Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Hangasa

DI sabagian wewengkon aya nu nyebut pining, wresah, wersah atawa resah (Jw.), resak (Mly.), hanggasa, hangasa, ranggasa (Sd.), jeung langkasa (Kangean). Buahna dina basa Inggris disebut Java cardamom.

Kaasup tutuwuhan sesengitan tina anggahota jajahéan.  Hangasa, daunna lalonjong, panjangna antara 30 nepi ka 90 séntiméter, lébarna 10 nepi ka 20 séntiméter. Daun bagian handap baruluan lemes, bagian luhur mah ilahar jeung nu séjénna. Jangkung tangkalna kurang leuwih kana tilu méteran.

Kembang jeung buahna kaluar tina beungeut taneuh, sela-sela tangkal deukeut beutina, warnana bodas jeung tengahna warna konéng aya kelir beureum saeutik.

Buahna ngaranggeuy. Warna kulitna héjo jeung ngabalingbing aya cucukan marintul. Eusina pinuh ku siki nu warnana semu hideung lamun geus kolot sarta kabulen ku leugeut nu herang. Leugeut nu amis semu haseum jeung seungit téa nu sok diala jeung dipikaresep ku barudak atawa kolot.

Di sabagian wewengkon humut jeung buahna nu ngora sok dikokolakeun pikeun dipasak atawa keur lalab, daunna nu kolot kalan-kalan dipaké bungkus peuyeum ketan.

Jarang aya nu melak ieu hangasa téh, lolobana hirup di leuweung atawa kebon anu iuh. Lamun ngahaja melak carana nyaéta nyopak atawa motong beutina nu geus kolot saterusna disaeur dina lombang.

Sumber: Grup  FB NYARIOS SUNDA (NGAMUMULÉ BASA SUNDA)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook