Metode Bahasa Inggris 468 x 60

"Bangga" Jadi Urang Sunda


Kuring bangga jadi urang Sunda. Sareretan jiga taya nu aneh dina eta kalimah. Padahal mun dilenyepan aya "salah kaprah" nu rada "seurieus".

Eta kalimah teh jelas make basa Sunda. Sedeng, bangga dina basa Sunda, hartina "hese." Jadi mun dihartikeun: Kuring hese jadi urang Sunda. Padahal, nu dimaksudna mah pan meureun "reueus." Maenya hese?

Jadi, nu leuwih pas kuduna: Kuring reueus jadi urang Sunda. Atawa mun tetep hayang make kecap bangga, sakalian make basa Indonesia: Saya bangga jadi orang Sunda.

Kalobaan urang Sunda, masih pabaliut dina ngalarapkeun "bangga" jeung "reueus" ieu. Teu percanten? cobi papay di mang gugel. :)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment