Kaitung mucekil nyergap gudang senjata musuh téh. Maké meunang granat sagala. Sapuluh siki! Diasupkeun kana ransel. Digandong ku Si Sadi. Gayana siga meunang manéhna sorangan. Leumpang dangah ngagégag. Dina saku kénca saragamna ngajendol batu akik sagedé endog meri meunang manggih sisi walungan Ciasem basa tadi ngaraas. Rék paké ngalamar Imas cénah. Ké lamun nyelang balik ti garis depan. Biwirna monyong ngahéot lagu Melati dari Jayagiri.
"Silaing mah kalah baribin!" Si Tarman ngahuit.
Melati dari Jayagiri eureun diganti ku Seléndang Sutra. Kawas nu ngahajakeun.
"Dasar Sadut!"
Na ari dérédéd teh! Sora témbakan meuni asa antel kana ceuli.
"Nya ceuk déwék ogé!" Si Tarman tibuburanjat tiarap. Brek saréréa ngadepong terus ngorondang néangan panyalindungan. Awak rapet kana taneuh. Ambekan ditahan. Pélor singbelesur. Tingkorosak kana dangdaunan jeung régang.
Teuing sabaraha urang musuh nu némbak téh. Kerep pisan. Asa teu mengé. Teu bisa males. Hésé rék malik nangkuban-nangkuban acan. Piraku némbak bari ngadapang onaman.
"Di! Granat alungkeun hiji mah!" Si Tarman tibubuncelik ka Si Sadi.
"Granat meunang hésé béléké," Si Sadi murungkut.
"Na ari Manéh. Nyaah kénéh ka granat!"
Si Sadi nyengir bari muka ransel. Gep kana granat. Belewer dibalangkeun.
Jep témbakan jempé.
"Nya! Déwék téa atuh!" ceuk Si Sadi. Irungna rebéh.
Keleweng téh granat nu tadi dibalangkeun Si Sadi ngaliwat luhureun. Pantesna bakat ku gemes anu malédog. Tarik teuing. Jelegur! Rungkun saliara tunjangeun aya tujuh méter mah paburantak.
Si Sadi calangap. "Geuning ku déwék mah teu bitu nya?" cénah ngaharéwos.
"Cikan ku urang!" Si Suhlan ngajeuwang ransel. Granat diulak-ilik. Témbakan ngadérédéd deui.
"Ieuna meureun kudu dibetot," Si Suhlan narik sumbu. Jurujus granat ngaburinyay.
"Gancang pangpéngkeun!" Si Sadi hariweusweus.
Belewer granat dialungkeun.
"Naha bet ka beulah dinya? Kumpeni mah di ditu belegug!" Si Sadi nyeuneu.
"Silaing nu belet mah! Bisi teu bitu deui deuleu! Mending wé ari disalénggorkeun mah moal dipulangkeun deui!"
Jegur! Granat ninggang kana cadas. Paralak pétélanana mancawura.
"Kudu ku urang baé!" Si Suhlan nepak dada.
Témbakan eureun. Musuh kaciri tingdarepong mundur. Pantesna téh teu wani terus ngudag da nyaho pasukan kuring boga granat.
Si Sadi cengkat ngabedega. Leungeunna ngeupeul granat kénca-katuhu.
"Geuwat balik siah ka lembur! Mun henteu digranat ku déwék! Déwék geus nyaho ngabitukeunana ayeuna mah!"
"Moal ngartieun, Di!" Si Tarman nyikikik nempo nu pepeta bari tutunjuk téh.
"Paduli ah!" Si Sadi nyengir karék sadar.
Beledag! Jungkel Si Sadi ngajurahroh nyekelan dada. Sakuna bolong tapak pélor.
"Aduh! Déwék katémbak, euy!" cénah muringis.
Gancang diburu bari ngésod. Kuring nyangkéh sirahna. Si Suhlan muka wadah cai sor diasongkeun ka nu ngagolér. Si Tarman ngusapan tarangna. Sukuna dipencétan ku Si Tatang.
"Tenang, Di montong leutik haté," Si Tarman sorana ngageter.
"Enya, Di! Ulah mikir nu lain-lain!"
Si Sadi ngalempréh.
"Hampura déwék... Ulah henteu. Rumasa réa salah...," sorana haroshos.
Opatan ngeluk.
"Béjakeun ka Bapa ka Ema. Déwék bobor karahayuan merjuangkeun lemah cai. Layon déwék ulah dibawa ka lembur! Barabé...," pegat-pegat.
Opatan carinakdak.
"Talatah ka Imas. Sing kuat kituh. Lain jodo meureun. Pék rék kawin ka Si Itu Si Éta ogé. Asal ulah ka Si Suhlan...," ngahanju.
"Piraku urang hianat ka sobat atuh, Di!" Si Suhlan dareuda.
"Enya sukur atuh ari kitu mah. Déwék teger...."
"Ké ké naha teu getihan nu katémbak téh, euy?" Si Tarman nyabakan dada Si Sadi.
Si Sadi ngoréjat. Capa-cipi kana harigu. Goréhél téh batu akik. Kaciri songhék tengahna.
"Alhamdulillah! Gusti nuhun...!" Si Sadi nyiuman batu bari ngéngklak.
"Nu burung!"
"Hanas uing geus nyelek!"
"Kaduhung uing mah maké sedih!" Si Tarman nyusut juru panon ku dampal leungeun bari seuri konéng.
"Boro geus atoh!"
"Kalapa bijil ti cungap siah, Di! Karék nyaho Manéh timburu ka urang!" ceuk Si Suhlan.
"Lain timburu déwék mah. Ngan lebar wé mun Si Imas anu sakitu gamulengna kudu jadi ka Manéh!"
Si Sadi ngabalicet nyingkahan peureup Si Suhlan.
Ager-ageran sapanjang jalan muru ka markas.
0 comments:
Post a Comment