Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ringkesan Sajarah Bogor

Dina pantun Pa Cilong ”Ngadegna Dayeuh Pajajran” kaunggel kalayan jentre, yen ”bogor” teh hartina tunggul kawung, dina basa Jawa Kono ”pabogoran” hartina kebon kawung, dina basa Sunda heubeul, Bogor teh hartina kawung nu geus saat balas disadap. Sigana mah di wewengkon Bogor baheula loba pisan tangkal kawungna, sakumaha ilaharna di pagunungan anu subur.

Kacaturkeun, yen ti kawit jaman pra sajarah, di wewengkon Bogor ayeuna geus aya kahirupan sekeseler bangsa Polynesia nu geus wanoh kana budaya pepelakan bangsaning cau jeung taleus. Ka beh dieunakeun maranehna wawuh kana sabangsaning paparabotan tina logam, hasil nyiar luang ti bangsa pituin. Warta ieu kaunggel dina riwayat hiji pamingpin nu boga jujuluk Rangga Gading anu hartina pamingpin nu kulitna koneng.

Dina taun 130 M di basisir Pandeglang ngadeg karajaan Salakanagara, nya eta karajaan Hindu nu pang mimitina di Jawa Kulon nu dikawasa ku Dewawarman I. Salajengna dina taun 358 Salakanagara dirobah jadi Tarumanagara ku Jayasingawarman, minantu Dewawarman VIII anu puseurna di wewengkon Bekasi. Ngadegna Tarumanagara dipingpin ku 12 urang raja nepi ka nu pamungkas, nya eta Lnggawarman anu ka beh dieunakeun di gant ikuminantuna, nya eta Tarusbawa dina taun 669 Masehi. Ninggang di taun 670 M Tarumanagara ngajadi dua, nya eta karajaan Galuh jeung karajaan Sunda.

Taun 1482 Jayadewata ngahijikeun karajaan galuh jeung Sunda pajajaran. Jayadewata kawaris karajaan Galuh ti ramana nya eta Dewa Niskala, jeung meunang waris karajaan Sunda ti mitohana nya eta, Susuk Tunggal. Prabu Jayadewata ngalihkeun ibukota karajaan Pajajaran ti Kawali Ciamis ka Bogor, kalawan terus diistrenan jadi Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi dina ping 3 Juni 1482. Kajadian harita dijadikeun titik pangkal sajarah ngadegna dayeuh Bogor tug nepi ka kiwari.

Pindahna puseur Pajajaran ti Ciamis ka Bogor, mangrupa salah sahiji bukti kaluhungan elmu Prabu Siliwangi anu tiasa nyawang ka hareup kana kaunggulan Bogor anu deukeut ka palabuhan Sunda Kalapa anu mangsa harita mangrupa salah sahiji Bandar niaga pang badagna sa Nusantara. Kama’muran Pajajaran kagambar ku ayana upacara sukuran taunan Gurubumi sanggeus usum panen. Upacara lumangsung 9 poe ditungtungan ku upacara Kuwerabakti dinapeutingna bulan purnama.

Ngaran Pajajaran hartina istana nu ngajajar, tina lima wangunan istana (Pakuan) anu ngajajar nya eta Bima, Punta, Narayana, Madura jeung Suradipati. Suradipati nya eta ngaran karaton indung, sarua ilaharna jeung ngaran karaton liana nyaeta Surawisesa di Kawali, Surasowan di Banten jeung Surakarta di Jayakarta. Wewengkon Pakuan Pajajaran kira-kira aya di palebah lawang Gintung, Batutulis, jeung Rancamaya ayeuna.

Salian mangsa pamarentahan dipingpin ku Prabu Siliwangi anu lumangsung ti taun 1482 nepi ka 1521, rahayat Pajajaran hirup ma’mur jeung sauyunan. Karukunan hirup diantara pangagem Hindu, Islam jeung nu lianna, pohara karasa sakumaha nu kaunggel dina naskah wangsakerta (rasika dharmika ring pamekul agama rasul, anu hartina kacida adil bijaksanana raja, ka nu ngagem agama rasul). Siliwangi ku anjeun gaduh garwa muslimah anu jenengannana Subanglarang putri Ki Gedeng Tapa. Tina pernikahan ieu lahir Walangsungsang, Larasantang, sareng Raja Sangara anu ti bubudak ngagem agama ibuna, nya eta agama Islam.

Komara Pajajaran mimiti nyirorot pareum dina mangsa kapamingpinan lima urang raja panerus Prabu Siliwangi, nya eta Prabu Surawisesa, Ratu Dewata, Ratu Sakti, Raja Nilakendra, jeung Raga Mulya Suryakancana.

Nyirorotna komara Pajajaran dipangaruhan ku peperangan jeung ngageserna kultur masarakat tina Hindu ka Islam, balukarna beuki kuat wae pangaruh Kasultanan Banten jeung Cirebon anu sabenerna masih keneh seuweu siwi rundayan langsung Prabu Siliwangi. Pakuan Pajajaran ahirna narikolot kosong tanpa pangeusi, saperti nu kapanggih ku ekspedisi Walanda nu dipingpin ku Scipio dina taun 1687.

Kocap ing carita, dina taun 1699 Gunung Salak bitu, dibarung eundeurna lini nu rongkah pisan. Kaungkab dina hiji catetan taun 1702, yen bitu-na Gunung Salak ngabalukarkeun leuweung geledegan di wewengkon Pakuan Pajajaran robah jadi tegal nu bulistir tanpa tatangkalan.

Ekspedisi Walanda nu dipingpin Abraham Van Riebeck dina taun 1703 manggihan tegal huma di babantar Cipakancilan anu jadi ciri bukti ayana kahirupan anyar di lahan urut Pakuan Pajajaran.

Leuweung Pajajaran dibukbak dijieun pilemburan nu disebut Kampung Baru Ku Tanujiwa urang Sunda asal Sumedang, anu dina catetan VOC disebut Letnan Jawa, sabab Tanujiwa boga wadya balad pagawe nu lolobana urang jawa. Hiji dokumen ping 7 November 1701 nyebut ngaran Tanujiwa Salaku lulugu Kampung Baru jeung kampung-kampung liana nu aya di hulu walungan Ciliwung. Kampung Baru anu samemehna disebut Parung Angsana ayeuna katelah Tanah Baru. Tanujiwa rempug bareng jeung Haji Perwatasari samakta tarung barontak ngalawan kompeni Walanda nepi ka ditewekna jeung tuluy dibuang ka Tanjung Harapan Afrika.

Kacaturkeun dina taun 1745, distrik Cisarua, Pondok Gede, Ciawi, Ciomas, Cijeruk, Sindangbarang, Balubur, Dramaga, jeung Kampung Baru dihijikeun jadi wilayah pamarentahan nu disebut REGENTSCHAP BUITENZORG, dipupuhuan ku hiji demang. Dina ping 7 Juni 1745 VOC netepkeun lahan Buitenzorg jadi eigendom Van Imhoff, ngawengku wates Puncak Gunung Gede, Puncak, Talagawarna, Megamendung, Ciliwung, Muara Cihideung, jeung Puncak Gunung Salak. Taun 1754 Bupati Kampung Baru, nya eta Demang Wiranata nyewa lahan di Sukahati (Empang, ayeuna) keur bumen-bumen. Demang Wiranata teh nya eta putra Wiratanudatar II nu jadi Bupati Cianjur, rundayan seuweu siwi Prabu Siliwangi.

Hirup kumbuh masarakat harita, museur di wewengkon sabudeureun pasar deukeut Kampung Baru, anu kabehdieunakeun katelah Pasar Bogor. Tumuwuhna Pasar Bogor balukar ayana kawajiban patani ngasupkeun hasil tatanen wajib ka gudang nu aya di deukeut pasar.

Ceuyahna campur gaul jeung jual beuli hasil tani jeung sajabana narik ati para padagang Cina nu saterusna bumen-bumen dibantaran Ciliwung atawa Lebak Pasar, anu tuluy nerus ka sapanjang jalan Suryakancana ayeuna. Salian ti para padagang Cina, oge aya para panday tambaga asal Jepara nu mukim di lokasi sabudeureun Kantor Pos, nu saterusna pindah ka jalan paledang ayeuna. Ari paledang teh hartina bengkel tempat gawe para panday tambaga. Kokolot panday tambaga katelah Embah Jepra nu makamna aya di jero Kebon Raya Bogor.

Cindekna, kampung-kampung nu jadi puseur Kota Bogor aya di sagigireun luar urut benteng Pakuan Pajajaran. Tempat-tempat eta tumuwuh lir ibarat sirung nu mangkak ngarandahan sabudeureun tunggul, tur ngakar ka sesa-sesa benteng Pajajaran.

Pamungkas, nya kitu Bogor ayeuna teh Bogor nu mibanda akar budaya Pakuan Pajajaran.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment