Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Aplikasi Gurat-gurit (Nyieun Dangding)



Baraya, kiwari tos aya aplikasi paranti ngagurit, atanapi nyusun rumpaka 17 pupuh yasana Kang Dadan Sutisna. Cenah didamelna dina waktos kirang langkung 5 jam, jadi hampura mun basajan kénéh, kitu ceuk anjeunna dina akun facebookna.

Aya tilu pakakas dina ieu aplikasi téh:

1. NGAGURIT

Paranti nyieun guguritan. Kantun milih pupuh nu badé digurit, engké bakal muncul jajaran (padalisan) luyu jeung aturan masing-masing pupuh. Ieu aplikasi bisa mariksa naha pupuh nu digurit téh geus cocog guru lagu jeung guru wilanganana atanapi teu acan. Padalisan nu lepat kénéh baris ditandaan beureum, sarta dibéré catetan lebah mana lepatna.

Mun Sadérék keur ngetik, sarta perlu é-taléng (é), kantun pencét baé tombol siku kénca ( [ ) dina keyboard komputer.

2. PAKAKAS MARIKSA GUGURITAN

Paranti mariksa guguritan (sapada) nu geus réngsé ditulis. Upamana, Sadérék ngadamel guguritan dina Ms Word, kantun paste baé ka dieu, engké bakal dipariksa kumaha hasilna.

3. RÉFERÉNSI KECAP

Ieu aplikasi nyayagikeun database kekecapan. Sadérék tiasa maluruh, upama: kecap nu jumlah engangna 4, ditungtungan ku vokal i.
Pangémboh, ieu aplikasi tuhu pisan kana éjahan. Huruf "e" jeung "é" dianggap béda. Saheulaanan nembé dicobi dibuka dina laptop/komputer. Udagan kapayunna:
(1) Aya pakakas keur mariksa bener-henteuna kecap.
(2) Aya pakakas keur mariksa pedotan, randegan, sangkan guguritan lain ukur ngudag guru lagu sareng guru wilangan, tapi merenah ditembangkeunana.
(3) Ngalegaan ambahan kana vérsi Android.

Alamatna di:

Update:

Mangga, bilih aya nu badé mecakan ngadamel pupuh dina Android. Vérsi 1.0 tiasa di-download di dieu: 


Haratis sareng teu nganggo iklan.

Hayu ah cobian!
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

1 comments: