Ku Wahyu Wibisana (1983)
Aya kuya jeung monyét, cenah. Duanana kawas jelema, barisaeun ngomong. Duka teuing basa naon nu dipakéna, naha basa monyét atawa basa kuya, ngan ari nu puguh mah basa Sunda.
Ku lantaran barisaeun ngomong téa, maranéhna mindeng ngarobrol, mindeng babarengan, nepi ka sosobatan dalit pisan.
Tapi sanajan kitu, lantaran Sakadang Monyét mah boga sifat hayang meunang sorangan baé, bet karunyaeun Kuya. Keur mah eukeur apan panghawak kuya batan sakitu, leumpangna ngarayap belun, suku jeung leungeunna teu calangker, ari téténjoan ngan satapa-tapa sahibas taneuh, pantes mun dina sagala rupa éléh baé ku Sakadang Monyét téh. Cindekna mah éta Sakadang Kuya téh mindeng dililito ku Sakadang Monyét.
Dina hiji poé Sakadang Monyét ngajak ulin ka Sakadang Kuya.
"Ulin ka mana?" kuya nanya.
"Ulin ka basisir, yu," témbal monyét.
"Ah embung, sieun kadupak lambak."
"Moal atuh. Lumpat wé mun aya lambak mah."
"Ilaing, bisa lumpat. Ari déwék?"
"Apan ilaing bisa teuleum. Naha maké sieun ku cai?"
"Itu mah cai laut atuh, asin. Teu biasa!"
"Is ngeunah cai asin mah, Uya, teu kudu diuyahan, hahaha. Yu ah!"
"Embung!"
"Wah resep geura. Digandong nya?" Ngomongna téh kitu bari rigidig Sakadang Kuya dipangku tuluy ditaplokkeun kana tonggongna, digandong ti dituna mah. Becir dibawa lumpat ka sisi laut.
Sadatangna di basisir kuya téh diécagkeun.
"Ayeuna kieu," omong monyét, "kulantaran ilaing bieu digandong ngareunah, kudu sakali séwang. Uing ayeuna hayang digandong ku ilaing.”
"Naon, da tadi mah gé déwék mah teu hayang digandong."
"Tapi geus digandong, lain?"
"Enggeus."
"Tah, ayeuna uing nu acan. Jadi ayeuna bagéan uing."
Sanggeus ngomong kitu teu ngengkékeun deui, ngan keclak waé Sakadang Monyét téh tumpak kana tonggong kuya.
"Hayoh maju!"
"Moal," kuya mugen.
"Ulah ugen, Uya, bisi diuget-uget," omong monyét bari ngarieg-rieg tonggong kuya.
Éléh déét, tungtungna kuya téh leumpang, lalaunan da beurateun. Sakadang Monyét anjeucleu dina batok tonggong kuya bari ngulang-ngulang régang kawas nu keur magawé. Tuluy manéhna beluk meni ngalanglaung.
"Mideur! mideur ...!" sora Sakadang Monyét bari ngeprakan hulu kuya beulah katuhu supaya méngkol ka beulah kénca.
Cakakak Sakadang Monyét seuri, gerah pisan.
"Kia! Kia! Kia! ...!" ceuk monyét bari ngeprakan hulu kuya beulah kénca ku régang téa. Kuya nyurungkuy ka beulah katuhu.
Barakatak deui monyét téh, beuki bungah, duméh paréntahna asa diturut.
"Capé, Onyét!" bari ngalainan leumpangna.
"Is, can sakotak-kotak acan. Nu nganteuran ogé can jebul. Hayoh terus,"témbal Sakadang Monyét bari éngklak-éngklakkan.
"Di dinya ngareunah, nyeungcleu dina tonggong batur."
"Itung-itung ditincakan tonggong baé atuh. Lain nyareri awak? Enya, nyeri awak mah kudu ditincakan." walon monyét bari terus mideur-mideuran.
Ari keur kitu katénjoeun ku Sakadang Monyét ti laut nyurungkuy aya lambak gedé pisan. Sakadang Kuya mah teu enggeuheun, terus baé ngarayap.
"Derum, derum, derum!" omong Sakadang Monyét, ngeureunkeun kuya.
Sanggeus eureun, gajleng baé Sakadang Monyét mah luncat tina tonggong kuya, berebet lumpat ka darat. Jedak lambak neumbag kuya tarik pisan. Atuh Sakadang Kuya téh kabawa ka darat. Barang lambak nyedot deui ka laut, kuya kabalikkeun awakna. Balak nangkarak, tuluy roroésan teu bisa nagkuban deui.
"Tulung! tulung!" Sakadang Kuya ménta tulung ka monyét. Tapi Sakadang Monyét nu geus ngagulantung dina tangkal kalah ka ngaheuheuy. Jrut manéhna turun, heg ngadeukeutan nu keur nagkarak. Lain rék nulungan, kalah ka réréngkénékan ngurilingan kuya.
"Aker dangsé! Aker dangsé!" Sakadang Monyét bari teus ragag-rigig jeung runyah rényoh.
"Sakadang Monyét, cing tulungan ...," omong kuya ngalengis.
"Ker-aker dangsé! Ker-aker dangsé!" Sakadang Monyét teu nolih ka nu roroésan.
"Tulungan Onyét, ieu déwék geus cangkeul ..."
"Ker-aker dangsé! Sampé jengker terus dangsé, dangsé!"
Tétéla teu daékeun nulungan tah Sakadang Monyét téh, teu karunyaeun ka Sakadang Kuya nu cilaka. Cenah mah nepi ka aya lambak deui nu nembag ka dinya sarta kabeneran nangkubkeun deui awak Sakadang Kuya.
"Kacida teuing ilaing mah, Sakadang Monyét," omong Sakadang Kuya ku sora keuheul," mumul nulungan déwék. Tayohna, mun déwék nepi ka paéh ogé, diantep baé nyah?"
Ana pok téh Sakadang Monyét némbalan, "Har ari Ki Silah, apan uing nu nulungan ilaing téh."
"Wah, buktina kalah ka igel-igelan bari aker dangsé-aker dangséan," omong kuya teugeug.
"Aéh-aéh," Ceuk Sakadang Monyét, "naha teu nyaho yén uing mah lain réréngkénékan? Tapi ngagupayan. Ngan ngagupayan lambak supaya datang deui, nangkubkeun ilaingna."
"Wadul siah!"
"Tuh da salah tampa ilaing mah. Uing téh ngagupayan lambak ieuh tadi téh bari mapatkeun jangjawokan aker dangsé.
Bisi teu nyaho hartina aker dangsé téh, ieuh Ki Silah: "aker" tina taker, ari nu sok ditaker téh apan cai, ari cai nyaéta cai laut. Jadi aker téh hartina cai laut. Uing tadi ngageroan cai laut. Ari "dangsé" dang hartina hudang, sé hartina tong hésé; jadi nitah hudang tong hésé. Maksudna mah sing nyurungkuy ka dieu gancang. Jadi aker dangsé téh pihartieunana: héy cai laut, gancang nyieun lambak ka dieu, sangkan sobat kuring bisa nagkub deui. Tah kitu, kaharti?"
"Huh! Bisa waé ngarugal-rigel kecap téh ilaing mah," omong Sakadang Kuya bari terus ngabéngbéos.
"Lain ngarugal-rigel kecap, ieuh Sakadang. Éta téh jangjawokan ti karuhun urang. Bisi teu percaya, tanyakeun geura ka aki ilaing."
"Geus paéh."
"Ka nini ilaing atuh."
"Geus paéh éta ogé."
"Ka bapa silaing sugan."
"Déwék mah yatim."
"Ka indung ilaing, jig."
"Pahatu déwék mah."
"Atuh ari kitu mah sing percaya ka uing, deudeuh nu pahatu lalis, apan uing téh sobat ilaing."
Sakadang Kuya teu némbalan, noyod baé leumpang. Kawasna mah henegeun kénéh ku polah Sakadang Monyét.
Rada lila ceunah éta dua sato téh teu hadéna. Sakadang Kuya teu kaluar-luar tina leuwi pamatuhanana.
0 comments:
Post a Comment