Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kelenci jeung Domba Adu


Jaman baheula, di hiji leuweung aya Kelenci keur nyatuan bangun anu ponyo naker. Keur kitu, torojol Domba adu datang. Nempo aya Kelenci keur nyatuan, pok Domba adu teh nyarita.

“Kelenci, maneh mah ari nyatu rampus, ari awak leutik bae. Asa cumah dahar unggal poe ge ukur meakkeun jukut bae,” ceunah.

“Naha kudu kumaha ari awak kuring? Apan iyeuh lintuh!” tembal Kelenci.

“Dasar goreng milik bangsa maneh mah, dikadarkeun boga awak teh ukur sagede kitu! Yeuh tempo kuring, awak jangkung badag, tanduk ranggaek! Bangsa careuh, ajag, oray, moal waraneun ngaganggu ka kuring mah! Coba ka maneh, boro-boro maung, anak ucing wanieun nekuk!” ceuk Domba adu mani adigung pisan.

“Ah, na ngahina teuing, Domba! Na teu sieun katulah maneh teh, da goreng-goreng oge kuring teh tunggal damelan Gusti. Sanajan bukti oge, teu meunang nganyenyeri kitu, da awak kuring leutik teh, lain kahayang sorangan, geus guratna we. Tong adigung, Domba! Saha nu nyaho hiji waktu mah maneh teh bakal butuh ku pitulung kuring!”  tembal Kelenci bari nyabar-nyabar maneh.

“Yeuh pitulung nanahaon! Deuk ge maneh nu butuh ku pitulung kuring. Mun aya ajag atawa careuh rek ngerekeb maneh, tangtu moal waranieun mun maneh babarengan jeung kuring mah, da sieuneun diteunggar!” Domba adu kalah beuki sombong ngomongna teh.

Keur kitu...gaur, gaur! Sora maung ti kajauhan!

Tereleng weh Kelenci mah lumpat, sup sup kana liangna nu teu jauh ti dinya. Orokaya Domba adu bingungeun kudu ka mana nya lumpat, sabab maung geus deukeut teuing. Mun lumpat pasti kaberik. Rek milu nyumput kana liang Kelenci, moal asup da awakna gede teuing, jaba raridu ku tanduk. Kelenci noong tina liangna, ngawaskeun paripolah Domba. Mimitina mah hatena mupuas nempo Domba nu tadi sakitu ngahinana, ayeuna nyanghareupan marabahaya teh. Tapi dasar Kelenci mah bageur, hade hate, nempo Domba sakitu bingungeunana teh, jadi ngarasa watir. Tereleng manehna kaluar deui tina liangna sarta pok ngomong ka Domba adu, “Domba nyumput kana gowok, gigireun liang kuring!” ceunah.

“Ah, katewak meureun ku maung, da maung ge asup kana gowok sagede kitu mah!” ceuk Domba adu. Beungeutna mani geus pias bakating ku pohara sieunna.

“Moal! Ke ku kuring dilimpudan ku taneuh, ngarah teu kacirieun ku maung! Sok-sok buru-buru, bisi maung torojol manten!” ceuk Kelenci.

Sangges Domba merenah nyangkerok dina gowok, gancang Kelenci kokoreh kana taneuh ngebul hareupeunana. Sewur...sewur taneuh ngebul teh nutupan gowok. Kelenci naker tanaga, mani pakupis ngorehan taneuh sabab sieun maung kaburu datang. Sangges beres, Kelenci tibuburanjat asup deui kana liangna sabab maung geus deukeut pisan.

Kelenci jeung Domba adu cricing, jarempe ngadedempes di tempatna masing-masing. Maung kalantang-kulinting keneh, neangan susuganan aya Domba, atawa peucang, atawa naon we nu bisa dihakan. Tapi geus sidik euweuh mah, leos we ngaleos bari garam-gerem jeung guar-gaur. Gendok meureun pedah teu beubeunangan nanon.

Sangges sidik maung geus jauh, kurumuy Domba adu kaluar tina panyumputanana, mani kuyumut. Terus gigibrig jeung gogodeg, nurunkeun kekebul nu narapel sakujur buluna. “Duh nuhun teuing, Kelenci! Kuring kacida tumarimana kana kahadean maneh. Kumaha petana kuring mulang tarimana?” ceuk Domba adu bari kalamas-kelemes semu era.

“Lah, teu kudu mulang tarima sagala, da kawajiban, papada mahluk kudu silih tulungan....” tembal Kelenci bari soleh naker, “....ngan pamenta kuring mah, maneh tong sok resep ngahina ka batur teh. Ulah kena-kena awak badag sarta gagah, kanu leutik teh mani embung ngahargaan pisan!” ceuk Kelenci leuleuy

“Heueuh, hampura we, rumasa kuring teh salah, gede dosa. Pek cirikeun ti ayeuna ka hareup mah kuring rek ngomean adat, moal daek huna-hina, malah deuk nyaah kanu leutik teh,” ceuk Domba adu terus jeung hate. Teu jalir tina jangjina Domba adu teh. Enya ti harita mah adat sombongna teh leungit. Ka nu leutik nyaah. Sosobatannana jeung Kelenci beuki raket bae.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment