TAUN 1996, TVRI Bandung remen midangkeun berita yén pamaréntah Jawa Barat keur nyusun Al-Qur’an Mushaf Sundawi. Nu mokalanana Gupernur Jawa Barat manten, H.R Nuriana, tur terus nunjuk tim pikeun nulis jeung ngararancang Al-Qur’an Mushaf Sundawi, ti tanggal 14 Agustus 1995 nepi ka Januari 1997.
Al-Qur’an Mushaf Sundawi téh gabungan tina seni kaligrafi jeung kabeungharan ragam hias di Jawa Barat. Atuh nu harita milu kana tim téh teu burung euyeub, ti mimiti ahli élmuning Al-Qur’an, kaligrafer, seniman, budayawan, jsté.
Berekah, nepi ka 8 taun sanggeusna medal, teu kungsi nyaksian kawas kumaha éta Al-Qur’an téh. Kakara terang sotéh, basa taun 2005-an, Kang Irfan Anshori suargi némbongkeun éta Al-Qur’an. Cenah anjeunna mah kénging sotéh lantaran kungsi jadi anggota DPRD. Ka mana mun mésér? Harita kungsi nanya. Cék Kang Irfan, nyitakna gé diwatesanan, tapi arsipna mah aya di PUSDAI jeung LPTQ.
Taun 2010, basa aya MTQ di Dépok, Kang Énjang ti UIN ngajak nungguan paméran. Nu harita dipamérkeun téh di antarana Al-Qur’an Mushaf Sundawi, boh nu geus dicitak, boh dina wangun aslina. Ieu Al-Qur’an ditulis dina kertas Congueror Laid tipeu Art Special 250 gram, ukuranana aya 100 x 70 cm. Kabéhna aya 763 kaca, méakkeun 24.000 ml mangsi warna, 5.000 ml mangsi hideung, 1.500 gram emas prada jeung 1.000 gram emas murni.
Tah, lebah mana atuh Sundawi-na? Dina unggal kaca aya ornamén, motif, jeung iluminasi has Jawa Barat. Aya 17 ragam hias nu ngawakilan sakur wewengkon di Jawa Barat.
Najan geus nyorang mangsa leuwih ti 17 taun, ieu Al-Qur’an can sabaraha dipikawanoh ku masarakat. Padahal ieu téh minangka karya nu ngadumaniskeun antara kabeungharan budaya Sunda, hususna dina seni rupa, jeung ajén-inajén Islam. Malah medalna Al-Qur’an Mushaf Sundawi téh jadi fénoména nu penting dina kultural Islam-Sunda.
Ti dinya, basa pun bojo rék méréskeun tugas ahir, nya dihatéan sangkan mindahkeun Al-Qur’an Mushaf Sundawi kana wangun digital, ngan bisa dibuka ku saha waé dina pirang-pirang pakakas digital. Tangtu prosésna lain ukur nyekén jadi gambar, minimal jadi sabangsaning “filpping book” nu diémbohan ku tarjamah Al-Qur’an basa Sunda. Méh sataun panalungtikanana, nya janggélék wéh jadi Al-Qur’an Digital Mushaf Sundawi kalayan sumber: (1) Al-Qur’an Mushaf Sundawi penerbit Pemerintah Provinsi Jawa Barat (2006); (2) Al-Munir: Al-Qur’an Tarjamah Basa Sunda kénging Prof. Dr. H. M. Djawad Dahlan (Pustaka Fithri, 2006); (3) Ayat Suci Lenyepaneun, tafsir Al-Qur’an basa Sunda kéngin Moh. É. Kasim (Pustaka, 1985).
Al-Qur’an Digital Mushaf Sundawi dipidangkeun dina wangun aplikasi nu bisa dibuka boh online boh offline, maké pakakas komputer, hapé, jsté. Fiturna di antarana: muka Al-Qur’an ti kaca ka kaca, unggal ayat bisa disorot pikeun midangkeun tarjamah jeung tafsir, pakakas keur néangan surat jeung ayat, pakakas keur midangkeun iluminasi, pakakas keur néangan ayat dumasar kana téma (topik) dina basa Sunda, jsté.
Insya Alloh, simkuring seja ngusahakeun sangkan ieu aplikasi tiasa dibuka ku saha waé. Dugi ka danget ieu mah masih kénéh disimpen, lian ti meryogikeun sérver nu kapasitasna ageung, kedah aya heula idin ti pihak-pihak nu karyana dijadikeun sumber dina ieu aplikasi, pangpangna tarjamah sareng tafsir.
Tambi kawaranan, versi démona tiasa ditingal di dieu:
http://www.youtube.com/watch?v=CdaxkyZWy-8
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook