Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lais, Kasenian Tradisionil Sunda


Lais téh kasenian anu mintonkeun kamonésan. Ari kamonésanana deukeut-deukeut kana akrobat. Dina prungna pagelaran lais, dipasang dua tihang gombong anu jangkungna kira-kira 13 méter sarta tungtung-tungtungna dipentang ku tambang atawa tali. Ari anggang tihangna kira-kira genep méteran. Tah anu lais téh sok ngayakeun akrobat dina éta tambang, bari jeung teu sieuneun tijuralit atawa ragrag. Siga jalma anu keur meuntas catang baé.

Mimitina anu lais téh nérékél kana Congo gombong, tuluy anjeucleu dina tambang. Sabada muka baju, tuluy muka payung bari dipuir-puir. Ka dituna mah rupa-rupa atraksi dipintonkeun. Upamana jujuralitan, sila tutug, napak ku suku sabeulah, atawa nangkarak bengkang, luhureun tambang. Puguh baé pikeun anu kakara nempo mah matak gegebegan. Teu kitu kumaha da atraksina sakitu pikapaureunana, apan tambangna gé sakitu jangkungna.

Biasana lais téh dipungkas ku atraksi anu leuwih pikapaureun nu lalajo. Nyaéta atrakasi turun tina tambang. Tapi turunna téh lain turun biasa ku cara nyorosodkeun manéh dina gombong, ieu mah ku cara ngajuralitkeun manéh ti luhur tambang, nutug, sarta clé napak deui dina taneuh. Ceuk sakaol, pangna bisa kitu téh cenah nu lais mah boga jampé monyet.

Salila nu lais némbongkeun atraksi dina luhureun tambang, dipirig ku tatabeuhan penca atawa réog. Nayagana hempak di handapeun tihang gombong téa. Malah kaayeunakeun mah, méméh nu lais mintonkeun kamonésanana, sok dipiheulaan ku ibing penca atawa bodor réog. Ti dinya kakara nu lais nérékél kana gombong.

Kasenian lais téh asalna ti Sukawening, Garut. Sabada dipikawanoh ku masarakat, éta kasenian sok diondang keur hiburan. Upamana dina hajatan nyunatan atawa kawinan. Malah antukna mah lais téh henteu ngan kakoncara di Garut wungkul, tapi nyebar ka wewengkon-wewengkon séjénna. Di wewengkon pasisian kalér mah disebutna téh odong-odong, anu sok dibarengkeun jeung kasenian sisingaan. Bédana dina odong-odong mah nu lais téh sok mamawa gantar awi saleunjeur keur ngimbangan awak sangkan anjeg dina tambang. 

Kenging Kang Fauzi Salaka. Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment