Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Nu Ngagantung dina Beuheung Si Danten



Pancén matuh balik sakola ngangon téh. Lamun elat sok sering teu kaburu dahar-dahar acan da saeusi kandang tingbérélé. Ukur disalin, garudas-garidus nimbel tuluy ngencarkeun. Ngadon papaharé di pangangonan.

Ayeuna gé teu dahar heula. Jeung babaturan mupakat rék ngaliwet. Béas sagelas kurang, kastrol, jeung bawang beureum opat sihung dihijikeun tuluy dijingjing.

Nempo kuring turun tina golodog, Si Danten teu sirikna surak mun jelema mah. Panto kandang digadilan. Dua anakna anu keur meujeuhna kumincir ajrét-ajrétan. Embé téh kabéhanana lima. Si Danten kaasup turunan deres, mun anakan teu weléh dua-dua baé. Keur anakan dara kétang ngan hiji, bubuhan kakara diajar.

Barang panto kandang dibuka, Si Danten tuluy luncat, berengbeng mangprét. Anakna anu dua nuturkeun. Anu keur kumincir meulit kana bitis matak hésé ngaléngkah.

Kastrol diulang-ulang dipaké ngagebah embé bisi méngkol ka kebon batur. Bari memener dudukuy, daun salam dina pager dirawél.

Tempat pangangonan téh di Lamé. Jukutna aralus. Deukeut ka cai ongkoh.

Kasampak Si Sadi keur ngaroroték, ngumpulkeun pangpung pisuluheun. Si Suhlan anteng ngoréhan béas miceunan sérah. Si Tatang nyiksikan céngék. Si Tarman néangan eleum, sésa karét panyadapan keur eupan seuneu.

"Manéh jeung Si Suhlan ngisikan! Urang nu mirunan. Si Tarman jeung Si Tatang nalingakeun embé!" Si Sadi ngabagi tugas.

Nepi ka pancuran, kuring ngisikan. Si Suhlan tatanggahan néangan sayang piit dina tangkal jambé nu ngajajar sisi walungan.

Liwet melenghir seungit bawang, daun salam, asin peda jeung pais endog piit siga nu ngalékéték kana peujit. Tutup kastrol ampir unggal menit dibukaan.

Geus asak breng dahar. Pagedé-gedé huap. Seuhah campur éngsrok. Liwet beresih nepi ka kerak-kerakna. Asin peda ngan henteu dikeremus wungkul cucuk jeung huluna. Limaan ngusapan beuteung. Embé aranteng nyatuan.

Kuniang Si Sadi hudang.

"Hah! Manéh ucing!" cénah bari nepak taktak Si Suhlan.
"Teu kaci! Teu hompimpah heula!"
"Siga Unyil waé maké kudu hompimpah sagala!"

Buriak nu opatan lalumpat. Der ucing-ucingan. Silihlédék.
Si Sadi kadesek.
"Ké heula," ceuk manéhna muringis.
"Tong licik siah!" Si Suhlan rénghap ranjug.
"Beneran ieu mah," ngangkat leungeun.
"Ku naon?"
"Hayang nyiduh...," Si Sadi nyikikik bari ngabalicet.

Seubeuh ucing-ucingan, ger perang-perangan. Silihbalédog ku siki karét. Teu puguh saha balad saha lawan. Anu meléng siap-siap buncunur tarang. Poho waktu. Teu engeuh keur ngangon.

"Ké ké ari embé ka marana?" Si Suhlan cudag-cideug. Kabéh reuwas. Kuring eueuleugeugan. Si Sadi nérékél kana tangkal karét terus celenggeu embé-embéan.

Limaan mencar rancingeus bari tagiwur. Sieun ingon-ingon leungit teu kapanggih.

"Horséh embé urang aya, euy!" Si Suhlan émprak. Teu lila Si Tarman surak. Pasusul-susul Si Sadi jeung Si Tatang. Kuring melengek. Piceurikeun nyedek na tikoro. Kukurilingan bari danten-dantenan.

"Tungguan embé! Urang jeung Si Tarman mantuan néangan Si Danten," ceuk Si Sadi.

Tempat pangangonan dikotéktak. Weléh teu kaciri ceuli-ceulina acan. Poé maju ka reup-reupan. Kuring sahinghingeun.

Ngabring balik téh taya nu lémék. Kuring ngagigiwing kastrol. Cacakan teu sieun nyeri mah meuni hayang nalapung.

Bapa sareng Ema ukur baeud sakeudeung. Kuring dititah mandi.

"Sugan isuk kapanggih," saur Bapa.

Kuring ceurik bari mandi. Lain sieun teu tulus dipangmeulikeun sapatu. Lain inggis dicarekan ku Bapa lamun téa mah embé nepi ka mutuhna. Tapi asa leungiteun. Sigana aya tatali batin antara kuring jeung Si Danten. Kabayang dangongna. Kacipta gagadilna lamun kuring telat datang. Asa kadéngé béréléna upama kuring nyampeurkeun di mana rék indit sakola. Cipanon ngalémbéréh teu kalis ku disibeungeutan.

Sapeupeuting hésé saré. Hayang geura beurang. Niat rék dinyaankeun néangan Si Danten téh. Mun perlu sakur kalakay rék disingkaban.

Ka subuhnakeun kakara ngerejep. Teu lila éta gé. Kaburu kagareuwahkeun ku sora tingbérélé ti pipir imah.

"Danten!" Kuring ampir labuh tikudawet kana sarung.

Kulutrak bray! Bréh Si Danten jeung opat anakna. Singtéléndén di buruan siga nu ngabagéakeun. Dina beuheungna ngagantung cowét bolong, mutu buntung, cabé beureum jeung séréh.

Bapa nyampeurkeun bari imut.

"Engké deui sing bener ngangon téh. Ulah kungsi éta cabé beureum jeung séréh téh aya nu ngaréndos," panangan Bapa ngusap embun-embunan.

***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment