku-buku sajarah Indonésia.

***

Taun 1994 kabeneran meunang béja yén di Perpustakaan KITLV Léiden, Walanda, aya média citak basa Sunda anu ngaranna Sekar Rukun. Nya terus mesen mikrofilmna. Horéng éta média citak téh dikaluarkeun ku organisasi pamuda Sunda anu ngaranna Pakoempoelan Sekar Roekoen (macana: Pakumpulan Sekar Rukun). Nilik kana raga badagna mah, Sekar Rukun téh kaasup surat kabar, medal unggal bulan di Wéltevréden (Jakarta Pusat kiwari) ti mimiti Désémber 1921.

Nurutkeun surat kabar Sekar Roekoen nomer anu munggaran (nomer 1, taun ka-1, Désémber 1921), Pakumpulan Sekar Rukun (kitu nyebutna téh: pakumpulan, anu tangtuna gé sarua jeung paguyuban atawa organisasi) diadegkeun di Batawi (Jakarta), 26 Oktober 1919. Nu jadi udaganana nyaéta (1) ngamajukeun kabinangkitan (kabudayaan) urang Sunda, (2) ngahijikeun murid urang Sunda di Batawi, (3) ngahadéan basa Sunda, jeung (4) ngabeberah haté. Pikeun ngahontal éta tujuan, aya rupa-rupa kagiatan: (1) ngumpulkeun tatabeuhan urang Sunda, (2) ngajarkeun pangabisa urang Sunda, (3) nyieun hiji parukunan pikeun ririungan, (4) nyarita maké basa Sunda, jeung (5) ngusahakeun ayana biblioték jeung surat kabar basa Sunda.

Jadi, tétéla, Sekar Rukun téh organisasi urang Sunda. Numutkeun anggaran dasarna, singsaha baé anu bisa nyarita dina basa Sunda sarta umurna 14 taun ka luhur bisa jadi anggota ieu pakumpulan. Ari anggotana diwengku ku (1) anggota biasa, (2) anggota pangurus, (3) anggota kahormatan, jeung (4) anggota luar biasa. Sakabéh anggota pakumpulan kudu mayar iuran anggota (kontribusi) unggal bulan.

Nu ngokolakeun organisasina paling henteu aya tiluan: Presidén, Sékertaris katut Bendahara (Penningmeester). Ku aranjeunna ieu pakumpulan ditarékahan sangkan kagiatanana teu pakait jeung urusan agama, teu nyimpang tina tetekon hukum nagara, jeung teu pipilueun kana urusan pulitik.

Minangka nu boga pokalna ngadegkeun ieu pakumpulan téh nyaéta para siswa Sakola Guru (Kweekschool), di Gunungsari, Jakarta. Ti antarana baé aya Doni Ismail, Iki Adiwidjaja, Djuwariah, Hilman, Moh. Sapii, Mangkudiguna, jeung Iwa Kusumasumantri (siswa Rechtschool).

Luyu jeung tujuan organisasi anu ka-5, ieu pakumpulan medalkeun surat kabar nu tadi téa, nyaéta Sekar Roekoen. Demi tujuanana ngaluarkeun surat kabar bulanan nyaéta pikeun (1) ngahijikeun sakumna anggota pakumpulan, (2) tanda mimitran keur sakumna anggota jeung nu nyarumbang dana (donatur), sarta (3) ngahontal tujuan organisasi séjénna sakumaha nu kaunggel dina anggaran dasarna téa.

Dina Sekar Roekoen nomer 2, wedalan Januari 1922, kapidangkeun béréndélan inohong nu ngokolakeun redaksi ieu surat kabar, adrésna, harga langgananana, katut tarip iklanna.

Sekar Roekoen nomer 1 midangkeun karangan beunang para anggota éta pakumpulan, babakuna pangurus jeung redaktur suratkabarna. Dina kaca hareup aya iber ngeunaan ngadegna katut hirup huripna Pakumpulan Sekar Rukun anu harita geus boga cabang organisasi di Purwakarta jeung Sukabumi. Aya deuih pangjajap kana medalna ieu surat kabar, jeung ajakan ka sakumna anu mikacinta kabudayaan Sunda supaya ngalanggan ieu média citak.

“Panoehoen ka sadaja para djoeragan-djoeragan noe mikatjinta kana kabinangkitan Soenda, moega kersa ngadeudeul ka Sekar Roekoen koe ngalanggan ieu soeratkabar,” kitu umajakna téh.

Karangan lianna ti antarana aya nu medar ngeunaan (1) kasenian, (2) tarékah ngaronjatkeun harkat kaom wanita, (3) sarat nikah, (4) kawin gantung, jeung (5) pangbagéa kana gumelarna ieu suratkabar. Aya deuih sawatara karangan dina wanda puisi (tembang), ti antarana karangan Suria, siswa Kweekschool, anu ngagambarkeun gumelarna Pakumpulan Sekar Rukun dina pupuh Sinom. Antarana mah kieu unina:

Nya éta sahiji orgaan,
orgaanSunda di Batawi,
murid-murid pertengahan,
éta anujadi misil,
ngaayakeun vereeniging,
katelahna Sekar Rukun,
murid-mund wungkul Sunda,
nu tiasa lebet elid,
tah nya ieu nu diajeng-ajeng téa.


***

Luyu jeung parobahan jaman, Pakumpulan Sekar Rukun gé tumuwuh tur mekar. Pangkarasana mah dina taun katujuh (1926). Nincak taun katujuh mah karasa yén sikep katut pamadeganana Sekar Rukun geus leuwih déwasa. Sawanganana henteu ngulibek di lingkungan internal organisasina baé, tapi geus jembar, malah geus aya hubungan tur metakeun gawé bareng jeung organisasi pamuda séjénna.

Atuh organisasina gé geus ngarekahan. Dug-deg cabang-cabang organisasina di Bogor, Sukabumi, Purwakarta, Bandung, Lémbang, Sérang, Salatiga jeung Yogyakarta. Kitu deui anggotana kacatet geus leuwih ti 500 urang. Demi kagiatanana patali jeung pabukon, koperasi, kasenian (musik, mamaos, tunil), kamonésan wanoja, olahraga (sépakbola, ténis), diskusi (debatingsclub) jeung penerbitan (panglayang).

Ari ngayakeun kagiatanana mindeng di gedong Societeit Blavatsky Park, Weltevréden. Tanggal 15 Agustus 1926, upamana, Sekar Rukun cabang Batawi mintonkeun tunil (sandiwara). Ieu pintonan ditongton ku para anggota katut utusan ti sababaraha organisasi pamuda lianna, ti antarana Jong Sumatranen Bond, Jong Islamieten Bond, Jong Minahasa, Jong Batak, Jong Ambon jeung Jong Java.

Dina surat kabar Sekar Roekoen aya rohangan paranti polémik pikeun ngadurényomkeun rupa-rupa hal anu pakait jeung masalah budaya (Sunda, Malayu, Walanda), atikan, sajarah, ékonomi, sosial jeung pulitik. Contona, Sekar Roekoen nomer 3/4 taun 1926 midangkeun artikel anu judulna “Pangajaran sareng Kabangsaan”. Dina éta artikel dipedar soal pangajaran sajarah di sakola-sakola dasar (Sakola Désa, HIS, Schakel). Cenah, anu harita sok diajarkeun téh babakuna sajarah ka-Hindia-an jaman kabéhdieunakeun, pangpangna sanggeus Kumpeni daratang ka Indonésia. Pangajaran sajarah anu kitu, cenah, sarua jeung ngahudang kangéwa barudak ka urang Éropah anu ngabawah, sarta ngabaruang ku masalah kabangsaan... lantaran barudak kurang nyaho ngeunaan sajarah Hindia nu ka béhditunakeun.

Ari dina surat kabar Sekar Roekoen nomer 3, April 1928, aya iber ngeunaan robahna anggaran dasar jeung anggaran rumah tangga Pakumpulan Sekar Rukun, hasil Rapat Pengurus Besar (Hoofdbestuur) tanggal 29 April 1928. Nurutkeun anggaran dasar nu anyar, tujuan ieu pakumpulan aya tilu: (1) ngahudangkeun jeung ngagedékeun katresna nonoman Sunda kana bali geusanna ngajadi jeung kana pangaweruhna urang Sunda, (2) ngahijikeun para nonoman nu barisa nyarita ku basa Sunda, jeung (3) ihtiar ngarukunkeun para nonoman Indonésia.

Tétéla, Pakumpulan Sekar Rukun ngalegaan wawasan jeung ambahan kagiatanana, henteu ngan patali jeung lingkungan katut kapentingan Sunda (daérah) wungkul, tapi patali deuih jeung lingkungan katut kapentingan Indonésia (nasional). Kitu deui anggota ieu pakumpulan, ayeuna mah dilegaan, ku jalan netepkeun yén sakabéh nonoman Indonésia anu ngarti kana basa Sunda sarta yuswana kurang ti 35 taun bisa jadi anggota Pakumpulan Sekar Rukun (Pasal 5 Anggaran Rumah Tangga).

Puguh wé parobahan jeung kamekaran Pakumpulan Sekar Rukun téh luyu jeung kamekaran perjoangan pergerakan nasional harita anu ti taun 1926 tanpa didingding kelir geus ngedalkeun kahayangna pikeun ngadegkeun nagara anu merdika, bébas tina kakuatan bangsa deungeun.

Méméhna mah Pakumpulan Sekar Rukun téh kungsi dikritik ku Satjadibrata dina wangunan sisindiran anu unina:

Kacang baé roay baé,
daun pulus dilulunan.
Tacan baé moal baé,
sugan tulus lalaunan.


Tah, ti taun 1926 mah Pakumpulan Sekar Rukun téh singkil milu guyub enggoning bajoang babarengan jeung kakuatan pergerakan nasional séjénna. Rapat Pangurus Besar Pakumpulan Sekar Rukun geus mutuskeun pikeun milu ilubiung kalawan aktif dina Kongrés Pemuda Indonésia boh Kongrés ka-1 (1926) boh Kongrés ka-2 (1928). Dina Kongrés ka-1 Pakumpulan Sekar Rukun ngusulkeun sangkan dina sidang-sidang kongrés digunakeun basa Malayu baé minangka basa panganteurna. Laporan utusan Pakumpulan Sekar Rukun dina Kongrés Pemuda ka-1 ditanda ku Samjun (Wakil Ketua) jeung Sutaprana (Sékertaris).

Basa nyanghareupan Kongrés Pemuda ka-2, Pakumpulan Sekar Rukun ngayakeun kongrés taunan anu diluuhan ku sakumna Pangurus Besar jeung utusan ti cabang-cabang. Ieu kongrés taunan (Kongrés Pakumpulan Sekar Rukun anu ka-8) téh diayakeun di Jakarta, 6-7 Oktober 1928, di Loge Gebouw (Gedung Loge), Vrijmetselaarweg (Jalan Vrijmetselaar). Nu sarumping ti antarana sababaraha urang inohong jeung utusan sababaraha organisasi pamuda, saperti Dr. Huséin Djajadiningrat jaler istri, J. Kats (juragan Walanda), Oto Subrata (Ketua Paguyuban Pasundan), Mr. Sartono jeung Mr. Sunaryo (Pamingpin Partai Nasional Indonésia), katut utusan ti Jong Islamieten Bond, Jong Celebes, Jong Java, Jong Sumatra, Jong Batak, Perhimpunan Pemuda Pelajar Indonésia, Pemuda Indonésia, Pemuda Kaum Betawi jeung Paguyuban Pasundan.

Dina ieu kongrés timbul sawala rongkah ngeunaan patalina Pakumpulan Sekar Rukun jeung Kongrés Pemuda Indonésia. Aya nu ngamasalahkeun, naha miluna Sekar Rukun kana Kongrés Pemuda Indonésia téh minangka utusan anu mandiri atawa utusan gabungan jeung Jong Java?

Ari nu jadi masalahna mah Ketua Pangurus Besar Sekar Rukun Ikin Adiwidjaja dina awal sidang ngumumkeun yén utusan Pakumpulan Sekar Rukun rék ngagabung jeung utusan Jong Java kalawan alesan pikeun méré conto ka nu séjén supaya hiji pulo diwakilan ku hiji utusan baé, ongkoh Sekar Rukun téh teu kaduga mayar biaya kongrés anu gedéna f. 35,00.

Der dikaloméntaran ku nu séjén, tepi ka sahéng kawantu aya sawatara nu milu kongrés henteu satuju kana éta pertimbangan. Antukna diputuskeun yén Pakumpulan Sekar Rukun milu kana Kongrés Pemuda Indonésia kalawan mandiri sarta waragad pikeun milu kana kongrés ditanggung ku saréréa. Ari nu jadi utusanana para pangurus Pakumpulan Sekar Rukun Cabang Batawi, nyaéta ku Mupradi, Kornél Singawinata (mahasiswa Kedokteran), Mareng Suriawidjaja (siswa AMS), jeung Djulaéha (Sekar Rukun Bagian Istri).

Dina ieu Kongrés taunan dipilih deuih Pangurus Besar Pakumpulan Sekar Rukun anu anyar.

Dina surat kabar Sekar Roekoen wedalan Nopémber 1928 dipidangkeun naskah Sumpah Pemuda anu asli kalawan lengkep dina basa Indonésia katut laporan tina perkara lumangsungna Kongrés Pemuda Indonésia II, 27-28 Oktober 1928, dina basa Sunda.

***

(Dicutat tina buku “Nu Maranggung dina Sajarah Sunda” yasana Prof. Dr. Édi Ékadjati)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook