Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kala Sunda jeung Taun Maséhi


 Ku Fauzi Salaka

Taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi Putri Rarasati nu ditikah ku Dewa Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Taun harita pamianganana ngitung kala teh, ti mangsa Aki Tirem masrahkeun karajaan ka putrana, ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. Samemehna, Aki Tirem teh ngasta kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, ninggang dina abad kadua (122 Masehi).

Kala Sunda salila mangabad-abad kakubur ku jaman. Panalungtikan deui ngeunaan Kala Sunda ieu kakara diayakeun deui ku Abah Ali kalayan rojongan ti Yayasan Candra Sangkala, nu sabenerna mah Abah Ali teh seja nyieun kalénder ieu ti taun 1983 mula, tapi ku lantaran loba halangan jeung harungan, kakara bisa medal tanggal 18 Januari 2005 di pendopo bumi dines Walikota Bandung, Jalan Dalem Kaum, make upacara adat Sunda anu tartib. Poe ieu marengan tanggal 1 Suklapaksa (parocaang) bulan Kartika taun 1941 Caka Sunda.

Dina nangtukeun taun, aya dua wangun taun nyaeta Kala Saka anu dumasar kana Surya atawa panonpoe, jeung Kala Caka anu dumasar kana Candra (bulan). Masing-masing taun wanoh kana taun pondok (Surya 365 poe, Candra 354 poe) jeung taun panjang (Surya 366 poe, Candra 355 poe). Kala Surya Saka Sunda (Taun Surya) aturannana, tilu taun pondok, kaopatna panjang. Tapi unggal taun nu beak dibagi 128, bakal dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijriah mah taun pondok teh sok disebut Taun Kabisat. Ahir taun Surya nyaeta nalika panonpoe aya di titik pangkidulna.

Kala Candra Caka Sunda (Tahun Candra) aturannana yen dina sawindu (8 taun), taun ka-2, ka-5, jeung ka-8 nyaeta taun panjang, sesana taun pondok. Unggal taun ka-120 dijadikeun taun pondok. Unggal taun nu beak dibagi 2.400 dijadikeun taun panjang

Saka Sunda
Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaeta:
Kasa (kahiji),
Karo (kadua),
Katiga (katilu),
Kapat (kaopat),
Kalima (kalima wae),
Kanem (kagenep),
Kapitu (katujuh),
Kawalu (kadalapan),
Kasanga (kasalapan),
Kadasa (kasapuluh),
Hapitlemah (kasawelas),
Hapitkayu (kaduawelas).

Caka Sunda
Cirina Caka Sunda nyaeta make Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaeta:
Kartika, 30 poe,
Margatira (29),
Posya (30),
Maga (29),
Palguna (30),
Sétra (29),
Wésaka (30),
Yésta (29),
Asada (30),
Srawana (29),
Badra (30),
Asuji (29/30).
Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaeta:
Saptawarna (tujuh poean)
Pancawarna (lima poean)
Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe

Saptawarna
Dité atawa Radité (Minggu),
Soma (Senén),
Anggara (Salasa),
Buda (Rebo),
Respati (Kemis),
Sukra (Jumaah),
Tumpek (Saptu).
Pancawarna
Manis
Pahing
Pon
Wagé
Kaliwon
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment