Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Gajah Jeung Manuk Ciung



Kénging Akub Sumarna

Jaman baheula aya gajah dibibira ku nu moro. Atuh tuluyna téh gawéna ngan ngasruk leuweung baé bari amuk-amukan. Totorobosan ngadupakan sagala nu kaliwatan. Sirikna tunggul dirarud catang dirumpak. Aya hiji tangkal kai anu pangbadagna anu kadupak ku gajah téh, rungkad. Kabeneran dina éta tangkal kai téh aya manuk ciung sajodo, bikangna sajaba nyayang téh keur nyileungleuman endogna deui. Sayang ciung kabawa rubuh endogna katidindihan ku dahan kai anu séjénna nepi ka pareupeus teu bisa kapuluk sasiki-siki acan. Ciung bikangna nyarita ngalengis bari cumalimba, “Na, ieu mah mimilikan nepi ka kieu. Éta deui nu boga talajak bangun nu taya rasrasan, abong ka nu héngkér, manéhna boga awak badag tanaga rosa ka nu teu tuah teu dosa téh bet ngabarérang. Boro angen-angen hayang buru-buru boga anak téh ari kieu kaayaanana mah, endog euweuh nu bisa kapuluk, nya moal téréh-téréh laksana boga turunan… éta meureun angkuh sakadang gajah mah, nyapirakeun ka bangsaning sato leutik. Da cacakan lamun sarua boga pangawakan badag jeung rosa tanaga mah piraku ku aing henteu dilawan. Kanyeri  haté aing taya wiwilanganana, saha nu kira-kira bisa mang maleskeun…,” manuk ciung bikangna ngalengisna téh rada lila.

Sato-sato anu séjénna anu kabeneran nyaho kana kasedih manuk ciung kabéh nyalampeurkeun mani ngaronyok nandakeun milu prihatin. Aya manuk caladi, waliwis, gagak, malah aya laleur gedé jeung bangkong héjo.

Éta kabéh anu nyalampeurkeun téh ngaromong sabisa-bisa itung-itung ngalilipur ka nu keur nandangan kapeurih atina.

Pok manuk gagak ngomong pangheulana, “Geus baé sakadang ciung, tong teuing jadi kasusah kabungung. Sugan baé engké endog mah aya gantina. Jeung upama rék males kanyeri ka sakadang gajah, urang pada-pada néangan akal waé. Kuring jeung sabatur-batur rék sabudi-akal, néangan cara, sabisa-bisa arék nulungan.”

Sakadang bangkong nyambung, “Bener kitu sakadang ciung. Urang kudu pada mikir, panajan nu bedas tapi bodor piraku teu éléh ku nu héngkér tapi pinter. Sakali deui geus tong dipaké kasedih, da loba soba nu rék narulungan. Sanajan pangawakan urang laleutik ogé ari ku jalan guyub pada paheuyeuk-heuyeuk leungeun mah tangtu bisa ngéléhkeun anu rohaka.”

Jep bangkong nyaritana jempé, pok disambung ku caladi ngedalkeun eusi haténa, “ari urang arék kumaha atuh carana hayang nulungan sakdang ciung téh?”

Gagak gentak ngawalon. “Éta gajah anu angkuh téh ku urang kudu dihurup. Ku kami rék didodoho heula. Da sok aya melangna sok aya ngolérna. Panonna anu sok pépélététan téh rék dipacokan. Puguh waé manéhna jadi tanpadaksa teu bisa ningali.”

Caladi gentak mairan asa kahudang pikirna, “Heueuh, keun huluna rék ditoktrokan ku kuring!”

Laleur siga embung kaéléhkeun ku ketak baturna, terus milu nyarita bari ngahiengkeun jang-jangna kekeleperan, sorana matak ngajelengeng kana jero ceuli nu ngadéngékeunana, nangtang bangun dangah naker, “Keun bagéan kaula arék ngotoran borokna sangkan leuwih enyut ku bilatungna tah nu bangkawarah téh!”

Ari pok téh deui ceuk sakadang bangkong teu éléh carita ku nu lianna bari tanggah kanu awakna jarangkung batan manéhna, “Uing mah rék hantem-hanteman disada wé dina jero liang di sisi jurang. Atawa di jero leuwih. Sugan waé mun manéhna balangah bisa-bisa tikoséwad, awaka tigebrus kana jurang anu lewang. Kitu sotéh susuganan ari manéhna hayang nginum ngalelebah dimana nu aya cai nya meureun ngileng-ngileng dinu kadéngé aya sora uing ngongkong siga anu ngabéjaan, dieu, dieu, dieu , di dieu… kitu minangka sora uing téh…”

“Enya nya, mun nepi ka tigebrus kana jurang anu lewang téh moal manggapulia tah si gajah téh…” cék anu séjénna bari arunggut-unggutan siga ngaenyakeun kana caritaan sakadang bangkong.

Barang geus deukeut kana waktuna breg waé gajah téh pada ngadeukeutan pada ngahurup sasanggupna sasanggupna tadi téa. Taya mencogna gajah téh cilaka teu bisa daya nepi ka palastra ku kaguyuban sobat-sobatna manuk ciung dina metakeun akalna.***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment