(Mairan Mang Iwan Hanjuang)
BASA Sunda téh héngkér ku panalungtikan étimologi, nepi ka sakapeung mah urang hésé nyusud asal-usul hiji kecap. Bisa jadi keur sabagian jalma mah, éta téh teu pati penting. Kecap mah kecap wé, tinggal maké, teu kudu nyaho sajarahna sagala. Tapi, lebah éta kecap dipakaitkeun jeung hal séjénna, upama ngeunaan hirup-kumbuh dina hiji jaman, sajarah kecap téh kacida pentingna. Dina basa Sunda, kronologi dipakéna hiji kecap téh hésé kasusudna. Upamana aya pertanyaan kieu: ti iraha mimiti aya kecap “kaduhung”? Taun sabaraha dipakéna? Saha nu mimiti nuliskeunana? Naha éta téh basa Sunda atawa beunang nyokot tina basa séjén? Jeung pertanyaan séjénna, nu jawabanana hamo bisa diwangwang.
Kang Ajip Rosidi kungsi masualkeun kecap “kimono” dina karangan Ahmad Bakri. Anakronisme, saurna, lantaran Ahmad Bakri nyieun carita dina jaman normal, ari kecap “kimono” mah mimiti dipaké téh dina jaman Jepang. Sabréhan mah bisa jadi urang gé sapuk. Ngan ka dieunakeun kakara kapaluruh, horéng dina taun 1920-an, geus aya pangarang nu maké kecap “kimono” dina karyana.
Ieu gé teu pati géséh jeung pertanyaan Mang Irman Dimyatie nu terus dipairan ku Mang Iwan Hanjuang. Aya ungkara “bubuy bulan sangray béntang” dina rumpaka lagu “Bubuy Bulan” anggitan Bénny Corda. Mun teu nyalusur téks méméhna, tangtu aya nu boga anggapan yén ungkara “bubuy bulan sangray béntang” téh imajinasi nu nganggit lagu. Éta téh cangkang tina sisindiran, tur urang papada ngamaphum, yén dina rumpaka lagu, sajak, dangding, jeung sabangsana, nu ngaranna métafor téh jeung kekecapan nu teu kaharti ku akal téh bakal narémbongan. Nepi ka kiwari asana can aya nu masualkeun ku naon piit bet ngeundeuk-ngeundeuk pasir, da éta mah ukur paribasa. Kitu deui perkara bulan, rék dibubuy, dibeuleum, dikulum, diunun, éta mah kumaha kaparigelan nu ngaréka ungkara. Lebah aya nu nganggap yén lagu “Bubuy Bulan” téh propaganda komunis jaman Orla, éta mah kudu ditalungtik deui, tur lain bagian nu rék dibahas dina ieu tulisan.
Ieu mah ukur rék negeskeun, yén lain Bénny Corda nu mimiti manggih ungkara “bubuy bulan” mah. Dina buku “Haji Hasan Mustappa jeung Karya-karyana” beunang Ajip Rosidi, aya pedaran buku “Balé Bandung” nu ngamuat susuratanana Haji Hasan Mustappa (HHM) jeung Kiai Kurdi, ti pasantrén Sukawangi, Singaparna; wedalan toko buku M.I. Prawirawinata dina taun 1924. Éta surat-surat téh, ditulis ku HHM dina awal taun 1900-an.
Surat kadua ti HHM ka Kiai Kurdi, teu aya titimangsaan. Tapi kawasna mah ditulisa saméméh bulan 15 Juli 1908, lantaran surat kaopat mah maké titimangsa 15 Juli 1908. Teu béda ti dangding-dangdingna, dina surat gé, kalimah-kalimahna téh éstu lenyepaneun wungkul. Eusi surat kadua, hamo katepi hartina mun dibaca saliwat mah, tur bisa jadi multi tafsir. Bubukana téh kieu: “Barang dibuka surat, jerit Déwi Asri ngajerit maratan langit, ngocéak Déwata maratan méga, di dayeuh Karanggantungan, nagara ancik-ancikan. Mendung nu pundung dilingkung gelung, nu midangdam hémpak para pawarang, dina pucuk balé bubut, balé bubut balé manggut, suangkung tujuh ngariung, sinagar opat ngajajar. Hariring bari ngalahir: ...”
Saterusna kawasna bisa dihariringkeun. Di antarana aya ungkara kieu: “Pileuleuyan urang mah dogdog goong, kebo urang mulih pakandangan, bubuy bulan sangray béntang, panon poé disasaté; cul bulan téga ka béntang, sapopoé urang mah da ngeunah haté.”
Goréhél wéh, aya ungkara “bubuy bulan sangray béntang, panon poé disasaté” nu sarua dipaké ku Bénny Corda dina lagu “Bubuy Bulan”. Ngan bisa jadi aya deui pertanyaan, naha ungkara “bubuy bulan” téh beunang HHM, atawa saméméhna geus aya? Éta mah perlu dipaluruh deui.

0 comments:
Post a Comment